
Fikmin # Ngantèt #
“Hayu euy latihan” Gorowok Si Acun bari mawa pakarang panjang ipis hèrang. Ajat, Apud jeung Uing geuwat nepungan. Ajat jeung Uing mawa bedog hèrang, ari si Apud mah leuwih gagah, tumbak panjang.
Geus ngumpul di tengah lapang, kabèh sayaga masang formasi. Usèp jeung Unang bagian nabeuh.
“Jrèng dung jrèng dung jrèng!!!”
“Ciaaat…..” kabèh ngembatkeun jurus, peureup jeung tatajong nu anca. Jungkir bari mawa pakarang. Tartib sakumaha pituduh ti Engko Jujun, guru sarèrèa.
Teu karasa latihan Wushu tèh lekasan, hasilna nyugemakeun. Dua poè deui rèk minton di buruan kantor dèsa. Gabung jeung grup liong ti lembur tatangga.

“Balik tiheula nya, kè ngumpul deui di buruan masjid. Ulah poho mawa oncor tèa!!” gorowok Usep.
“Siap kumendaaan” dijawab saur manuk.
Peutingna ngaji heula ti magrib nepika isya. Geus kitu ngumpul di buruan masjid, karèk ngabring nguruling lembur, pawey oncor Rajaban. Si Acun megat ti imahna. Suka bungah taun ieu, imlek jeung rajaban ngantèt. (AKW).
****









