SURABI – fbs

Surabi heula atuuuh….

FIKMIN # SURABI #

Surabi geulis ngèntèp dina piring, ngantosan diraosan. Aya nu dioncoman, aya ogè ditambih sarundèng, èta geuning parudan kalapa nu digorèng garing, raos pisan. Aya ogè surabi endog hayam, ngagabung oncom sarundèng, janten munu’u sagala aya.

Mana aya surabi polosna?

Tatag diwaler, “Teu aya mang, nu polos tèh janten barang antik, rata-rata parantos gaduh kapentingan

Nu naros imut sanaos manahna jamedud, asa teu nyambung tapi leres.

Surabi dina piring kantun dongèngna, margi teu kedah ètangan jam-jaman, cekap ku 30 menit, korèdas kantun piringna. Raos kantun dilebetkeun kana baham sèwang-sèwangan tur haratis, benten pisan waktos ngagaleuhna. Ti ngawitan masker, sarung panangan, teu hilap nyandak hand sanitizer ogè sabun cair mènèl.

Ka tukang dagangna pesen heula kana whatsapss, saparantos di waler nembè nyandak. Dugi ka tempat icalan teu wantun caket, nampi bungkusan surabi nganggo sarung tangan tur mayarna ngalangkungan transfer atanapi ovo tur gopay.

Surabi kiwari tos teu polos deui.(AKW).

****

Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda yang dikenal dengan fbs (fiksimini basa sunda).

Bercerita tentang makanan asli priangan yang rasanya nikmat luar biasa, mengenyangkan dan meng-enak-kan. Hatur nuhun.

-Tayang di FB/fiksiminisunda 290320-

Romantic Dinner – fbs*)

Kahoyong bènten sareng kanyataan..

Photo : Contoh ilustrasi tempat romantic dinner / dokpri.

# Romantic Dinner #

akwnulis.com, Unèd saged jeung jikan anyarna, rèk indit ka hiji hotèl nu agrèng tapi nyingkur dina raraga hanimun. Duanana teu welèh imut tur jigrah mun panggih jeung tatangga, sabab geus sah laki rabi.

Numpak motor duaan meulah jalan ka kamojang, tuluy nutug muru ka hiji tempat nu ceunah mah bakal mèrè pangalaman romantis nu bakal kainget saumur hirup.

Sanggeus cèk in, dianteur ku pagawè hotèl ka kamar nu wangunanna vila di sisi situ. Tina vila bisa langsung paparahuan da sayogi hiji èwang.

Bada magrib dianteur makè parahu ka tengah situ, geus ngabarak sarupaning dahareun jeung inumeun, aya lilin hurung ditengahna, nu kieu ceunah romantic dinner tèh.

Hanjakal geuning nu ngilu romantic dinner tèh lobaan, reungit napuk èngang daratang, bangbara jeung bangbung ngadon pahibut angkaribung, siraru ngiluan nyerbu. Atuh lain matak romantis, tapi tihothat ngeprukan baju jeung calana da karasa tinggarayam. Aya ogè nu nyasab, asup kana calana, miheulaan jikan anyar.

***

Catatan :
*)fbs : fiksimini basa sunda adalah sebuah tulisan fiksi (tulisan karangan/bukan sebenarnya) yang dibuat sangat singkat, hanya 150 kata sudah merupakan satu cerita.

#marimenulis
#sedikittapisering

Si Ujang – fbs

Gorowokna matak reuwas sajagad…

Photo : Siaga / dokpri.

#fbs : fiksimini basa sunda

***

SI UJANG

Adaaaw.!!!!” Gorowokna sora mang Darman meulah simpèna janari. Jikanna teu sirikna luncat muru ka jamban, mitoha tibuburanjat ogè barudak tingkarorèjat. Ibur salembur èar sajagad, panasaran jeung rada palaur, “Aya naon?”

Jikan mang Darman rambisak bari ngagedoran panto jamban. Anak lalaki nu panggedèna langsung najong panto jamban, bisi bapana kumaonan…

Bray.

