CURUK – fbs

Carita rèkaan ukur aya dina implengan.

FIKMIN # CURUK #

Teu pira, pèdah ngangkat telepon hareupeun dunungan, “halow mah, sakedap nuju rapat kènèh”

Gantawang tèh dunungan ngajorowok bari tutunjuk, “Kaluar siah, apal teu urang tèh keur ngabahas nagara?!!”

Babaturan gigireun carolohok, komo barudak OB mah teu sirikna sepa. Padahal bahasanna tèh nasib gaji OB keur taun hareup.

Uing teu gimir, nempo curuk ampir antel kana irung. Nangtung bari melong ka dunungan tapi teu ngomong nanaon. Ukur melong wè. Jadi aya dua jalma nu nangtung dina ieu gempungan. Nu lianna diuk bari teu puguh rarasaan.

Diuk siah!!” Dunungan nitah bari curuk masih nojo kana beungeut. Uing ngajengjen nantung, bari melong kosong.  Tina samenit nepi ka lima menit, posisi angger. Uing mah nangtung wè. Dunungan masih molotot bari nunjuk. Teu karasa nepi ka opat jamna. Tungtungna gempungan bubar sabab lampuna dipareuman ku satpam da geus liwat tengah peuting. Uing balik bari ngararasakeun suku cangkeul da lila nangtung. Dunungan mah cangkèpèr. (AKW).

SI SAYAH – fbs

Tah ieu jieunan Si Sayah.

FIKMIN # SAYAH #

Tah nu nyieun masjid tèh sayah” gorowok pak haji kopèah hideung. Mustami nu lian melong bari nyengir. Uing gè hare – harè wè, sanajan na jero hatè norowèco, “Asa ngiluan nyumbang sanajan teu sabaraha”

Isukna ngiluan gempungan di kantor dèsa ngabahas aplikasi keur perangkat desa. Narsumnya ngomong, “Ini saya yang buatnya, ideu sayah”

Nongton tèlèvisi loba ogè nu ngaku, ‘Hasil sayah ini teh” “Mun euweuh sayah mah moal jadi yeuh” “ku saya wè sorangan ngabiayaanna” sumawonna radio miwah medsos mah, pabalatak kecap sayah tèh.

Tungtungna mah bakatingku teu kuat loba pisan nu ngaku karya sorangan, hasil sorangan bari ngaku jieunan sayah. Kapancing ogè si sayah, buru – buru muka hapè tulas tulis kecap jeung kalimah. Teu kudu lila ngajenglèng tulisan 150 kecap nu buatan sayah. Tapi masih aya nu kudu di ropèa, benerkeun heula. Geus yakin mah tulisan jieunan sayah tèh diapungkeun bari ngagorowok, “Tah ieu buatan sayaaaah.” (AKW).

BORANGAN – fbs

Wios borangan ge ah.

BANDUNG, akwnulis.com. Alhamdulillah akhirnya bisa kembali menuangkan kata menjadi cerita meskipun sedikit terbata – bata karena berbagai alasan yang nyata tapi inilah hasilnya.

FIKMIN # BORANGAN #


Tos lami teu liar wengi jalaran rumaos yuswa beuki nambihan. Tangtos nu utami ngiatkeun niat ngempelkeun bekel pikeun jaganing di ahérat. Supados lungsur langsar dina enggoning kekempel bekel téh ayeuna mah ka masigit langkung remen sanaos teu lima waktos. Netepan lohor nu tara kalangkung mah, margi moal sieun ngadadak janten imam. Cekap ku modal Allohuakbar tur samialloh, tiasa lancar ngaimaman.


Wengi ieu kapaksa kedah nyarengan dunungan, calik dina korsi nu teu patos caang. Saurna téh, “Réncangan sakedap nya Bah, ulah kamamana, calik waé bari ngaleueut.”


Mung unggeuk nu tiasa kapihatur, padahal dada ngaguruh haté tagiwur. Ningali barudak beunceuh bobolékakan ngalangkung payuneun raray. Kirang bahan, kaluhur kahandap. “Astagfirullohal adzim” mung istigfar nu teu liren di dawamkeun.


