NGANTÈT – fbs

Ngotrèt deui basa sunda

Fikmin # Ngantèt #

Hayu euy latihan” Gorowok Si Acun bari mawa pakarang panjang ipis hèrang. Ajat, Apud jeung Uing geuwat nepungan. Ajat jeung Uing mawa bedog hèrang, ari si Apud mah leuwih gagah, tumbak panjang.

Geus ngumpul di tengah lapang, kabèh sayaga masang formasi. Usèp jeung Unang bagian nabeuh.

Jrèng dung jrèng dung jrèng!!!”

Ciaaat…..” kabèh ngembatkeun jurus, peureup jeung tatajong nu anca. Jungkir bari mawa pakarang. Tartib sakumaha pituduh ti Engko Jujun, guru sarèrèa.

Teu karasa latihan Wushu tèh lekasan, hasilna nyugemakeun. Dua poè deui rèk minton di buruan kantor dèsa. Gabung jeung grup liong ti lembur tatangga.

Balik tiheula nya, kè ngumpul deui di buruan masjid. Ulah poho mawa oncor tèa!!” gorowok Usep.

Siap kumendaaan” dijawab saur manuk.

Peutingna ngaji heula ti magrib nepika isya. Geus kitu ngumpul di buruan masjid, karèk ngabring nguruling lembur, pawey oncor Rajaban. Si Acun megat ti imahna. Suka bungah taun ieu, imlek jeung rajaban ngantèt. (AKW).

****

EMBUNG ÈLÈH – fbs

Mantak ulah hog hag waè…

FIKMIN #EMBUNG ÈLÈH#

Wanci burit geus kaliwat lila pisan, bèak ku nu ngawangkong ngabahas sagala rupa. Tadina sugan tèh wanci sareureuh budak mah geus lekasan. Tapi geuning ngadeukeutan wanci indung peuting, nu badami beuki rongkah. Patèmbalan embung èlèh. Padahal ukur ku nyebut nuhun bari imut kanjut, moal lila babadamian tèh.

Ku sabab sarua pinter, antukna guntreng tèh kana sagalarupa. Bubat babèt urusan lian, tapi tuluy silih tagenan. Atuh parèa-rèa omong tèh beuki mahabu. Tungtungna ngabeledag, sora bedas meupeuskeun rasa. Nu keur pacèntang – cèntang ngajengkang katukang.

Nu lainnya ogè katindihan, aya nu ngacleng kaluar jandèla sabab awakna leutik tur ipis. Nu awakna kandel mah nagen, ukur ngèsèr saetik. Kabèh ngahuleng, teu nyangka geuning tanaga pasèa tèh badag kacida.

Kabèh ngaheunggeu teu puguh rasa. Tapi aya nu sarua, baham rapet teu bisa disada. Ukur leungeun nu pakupis pepeta. Bari beungeut sepa, teu aya getihan.

Dijuru dua mahluk hideung halughug sareuri bari tutunjuk, “Matak tong patugeng-tugeng. Belegug.” (AKW).

CESPLENG – fbs

Langsung damang da…

RANCAEKEK, akwnulis.id. Sibuk adalah satu kata yang mewakili rangkaian aktifitas yang menyita waktu, tenaga, pikiran hingga perasaan. Tapi tentu kembali kepada kita untuk memegang kendali bahwa 24 jam adalah waktu satu hari dan aturlah sesuai kemampuan diri.

Maka disela-sela kesibukan itu, hadirkan sisi lain dan munculkan penyeimbang rasa sehingga sebuah konsistensi menulis tetap hadir secara berkala. Mungkin bukan kualitas tulisan yang terindeks sebagai jurnal internasional, tetapi tulisan sederhana pendek saja namun miliki misi untuk melestarikan bahasa ibunda.

Inilah goresan jempol di atas keyboard virtual di smartphone kali ini. Seperti biasa jikalau ada pembaca yang tidak memahaminya, angkat tangan saja atau japri seperti biasa. Selamat pagiii….

Silahkan.. selamat membaca.

FIKMIN # CESPLENG #

Gempungan ti kantor karèk bubar wanci tumorek, balik meulah peuting nu jempling. Nyetir gagalèongan tapi dikuat-kuatkeun. Hanjakal poho teu mawa konci sèrep imah. Rèk gegedor bisi ibur tatangga, nelepon euweuh nu ngangkat. Ukur nini antèh jeung candramawat nu nempokeun.

Tungtungna maksakeun sarè dina mobil, nyarandè, reup teu inget bumi alam.

