Wakca Balaka

Kedah énggal didugikeun tibatan janten hanjakal.

#FiksiminiBahasaSunda *)

Kulit antel matak ngarahuh, méga sirna, sumawonna lalangsé ilang tanpa karana, nyésakeun balébat soré dipapaés ku katumbiri, nyurup layung ngagembang rasa. Panangan montél lalaunan milari galur dina lahunan, bagja tinekanan, soca cureuleuk neuteup anteb, ramo gumeulis ngusapan taar, bangun deudeuh taya papadana, atoh amarwatasuta.

Mung hanjakal sanajan haté ngagedur hoyong ngedalkeun katresna, geuning lambeuy kakonci teu tiasa cumarita, padahal ieu waktos nu utami pikeun ngadugikeun bangbaluh haté. Awak ditangkeup pageuh, raga bungangang jiwa percéka, karaos pisan éndahna dunya, nyeuseup gumulurna cinta, asih munggaran nu taya bandingannana.

Silih usap, silih tamplokeun kaasih, mung hanjakal geuning teu aya kecap nu tiasa kedal, ukur silih teuteup silih kiceup, tandaning asih ngadalingding, ngagegeba rasa silih simbreuh katresna. Lalaunan ngiatkeun niat, mageuhkeun pamadegan pikeun ngedalkeun ieu rasa, ngabudalkeun bendungan jiwa nu teu kiat nahan caah rasa rumasa micinta ka manéhna, lambey muka, sora ngabura, “Méongg…méonggg,..méoooong”
“Si empus lucu, nembé disada ayeuna” saur néng Mila bari teras ngoconan kuring. (AKW).

*)Ngawitan diserat tur dikintun di FB FBS ping 13 Maret 2013.

OTT

Teu pandang saha jeung rupa, OTT kudu laksana.

#Fikminsunda

“Mana tersangka OTTna?” Komandan nanya. “ieu Ndan” Bripka Toto ngawaler bari nunjuk ka hareup. Nini-nini cetuk huis, keur murungkut bari rambisak.

“Saha nami?”

“Ma Uti”

Ujug-ujug jorojoy aya rasa karunya dina manah komandan. Haténa ngagerentes, “Asa teu pantes nini-nini kieu jadi tersangka.”
Lalaunan dideukeutan nini-nini nu keur murungkut téh, pas nempo aya pulisi ngadeukeutan, goak deui ceurik meuni balilihan, “Ema téh salah naon adééén, bet di kakaya kieu” Komandan ngahuleng.

“Punten komandan, pas OTT tadi sonten, ibu téh kabuktosan pisan ngalanggar UU pencucian uang.”

“Sabaraha nominal duitna?”

“Duaratus rébu Ndan!” dijawab teges.

“Leres kitu ema?” Komandan melong ka Ma Uti.

Bari carinakdak, Ma Uti ngawaler, “Sumuhun adén, ema keur nyeuseuh, dina saku calana salaki geuning aya artos 200rebu nu kaseuseuh”

Komandan beureum beungeut éra parada, teu antaparah anak buahna dicabok nepika ngajongkéng bari ngagorowok, “Ari sia belegug-belegug teuing, leupaskeun Ma Uti ayeuna pisan, anteurkeun nepika imahna, bari ménta dihampura!!!!”

***

Catetan : Ieu fikmin midang sataun kapengker ping 250217 dina lapak fésbuk simkuring. Haturnuhun. (AKW).

Samagaha Blu-mun

Mapay samagaha bari teu hilap kana purwadaksina.

Fikmin310118

Ki, hayu geura balik” Nini Iroh nyalukan salakina nu keur anteng tanggah nempoan langit.
“Sakeudeung mamih, Papih keur kakagokna yeuh, nungguan blu-mun” Saur si Aki bari panon mah teu ngarérét saeutik ogé ka jikanna.

Karasa hanjakal nyaliara, sabada dibere hape android pas ultah ka 83, Si Aki jadi anteng nyoo hapé. Incu kapopohokeun, si Nini dianggap euweuh.
Kabeuki mukaan WA, kaasup carita ‘blue moon’ dina WAgrup nu matak si Aki lain solat samagaha di masjid tapi muru ka pasir ngadon tatanggahan.

Nini teu éléh géléng, ngagedig balik. Ganti kutang nu maké busa, matak nyeungseung kana pinareup. Tuluy daster bulao kameumeut jeung jékét kulit. Gidig ka tonggoh neéang si Aki.

Nepi ka pasir, leungeunna si Aki dirawél bari tuluy diantelkeun kana dada si Nini, “Hayu uih ganteng.” Si Aki sura seuri bari nuturkeun jikan. Gerentes haté si Aki, “Ieu leuwih éduun, Blue mun-u-u” bari leungeun embung leupas ti si Nini. (Akw).