Om ikut duduk ya bentar” ujug – ujug soanten halimpu kadangu, bréh dipayuneun aya bidadari sampulur tur rancunit. Soca olohok raga teu walakaya. Sieun nu teu aya papadana, sieun nyaah sapertos baheula nu tungtungna janten sangsara. (AKW).

GEDONG SIGRONG – fbs

Seratan pondok namung nyogok… Buuum.

GARUT, akwnulis.com. Selamat pagi dan salam optimisme. Saatnya kembali menulis meskipun hanya sebatas fiksi. Tapi jangan salah, hadirnyabtulisan fiksi sangat banyak diawali dari inspirasi kisah nyata yang terjadi. Inilah tulisannya :

FIKMIN # DI GEDONG SIGRONG #

Amengan ka bumina kanjeng dalem diajak ku rèrèncangan, meuni atoh pisan. Tiasa nincak gedong sigrong. Ngawitan di payun bumi tos katawis korsi jati kelir bodas. Lebet panto kahiji, kènca katuhu korsi jati deui tapi warna beureum ambucuy. Pikabetaheun. Sumawonna di rohangan lebet.

Kanjeng dalem meuni darèhdèh tur akuan, padahal mung diajak rèrèncangan. Tuang siang sasarengan. Sangu liwet kastrol, daging hayam, hurang ageung, cumi, guramè beuleum, sambel jahè teu hilap kurupuk rangu.

Kanggè panutup tuang disuguhan durèn nu pulen tur seungit dilajengkeun buah cempedak, kopi hideung ditutup ku rujak . Nikmat ngaemamna namung bunghak saatosna.

Ningal nu èlèkèsèkèng, Kanjeng Dalem surti, “Bilih badè gogolèran atanapi ka jamban, anggo waè kamar nu payun. Kosong da”

Hatur nuhun pangersa”

Beretek tèh duaan muru jamban. Alhamdulillah simkuring mayunan. Porosot, gèk. ‘Buuuuuuumm‘ sora di jamban handaruan. Rèrèncangan ngajengkang nangkarak bengkang. Gedong sigrong inggeung. Bau hangit durèn, cempedak, kopi sareng rujak bebek kaambeu sakuriling bungking.

***

Terima kasih kepada yang berkenan membacanya, tentunya hanya butuh satu hingga dua menit saja untuk menuntaskan 150 kata. Sebuah literasi sederhana meskipun ternyata jika dibangun dengan konsistensi bisa berdampak nyata. Selamat beraktifitas kawan, Wassalam (AKW).

TEU SARUA – fbs

Kotrètan basa sunda dina bulan ramadhan 1445 H

FIKMIN # TEU SARUA #

Teu karasa bulan puasa geus nincak poè ka tilu belas. Asa cikènèh aduregeng urusan hilal, iraha rèk mimiti puasa. Tatangga sabeulah keukeuh poè senèn, tatangga nu di tonggoh yakin pisan mimiti poè salasa. Duanana mamawa toropong toong nu ceunah canggih jeung marahal.

Uing mah rumasa teu boga kamampuh keur meuli alat noongna, tapi ngilu pusing da ngadèngèkeun èta tatangga parèa-rèa omong.  Sabab ceunah ceuk panoongan sèwang-sèwangan teu sarua. Tungtungna diajar rada badeg wè. Geus ah antepkeun, kalieur-lieur. Pan aya pamarèntah nu boga kawasa pikeun mastikeun iraha mimitina.

Pas balik tarawèh, kareungeu nu keur guntreng gigireun masigit.

“Ji, tong bèda waè atuh, geus ayeuna mah urang sarua wè nangtukeun poè lebaran”

“Teu bisa Mang, ieu geus yakin. Toropongna gè pangmahalna, moal aya nu boga deui di kampung ieu”

Uing ngahuleng, duanana keukeuh peuteukeuh. Antukna ger pasèa, bukbek tukeuran peureup.