Assolaaaatu hoirum minannauuuuu!!!”

Gebeg hudang, karasa sirah beurat sabeulah. Leng puyeng “Astagfirullohal adzim, kunaon ieu?” Lalaunan hudang, muka panto mobil muru ka gerbang imah nu geus dibuka ku jikan.

Maksakeun mandi cihaneut, tuluy sholat shubuh. Ngagolèr deui ngararasakeun sirah nyut-nyutan. Nèangan ubar suwung, nya ngagolèr wè bari cirambay.

Kring… kring..!!” Sora hapè, maksakeun hudang. “Euleuh dunungan… Hallow bapak!”

Dunungan nyoroscos, ukur dua pilihan, dititah atawa dicarèkan. Porolok kèsang badag, kèsang tiis mapay beungeut ogè karasa saawak-awak. Satèngah jam ngadangukeun. Saenggeus beres ditelepon aya nu bèda, puyeng leungit jangar ngilang. Seger jeung karasa harampang, Alhamdulillah. (AKW)

AMBEK – fbs

Menulis singkat dan melestarikan bahasa ibunda, ini dia…

ALUN – ALUN BANDUNG, akwnulis.id. Siang menjelang sore di hari minggu, mari luangkan sedikit waktu untuk menulis sesuatu. Saya sih memilih menulis dalam genre fiksimini berbahasa sunda. Karena cukup 3 sampai 4 paragraf saja sudah sampai 150 kata, usahakan sudah menjadi sebuah cerita. Meskipun itu adalah cerita fiksi atau rekaan semata. Bisa juga dari pengalaman pribadi pembaca, tapi berdasarkan pengalaman pribadi atau cerita dari rekan kerja, juga mengarang bebas sesuai selera. Ditambah dengan menjadi cara melestarikan bahasa ibunda, bahasa sunda.

Selamat menulis.. eh selamat membaca. Have a nice weekend to all.

***

FIKMIN # AMBEK #

Kilangbara ngabèjaan sanajan ukur ajak jawa, ieu mah lebeng. Istuning mopohokeun tèh teu kira – kira. Padahal baheula mah teu sirikna unggak usik nanyakeun bèja. Tapi da kitu geuning ngaranna jelema.

Mimitina mah aya rasa keuheul, sabab asa disapirakeun. Insyaalloh teu aya dendam, ukur inget waè teu bisa mopohokeun.

Komo basa ningali dina medsosna mah, meuni somèah tur teu welèh daria. Ambek nyedek tanagi midek. Hayang ngamuk tapi da saha urang, meureun baheula salah milih manèhna jadi babaturan.

Kakeuheul ngumpul jadi tanaga, èmosi diri nambahan beuki tohaga. Teu antaparah deui, clak kana motor RX king si kukut tèa. Biur ka dayeuh, rèk ngalubarkan sagala rasa.

Nepi ka nu dijugjug, teu antaparah deui. Sagala ditunjuk, tina hayam, sapi, lauk, jeroan sakabèh sambel nu aya. Sumawonna sangu bodas, sangu beureum jeung tutug oncom kudu sayaga.

Alhamdulillah, rèngsè dahar beuteung seubeuh èmosi reureuh. Keun babaturan mah bisa nèangan deui, nu penting awak jagjag uteuk waras. Am deui ah. (AKW).

***

KENYOT – fbs

Tulisan curhat seorang kawan, kenyot.

CIREBON, akwnulis.id. Sebuah tulisan singkat hadir dalam bahasa sunda agak sedikit kasar atau istilahnya ungkapan loma (akrab). Tipsnya simpel, baca saja. Paling 2 – 3 menit selesai. Kalau mengerti ya sudah, kalaupun tidak tinggal japri tanyakan mana yang perlu dibahas dan tindaklanjuti.

Selamat membaca, happy weekend kawan.

***

FIKSIMINI # KENYOT #

Matapoè nontorèng nyebrotkeun panasna matak ngebul kana ubun-ubun. Hareudang mah geus puguh da waktuna beurang. Hayang iuh mah engkè peuting, sanggeus matapoè digilir ku bulan sapasi.  Mantakna teu wani lila – lila di buruan hotèl tèh, ukur bisa sakenyot dua kenyot tuluy puntung dipiceun sanajan panjang kènèh.

Rada ambek ogè sabab euweuh rohangan keur ngudud. Bisa di buruan hotèl, di juru deukeut jalan gedè. Meuni teungteuingeun.

Tapi da aturanna kitu, nya wayahna biwir haseum bari ngiluan gempungan nu ngokolakeun urusan nagara.