Panto jamban muka, kaciri mang Darman cingogo nangkeup tuur bari buligir, beungeutna pias jeung kawas nahan kanyeri. “Abah kunaon?” Jikan jeung budak babarengan nanya.

Tatangga ogè geus ngarumpul di tengah imah jeung di buruan, malah mah aya ogè nu mawa pakarang da bisi aya jelema jahat nu ngagunasika mang Darman.

Photo : Nuju ngarojay / dokpri.

Sanggeus anduk dirurubkeun kana awak, mang Darman ngaharèwos ka jikanna, “Tadi lulungu, sugan tèh lain cai panas, disiuk tuluy dibanjurkeun kana bobogaan… euh”

Bi Sarsih atoh tapi alum, salaki teu nanaon ngan pèdah ngabayangkeun ‘Si Ujangna” bakal istirahat heula sabab lèdèh jeung peurih sèsa dilèob ku sorangan. Cag. (AKW)

Check Out – fbs

Pangalaman nu munggaran..

GARUT, akwnulis.com. Lungsur ti lantai 18 muru ka lobby mung sakolépat da numpak lift nu canggih. Saatos panto lift muka, teras muru ka resepsionis, badé nyanggakeun konci kamar.

“Barang-barang di kamar parantos kosong pak?” Padamel hotél naros.

“Teu acan Kang, sakedap urang bérésan” Gura-giru muru ka kamar deui, sakumaha pituduh ti petugas hotel, ulah aya nu kakantun di kamar, kedah kosong saurna.

Uah uih 3 kali ti basement ka lantai 18 karaos pisan rada répot, padahal teu nganggo tangga darurat tapi kana lift canggih téa. Alhamdulillah teu aya barang-barang di kamar nu kakantun, diakut sapuratina, metet minuhan mobil éspas kameumeut.

Saatos réngsé sadayana, nepangan deui ka petugas hotel di resepsionis, nyanggakeun konci kamar sakantenan wawartos wiréhna kamar parantos kosong teu aya anu kakantun. Ayeuna tiasa kaluar hotél muru ka lembur nu énjing pagéto janten ibur.

3 dinten ti harita, pulisi nepangan ka bumi, naroskeun korsi, kasur, AC sareng tivi nu dicandak kamari. (AKW).

Lalandong – fbs

Haté marojéngja, kedah kumaha?

GARUT, akwnulis.com. Indung peuting maturan raga nu marojéngja, baluweng teu puguh rasa. Pakasaban teu bisa jadi alesan, urusan kulawarga ogé lain caturkeuneun. Kabéh ngaguluyur sakumaha ilaharna. “Tapi naha haté bet tagiwur teu puguh rasa?”

Ningali buku tabungan jeung sertifikat geus lumayan ngahunyud minuhan brankas, kitu deui mobil jeung motor pasesedek di garasi.

Jikan jeung budak kukurilingan mapay nagara-nagara sabudereun dunya, unggal usik laporan dina médsos séwang-séwangan. Sabulan katukang di wilayah asia, ayeuna keur anteng di dataran éropa. Tapi keukeuh ieu haté teu puguh rasa.

Tungtungna buru-buru balik ka lembur, sumujud ka indung bapa. Ménta panghampura ogé pituduh supaya haté jadi tingtrim jeung daria.

“Jang, wayahna ulah loba ngarahul, geus ayeuna mah gawé sing junun sanajan hirup ngontrak bari sagawé-gawé, sabar jeung tawakal”

“Sumuhun Ema, Nuhun” waleran dareuda, teras amit mundur muru kana motor bari teu hilap ngahurungkeun aplikasi, sugan waé aya nu order.

Ayeuna haté tenang da geuning hirup mah ukur pupulasan. (AKW).

MURAK KATRESNA – fbs

Hiji kasempetan nu teu tiasa dikantunkeun…

Sampulurna awak dibarung ku seungit nu ngadalingding. Tingborélak matak soca manteng teu tiasa ngiceup da anjeucleu dina kongkolak.