Nyaah Ka Indung

Nyaah ka indung mah utama, tapi cara jeung rupa tangtu kudu maké rumpaka.

“Huwaaaaaa…… huaaaaaa!!!” sora ema ngahudangkeun saimah-imah. Patinggurudug Enang, Enung jeung Ening ngaboro datangna sora. Kaciri indungna diuk dina risbang, nginghak balilihan. Enang rikat ngusapan tonggong, Enung meuseulan bitis jeung Ening nyusutan cipanon nu ngagarantung dina damis indungna.

“Tos ema teu kedah sedih, palaputra aya didieu ngajagian” Enang ngalelemu indungna. Ma Iroh kalah ngagoak bari nyekelan hapé nu ngajeblag poto Abah almarhum.

Enung mairan, “Insyaalloh Abah tos salamet di kalanggengan, urang kintun du’a waé ma” Enang jeung Ening unggeuk nyaluyuan.
Tapi Ma Iroh angger cirambay bari curukna tutunjuk kana layar hapé.

Teu lila Ma Iroh eureun ceurikna, tuluy nyarita bari dareuda, “Ari nyaraah ka kolot mah, buru eusian pulsa hapé ema atawa téthering, méh bisa muka yutub deui, tadi pareum pas keur kakagokna”

Teu talangké tiluanna lumpat ka enggon séwang-séwangan. Enang ngahurungkeun téthering, Enung jeung Ening meuli pulsa maké internét béngking. Ema Iroh répéh ceurikna. Tengah peuting jadi jempling deui. (Akw)

Panasaran”

Rasa panasaran mah aya mangsana, sanajan ngan satata mawa rasa hayang tamaha tanpa ngarasa.

Photo : Mobil treuk éngkel, tapi sanes nu ieu. /dokpri.

Panangan tipepereket nyepengan setir, soca dibolototkeun kalawan rénghap ngahégak. Sampéan katuhu dugi ka dadas nincak gas, erém mah hilap da hoyong énggal-énggal nyusul anjeun.

Angin ngagorowok ngémutan tong kekebutan tos teu dikuping. Pokona mah hiji tujuan kedah dugi pikeun nyacapkeun kapanasaran. Kitu ogé tatangkalan nu kalangkungan, pada mencrong bari gugupay hariwang. Ningal nu ngajejek gas tos teu nganggo étang-étangan. Siga nu gaduh nyawa salapan.

Mung hanjakal geuning kanyataan teu saluyu sareng pangharepan. Anjeun ngabelesur, sumkuring ngeyeted wé da geuning kéor. Gas dijejek sataker kebek téh sanés narikan, kalah ngadon ngayekyek bari ngebul bau hangit. Kapaksa nyisi da bilih kumaonam.

Teu pira nu dipikahoyong téh, badé nyalip teras miwarang lirén. Saatos paamprok jonghok, badé tumaros, “Aa supir treuk, naon hartosna éta seratan dina treuk anjeun?”

Anjeun tangtos moal ngawaler, paling ogé ngadon rambisak bari neunggeulan imbit treuk. Ngajeblag seratanna,
‘Tos lami teu kitu, pas kitu teu lami’, cag.(Akw).

Baju Lebaran

Fikmin lebaran


Sabot leumpang mapay gang, rék ngajugjug ka tukang baso. Kaciri aya nu keur ngarit, reg eureun. Asa wawuh baju batik nu dipakena. “Punten ngiring ngalangkung”

“Mangga cep”, nu keur ngarit rada cengkat. “Geuning ki haji Sobri, meuni ngersakeun dintenan lebaran tos ngarit”, Uing inget da tadi nu jadi pangatur laku pas acara sholat ied téh anjeuna. 

“Lebaran mah keur  manusa jang, da embé di kandang mah angger waé kudu diparaban”, Ki Haji némbalan.

Uing unggut-unggutan, can gé engap baham rék disada. Ki Haji jiga nu surti, “Tuluy bisi ujang panasaran kunaon ngarit mamaké batik nu tadi dipaké solat iéd, sabab baju mah rarangkén, kumaha urangna. Da teu hina dipaké ngarit ogé. Sanajan meureun teu ilahar, nu penting mah lain dipake laku lampah nu ngalanggar papagon agama.

“Muhun atuh dikantun ki”, uing ngaléos. 

Bari ngarampa baju lebaran nu dipake, haté ngagerentes, “Baju uing pangmahalna ngan hanjakal meunang maok ti tatangga.”