Keur anteng ngawangkong kadèngè aya wawaran, “Ka sadayana para hadirin anu osok nyesep atanapi ngudug tiasa di rohangan ieu, tapi tetep kedah aya di rohangan dugika rèngsè acara!!”

Horèeee….” nu hadir aratoh, panèkèr jeung jippo disarada, hurung. Sarupaning mèrk udud tinggalolèr dina mèja. Hadirin tingkarenyot, haseup rokok minuhan acara gempungan. Loba nu bengeutna sumanget, atoh amarwatasuta.

Kakara ayeuna bisa ngudud bebas di rohangan tiis AC, rohangan fbs. Kenyoot. Cag. (AKW).

MUNFARID – fbs

Manawi tèh…

FIKMIN # MUNFARID #

Rurusuhan muru imah dines camat, bisi kaburu adzan isya. Ucul – ucul sapatu, muru ka jamban, wudhu. Ngagelar sajadah tengah imah nu molongpong euweuh korsi meja. Ukur karpèt we keur nutupan ubin, lumayan teu tiis teuing. Maklum karek dicicingan da saacanna kosong.

Kusabab karasa simpe, sanajan munfarid gè maca surat alfatihah tèh ditarikkeun. Pipikiran tèh sugan wè aya anggota satpol pp atawa anggota koramil nu rèk solat jamaahan. Panto hareup muka, jadi nu ngaliwat bisa langsung ningali nu keur solat.

Rokaat kahiji simpe, tah pas rokaat kadua mah alhamdulillah rèang nu nyebat “Aamin.”

Reugreug aya nu ngamakmum. Sigana barudak satpol nu pariket. Bacaan surat bada Alfatihah mah dipanjangkeun, Wadduha lagam bayati.

Tah rèngsè attahiyat ahir dipungkas ku maca salam bari ngalieuk ka katuhu terus ka kènca, teu hilap ngusap beungeut sorangan. Pas malik ka tukang, rèk ningali saha nu ngamakmum, olohok.

Ditukangeun kosong molongpong, ukur sora angin peuting nu ngahiliwir. (AKW).

PAPANGGIH – fbs

Selamat sore, yuk ah nyerat deui

CIMAHI, akwnulis.com. Senja belum menjadi malam tapi ide menulis hadir harus segera dituangkan dalam jalinan kata yang mungkin memberi aneka makna. Tak lupa karena semangat belajar untuk ikut melestarikan bahasa sunda, maka cara belajarku adalah dengan menuliskan sebuah cerita singkat dalam format FBS (fiksimini basa sunda).

Ini dia tulisan singkatnya :

FIKMIN # PAPANGGIH #

Ulin ka basisir jayanti tapi balikna apruk-aprukan nepi ka asup wewengkon leuweung larangan. Mimitina mah ban motor ngagaur meulah jalan satapak, ban pacul anyar nganjuk ti bengkèl Mang Kosim. Tapi beuki jauh tèh lain manggih lembur, ngadon nanjak loba tangkal geledegan.

Sabot ngaliwatan tangkal kihujan, pes tèh mesin motor ngadadak pareum, erèmna ngonci saharita. Awak ngacleng ka hareup, untungna geus jagoan labuh, jadi teu lila nangtung deui.

Ngarèrèt katukang, kaciri motor ngait kana akar. Leumpang ngadeukeutan. Gebeg!, gigireun motor aya mahluk belang koneng hideung panonna moncorong.

Tapi lain Jang Osid nu borangan ieu mah, komo geus meunang parancah ti Uyut, yèn mahluk ieu mah tong dipikagimir. Tapi deukeutan lalaunan, nyambat karuhun. Teu poho leungeun ngodok kana tas. Geus deukeut teu antaparah deui, asem kawak langsung diulaskeun kana beungeut jeung huntuna. Maung cicing bari nyengir. 

Teu lila kèom tuluy calangap, ngagaur handaruan.
Huaaaaahhhrgggg!!!”
Reup poèk mongklèng. Cag.

***

Fiksimini Basa Sunda atau FBS, sebuah genre menulis fiksi atau karangan berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita lepas. (AKW).

KABESÈKAN – fbs

Tulisan singkat tentang kabesèkan…

FIKMIN # KABESÈKAN #

Jadwal nginum susu protèin ba’da magrib geus matuh dilakonan wanci sabulan. Tapi geuning jalma mah teu leupas tina panyakit poho. Rarasaan botol paranti ngocokna dibawa, pèk tèh tinggaleun. Atuh jadi culang cileung, hanjakal teu manggih botol nu lian sanajan di kotèktak.