Lalaunan dicepeng, geuning anteng, janten rada wantun. Kulit panangan paantel sareng nu ngabolékak, muringkak, atoh teu aya papadana. ramo-ramo mapay, samentawis pangambung tos teu kiat ku kabita ngambeu seungit nu ngahudangkeun rasa.

Supados adil tur walatra, sateuacan langkung jero ramo mapay dugi kana mamarasna, nu cureuleuk téh ditimbang heula, margi kedah leres hampang abotna dina enggoning nguar katresna maheutkeun jangji pasini nu ngagalura dina dada.

Saatos sadayana sapagodos, teu seueur saur, waktosna pikeun meupeuskeun katugenah. Carana nyaéta teras ditinyuh ku cai suci nu ngagolak. Ngawitan sakeclak dua keclak, salajengna kempel janten ngawujud hiji gurilap.

Endahna dunya diwakilan ku anjeuna, sanaos poék tapi legit dina rasana. Teu kedah peryogi mamanis, kumargi dina pait peuheurna ieu kanyataan, saleresna aya amisna prinsip-prinsip kahirupan. Wilujeng nyuruput kopi lur, cag. (AKW).

***

CANGKEUL – fbs

Edisi menulis singkat berbahasa daerah dulu…

Fikmin # Cangkeul #

Bincurang ngeluk nangkeup harigu, bitis tungkul bari mapay jalur urat varisés. Paduduaan teu lemek teu nyarék. Pabeulit jeung pikiran séwang-sewangan, samutut bin baketut.

Geuning padeukeut lain hartina sapamadegan, tapi bisa waé tojaiyah béda kahayang bénten tujuan.

Bitis luis teu jadi jaminan bakal ngabalad jeung bincurang. Bitis gomplok ukur jadi panyumputan kutu kuar jeung babaturan.

Sanajan dina mangsana kudu leumpang, bitis jeung bincurang kapaksa layeut pakaléng-kaléng. Tapi beungeut teu bisa disumput salindung, haseum alah batan kopi ucing.

Sanajan kitu, ari mangsana rohmat Illahi geus datang ngajorag bumi, cunduk waktu nu geus tangtu teu loba carita duanana jempé, bari mimiti imut sanajan rada karijut.

Teu pira, pédah bincurang jeung bitis sarua ujug-ujug nandangan panyakit cangkeul nu teu bisa dicageurkeun saharita, jigana panyakit lével déwa, antukna daék teu daék kudu silih pencétan bari mimiti muka carita.

Babarengan maca jangjawokan du’a. Biwir samutut leungit saharita, diganti séréngéh baham mersihkeun dosa. Tungtungna dipungkas silih balédog carita, nu dilimpudan ku niat silih hampura, cag. (AKW).

Balik Deui – fbs

Aya nu balik deui…

Fikmin # Balik Deui #

Geuning teu sami sareng nu diimpleng, kahirupan senang, jalan takdir lénglang, rejeki loba ogé awak séhat euweuh nu karasa. Ari pék téh rudet pakujut, kawas sésa kenur langlayangan nu ditinggalkeun kapakan. Rujit nandangan kanyataan hirup nu ripuh, werit tur loba panyakit.

Tapi teu ilang akal, buru-buru ngajleng sakuat tanaga, asup deui kana alam implengan, muru jalan ngabulungbung, leucir, hotmix, hideung tur weweg.

“Har geuning uih deui kang?” aya soanten halimpu naroskeun.

“Sumuhun nyi, asa raos di dieu” Udan ngawaler tatag. Nyai rancunit, punggawa karajaan, méré imut pangbagéa.

Léngkahna anteb muru gapura raja, uluk salam deui sanaos tadi tos ditaros ku nu jagi, “Rahayuuu!!”