Barudak nu rèk perang sarung areureun, olohok ningali kolotna keur tanding. (AKW)

VIP dikawal – fbs

Sungguh nikmat jadi VIP..

CILEDUG, akwnulis.com. Pagi ini sudah berada di ujung Kabupaten Cirebon. Sambil menunggu mentari hadir menyinari bumi maka sebuah tulisan singkat berbahasa sunda menjadi teman sejati dalam memaknai kehidupan yang penuh suka duka.

Masih setia dengan genre fiksimini berbahasa sunda dengan batasan maksimal 150 kata. Inilah cerita fiksi singkatnya :

Fikmin # VIP dikawal #

Calik dina jok asa lènglang, ningal kaluar meuni bèngras. Di pengker kaca, kènca katuhu sumawonna, meuni raos ningal patalimarga ogè èndahna alam nu kalangkungan ku mobil ieu.
Tangtosna syukuran pisan dipasihan rejeki nu teu pameng janten karaos nikmat salami diperjalanan.

Katambih deui, ningal ka payun langkung reugreug. Nu nyupiran dipayun tapis pisan mungkal mengkolkeun setir teu matak janten olab, disapalihna ngarèncangan bodyguard.

Bagja tinekenan, Jikan payuneun teu welèh marahmay bari soca mah ningal kaluar, asa èndah hirup tèh.

Nuhun Aa tos ngajakan amengan numpak mobil VIP. Caraang ogè dikawal bodyguard”
“Sami-sami geulis”

Mobil nyemprung nanjak pungkal pèngkol, mapay jalan ka Situ Cileunca. Kènca katuhu tutuwuhan harèjo, pepedut masih anteng nyarengan, asa jaman bobogohan.
Anjog ka sisi situ, mobil nyisi milari parkir, liren. Bodyguard nu duaan rikat ngalungsurkeun cacandakan.

Hatur nuhun parantos dijajap, engkè siang dijemput deui nya”
“Sami-sami” Waler supir angkot sareng baladna.

***

Demikian tulisan singkatku kali ini, selamat berkarya dan selamat beraktifitas, tetap semangat. Wassalam (AKW).

MENCRONG – fbs

Geuning èta, èta geuning.

FIKMIN # MENCRONG #

Reup. Listrik di kamar hotèl pareum. Uing ngagebeg. Sanajan 5 detik tuluy hurung deui. Tapi matak ngarènjag jeung ngaleungitkeun katunduh. Padahal bieu tèh geus mimiti nundutan sanajan panon masih maksakeun mencrong kana tipi.

“Ah meureun listrikna aliran, tuluy diganti ku gènsèt” kitu nu kabayang dina uteuk tèh. Ngaranna gè di hotèl.

Reup deui, 5 detik tuluy hurung deui. Tah mimiti rarasaan teu ngeunah. Sabab pas keur pareum tèh asa aya nu mencrong ti jamban. Kabeneran pantona teu ditutup, katempo tina eunteung.

Ah titingalieun èta mah” Uing leumpang muru jamban, ditingali euweuh nanaon. Panto jambanna ditutupkeun. Balik deui kana ranjang.

Anteng deui wè nongton tipi, tapi rarasaan masih teu ngeunah. Babacaan sabisa-bisa, mèh hatè teu cus cos kaditu kadieu.

Reup, pareum deui, rada lila. Aya kana 15 detik mah. Diluar jempling jiga gaang katincak. Simpè.
Teu loba carita nangkarak waè dina ranjang lalaunan, ngahèrang. Pèk tèh geuning diluhureun, ucang-ucangan. (AKW).

NUTURKEUN IMUT – fbs

Menulis genre bahasa sunda lagi yuk.

FIKMIN # NUTURKEUN IMUT #

Imut ngagelenyu mojang geulis camperenik dina angkot hèjo katingal ècès pisan. Kaleresan calikna dina jok pengker napel kana kaca mobil. Ngagas mio diatur supados posisi tetep pengkereun angkot. Nu imut beuki ngirut, matak ratug kana jajantung.