Tungtungna aya akal, rèk ngajaran di huapkeun waè sasèndok sasèndok. Kabeneran sèndok mah aya. Bungkus susu protèin dipesèk, sèndok asup jadi sisiukna. Am kana baham, ngeunah euy asa susu coklat bubuk. Lalaunan diteureuy, “Asa seuseut” tapi dipaksakeun wè. Sèndok kadua lancar, ngan pas nu ngatilu geuning kalahka susu bubukna tèh nyangked dina elak-elakan, ateul.

Uhuk!” Sora batuk tarik, tina baham mancawura bubuk susuna, aya ogè nu ameng kana irung, atuh beuki ateul tikoro. Batuk teu bisa eureun, nèangan cai jauh, babalongkèngan bari tina liang irung kebul susu bubuk kaluar kènèh.

Untung babaturan haat nulungan, ngasongkeun cihaneut bari rada kèom. Ningali beungeut diwedak  camèrok ku susu bubuk. Cag.

MATIH – fbs

Hanya coretan kecil tentang masa lalu.

CIMAHI, akwnulis.com. Cerita kali ini didasari pengalaman masa kecil dan dibuat tadi malam tepat malam jumat, tetapi khawatir pembaca males meneruskan bacanya karena seolah cerita mistis, padahal cerita singkat biasa saja. Maka baru diposting dan diedarkan sekarang.

Genrenya tetap berbahasa sunda dan hanya 150 kata, cukup baca singkat maksimal 1 sampai 2 menit saja. Selamat membaca dan selamat berhari jumat.

Inilah ceritanya :….

FIKMIN # Matih #

Keur leumpang dina galengan tiluan, balik ngaji ti pasantren Ustad Ahmad. Poèk sabab geus ba’da isya. Aya saeutik caang tina oncor dina lengeun kènca, geus luak leok katebak angin peuting.

Sabot keur laleumpang, dihareupeun aya nu bodas nangtung. Gebeg tèh, hatè ratug tutunggulan. Dadè jeung Jaè mangprèt balik deui bari ngagorowok, “Juriiiig!!!”

Uing ngahuleng, suku ngadadak beurat, pageuh nincak galengan. Panon ngawanikeun mencrong, kaciri nu bodas tèh jiga pocong, aya talian dina luhur sirahna. Beungeutna teu kaciri. Inget kana papagah Ustad, jelema mah mahluk mulya.

Rumpu rampa deukeut suku aya batu, teu antaparah deui. Belewer dialungkeun ka nu ngabelegedeg bodas hareupeun. Bari ngagorowok, “Bismikalllohumma ahya wa  bismika amuuuut!!”

Lakadalah, batu ngeplos ngaliwatan nu bodas. Tetempoan poèk, les teu inget di bumi alam.

Jang Ibro, hudang. Naha bet sarè tibra di galengan?” Sora Wa Uca ngahudangkeun. Uing beunta culang cileung, di riung ku bapa bapa nu balik jamaahan subuh ti masjid wètan. Cag. (AKW).

CURUK – fbs

Carita rèkaan ukur aya dina implengan.

FIKMIN # CURUK #

Teu pira, pèdah ngangkat telepon hareupeun dunungan, “halow mah, sakedap nuju rapat kènèh”

Gantawang tèh dunungan ngajorowok bari tutunjuk, “Kaluar siah, apal teu urang tèh keur ngabahas nagara?!!”

Babaturan gigireun carolohok, komo barudak OB mah teu sirikna sepa. Padahal bahasanna tèh nasib gaji OB keur taun hareup.

Uing teu gimir, nempo curuk ampir antel kana irung. Nangtung bari melong ka dunungan tapi teu ngomong nanaon. Ukur melong wè. Jadi aya dua jalma nu nangtung dina ieu gempungan. Nu lianna diuk bari teu puguh rarasaan.

Diuk siah!!” Dunungan nitah bari curuk masih nojo kana beungeut. Uing ngajengjen nantung, bari melong kosong.  Tina samenit nepi ka lima menit, posisi angger. Uing mah nangtung wè. Dunungan masih molotot bari nunjuk. Teu karasa nepi ka opat jamna. Tungtungna gempungan bubar sabab lampuna dipareuman ku satpam da geus liwat tengah peuting. Uing balik bari ngararasakeun suku cangkeul da lila nangtung. Dunungan mah cangkèpèr. (AKW).