Bray……. gapura badag muka, jalan mulungmung ka tengah kota, nu caang baranang, loba wargana nu marahmay ningali Udan datang deui. Leumpang muru gedong sigrong, pang badagna di éta kota. Nu jadi jugjugan balaréa.

Udan ngarasa bagja, sanajan duka iraha tiasa mulang deui, ka dunya manusa. (AKW).

Note :

Fbs : Fiksimini sunda, genre penulisan cerita fiksi pendek, maksimal 150 kata dalam bahasa sunda.

Pamenta Budak – fbs

Kanyaah kolot tur kamajuan jaman.

Photo : Ilustrasi / dokpri.

Nongtoréng kénéh soanten Ua ajengan, “Cing atuh Jang, ari érék diajar ngaji téh sing balég, lain kalah ka jugar kawas kuda leupas ti gedogan!!!”

Uing tungkul bari unggut-unggutan rumasa, lalaunan rada cengkat saeutik nempokeun beungeut hanjakal, “Hapunten abdi Ua.”

“Heug di hampura ku Ua, sing bageur hidep téh”

Uing tungkul carinakdak.

***

Kaluar ti masigit, rurusuhan muru ka kobong. Buntelan kampuh dina luhureun palupuh dibuka, bray caang. Panon katuhu dideukeutkeun kana kamera leutik, layarna langsung caang, akses katampi.

Maké curuk ditoél-toél, aya lampu leutik nyorot kana palupuh, hiji gambar panto. Teu diengkékeun deui, gajleng kana éta panto, tulakna dibuka.

Brak!!!

“Aduuh Abah ngareureuwas, geuning aya di kamar, ti tatadi mimilarian” Si bungsu nyarios bari rénghap ranjug.

“Hapunten kasép, tadi abah nyandak ieu, nu dipundut ku salira”

“Hatur nuhun pisan Abah” Si Bungsu ajrag-ajragan bari ngeukeuweuk kitab sapinah urut. Atoh amarwatasuta, éta pisan kahayangna.

***

Fbs : Fiksimini basa sunda, sebuah genre penulisan cerita fiksi singkat, maksimal 150 kata dan sudah membangun sebuah cerita.

Musuh Gerot – fbs

Pangémut diri pikeun uih kana purwadaksina.

FBS : Fiksimini basa sunda, sebuah genre tulisan berbahasa sunda menceritakan sebuah cerita fiksi dalam tulisan maksimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita.

Silahkan…..

# MUSUH GEROT #

Jempling ngalungkawing ngabaturan indung peuting. Haté sumeblak teu puguh cabak, cus cos émutan nu matak héman.

“Kunaon kasép?”

Patarosan nu nyamuni tapi ngabalukarkeun isin ka diri. Margi éta patarosan téh tos terang waleranna, tos apal kedah kumaha ngalaksanakeunnana, malih mah sok dicobi dipilampah, mung tara lana.

“Naha?”

Kitu geuning nyata karasa, nu jadi sabab musabab sanés patarosan salira, tapi musuh gerot nu ngahalangan saban mangsa.

“Tah geuning geus apal, naha teu dilawan lur?”

Carinakdak cisoca diusap ku dampal pangbagéa, sanés teu tiasa, tapi geuning musuh panggerotna aya dina jero dada, ogé ngawasa uteuk disabudereun néocortéx jeung amigdala.

“Cobian deui…”

“Bismillah..”, gerentes niat muntang ka Allah Maha Kawasa, Hapé diilo, lalaunan sababaraha aplikasi favorit dipupus saharita. Hapé ditunda, ngoléséd ka musola, wudu tuluy muka quran nu aya.

“Halah… naha janten balélol kieu?” hurup arabna teu tiasa di aos, ngadon nyarumput dina sisi tutunjuk awi. Cimata bedah ku hanjakal, haté gimir mayunan kanyataan, rumaos tambelar. (AKW).

***

Catatan : Diposting di halaman Grup Facebook FBS, Sabtu 270719 Pukul 01.13 wib.