Citt!!!
Angkot ngerèm ngadadak, aya nini – nini meuntas.

Mio teu kabujeng ngerèm, nubruk bèmper beusi angkot satakerna. Jedak!!! Karaos awak ngapung, poèk wèh.

***

Pas soca lalaunan muka, geuning imut nu ngagelenyu tèh aya payuneun. Meuni atoh geuning aya Neng geulis nu imut tadi. Dina acukna aya sulaman, seratanna STIKES Harapan Rasa. Tapi awak asa pasiksak sareng pareurih. Utamina dina panangan katuhu sareng cangkèng kenca, nyanyautan pisan.

Aa sing kiat nya, sakedap deui kulawargi Aa kadieu. Kanggè masihan pernyataan ngadukung tindakan operasi”.

Curinghak, “Naha Opèrasi?”

Nèng geulis ngusapan, “Sing sabar ya Aa”
Lalaunan ningali kana sampèan. Gebeg tèh, les kapiuhan. (AKW).

NANGKARAK – fbs

Sabar ah, sabar…

FIKMIN # NANGKARAK #

Punten Aa, widi badè nyauran rèrèncangan abdi waè. Teu acan hurung geuning water hiterna” Soantenna dareuda bari tungkul. Pananganna sibuk ngusapan tarangna nu masih rentul ku kèsang.

Teg, rasa keuheul tos nyelek muru kana baham. Hoyong dibudalkeun margi kuciwa kana hasil padamelanna. Kajabi ieu tèh tos lami, tos ngagaleuh alatna sanaos teu acan digentosan. Tapi dina hatè langsung istigfar, heup ulah aya cariosan nu teu merenah.

Matak kitu ogè panginten salah sawios buktos tanggel waler kana padamelannana sanaos teu acan tiasa ngabèrèskeun masalah nu aya. Katawisna kedah sabar sadayana.

Saatos tiasa mèpèr kakeuheul mah, lalaunan ngarènghap panjang. “Muhun atuh dijadwalkeun waè.” Waleran pondok nu mungkas carita. Tukang rèparasi amitan.

Sabot ka dapur, rèncang nyarios, “Bapa punten kamari tèh nu ngalereskeun pemanas cai geubis ngajungkel tina korsi, nangkarak bengkang caket tangkal wijaya kusumah.

Samentawis olohok, boa tadi tèh masih tatu tapi maksakeun. Kabayang nu bayuhyuh ngabebengkang. (AKW).

MENIT KE46 – fbs

Akhirnya ngageleser…

FIKMIN # MENIT KA 46 #

Adzan isya nembè lekasan, katawis dunungan kaluar ti rohangan disarengan ku opat jalmi, rupina sèmah dunungan ngadon uih sasarengan. Teu seueur saur, kuring ogè nyarengan lungsur ka lantey hiji. Muru kana mobil nu tos sayagi di buruan kantor.

Tapi geuning saatos nyaketan mobil tèh henteu langsung lebet. Tapi uplek deui ngawangkong kaditu kadieu. Simkuring mah tangtos ngiringan wè gogonjakan, sanaos saleresna mah nahan kahoyong. Hoyong kahampangan mung pameng ka dunungan.

Antukna mah ditahan – tahan wè, bari babacaan dina jero hatè, “Ya Allah, Ènggal atuh dunungan tèh lebet kana mobilna”

Lima menit sapuluh menit mah kiat, tapi saatos lebet satengah jam. Palangkakan asa cangkeul, nahan papang nu teu kaampeuh deui. Raray pupuringisan tapi dalah dikumaha dunungan masih ngawangkong akey-akeyan.

Menit ka opat genep mah bobol ogè, pas aya nu ngabarakatak. Uing gè ngiringan ngagakgak, “Hahahahahaha….”

Geleser aya nu haneut kana pingping. Pas melong tamu payuneun. Geuning sami gumujeng bari jaremblong. (AKW).