GAGADUHAN DI BANDARA – fbs

Carita si ema di bandara arab saudi

FIKMIN # GAGADUHAN DI ARAB #

Kèsang morolok angen ratug tutunggulan. Dipayuneun urang arab nganggo seragam mencrong bari ngajagaan. Bandara Jeddah nu kedahna nyecep tiis ku AC, teu karaos sakedik-kedik acan. Alat hideung nu jiga kohkol mèbèr ngurilingan awak. ‘Tiit…. tiit… tiit” disada deui tarik pisan dina gagaduhan. Ieu nu ka opat kalina.

Petugas bandara katingali badami, rarayna kerung tur waspada. Koper nu dicandak dibukaan. “Milari naon atuh?” Gerentes dina hatè. Aya petugas nyaketan, ku basa isarat miwarang nuturkeun ka sapalih, ruangan interogasi. Dilebet ruangan aya duaan petugas istri.

Ibu terang teu upami nyumputkeun narkoba dina gagaduhan teras tèh langsung di vonis hukum mati di arab mah”  Soanten penerjemah halimpu. Beuki geumpeur, titingalian ranyay. Tapi da teu rumasa. “Naon narkoba tèh?”

Punten badè ditingal heula, sok singsatkeun

Baragadal dibuka, penerjemah sareng petugas kèom. Ningali panitih badag genep siki aya tilu nu tai hiangan. Dianggo ngagentos risleting lancingan jeans nu tadi subuh ngadadak reksak. Cag. (AKW).

****

SENSOR – fbs

Ningal sènsor dina dashboard mobil kucap kiceup.

Sènsor panto muka / istimewa.

FIKMIN # SÈNSOR #

Nyetir wanci sareupna saatos tadi ngalongok domba di wewengkon Cipunagara. Ujug – ujug èmut paguneman tadi.

Ang saèna mah ngèndong. ènjing bada shubuh uihna,  palaur”
Diwaler tatag, “Kalem Mang, meungpeung nganggo mobil jagjag”
Mang Ibro nu maro domba ngajentul.

Mobil Ioniq 6 lalaunan nebihan buruannana.

Ayeuna mobil nyaketan ka leuweung jati lebet jalur jalan nu beuki awon tur rumpil.

Tiit.. tiit.. tiit
Sensor mobil disada, ditingal dina dashboard sadayana beureum,  boh dipayuneun mobil, kènca katuhu ogè dipengker. Tapi ditingali payuneun mah lowong ukur tangkal jati ngajajar.

Paling gè sènsor èror” kitu gerentes hatè.

Tiit… tiiit.. tiit
Sajorelat katingali dina dasboard panto kènca teu pageuh. Tapi teu lami sènsor panto normal deui.

Ningali deui ka payun, jalan angger sapertos nu tadi. Asa lami pisan dugi ka jalan ageung, biasana mah 15 menitan.

Sabot hemeng kana kaayaan, gigireun aya sora. “Sabar Sarjang keudeung deui”  Uing ngalieuk. Brèh tèh nu nyèrèngèh makè boèh. Cag. (AKW).

REUWAS BERJAMAAH fbs

Alhamdulillah, bisa menulis kembali meskipun REUWAS.

SODONG, akwnulis.id. Alhamdulillahirobbil alamin bisa menulis kembali dengan cepat berdasarkan sebuah ide yang hadir begitu sekejap. Diawali dari diskusi pagi bersama kawan – kawan satu divisi ternyata hadir sebuah pengalaman pribadi yang menjadi esensi tulisan ini. Tapi karena sudah lama juga tidak menukis dengan. Ahasa sunda, maka dituangkanlah dengan menggunakan bahasa sunda akrab (loma) yakni dengan bahasa pembicaraan sehari-hari.

Bagi yang belum dan tidak paham dengan bahasa sunda, tinggal acungkan tangan atau DM (direct message) saja di akun media sosialku ya. Bu Enung makasih atas idenya dan ijin untuk menulis menjadi sebuah cerita. Selamat menikmati.

FIKMIN # REUWAS BERJAMAAH #

Awak asa harampang tur ngeunaheun, panon bèngras culang cileung ningali jalma karumpul di jero masjid. “Aya naon nya?”
Dihareupeun aya layon dirariung, ngan teu pati jèntrè sabab kahalangan. Lalaunan ngadeukeutan hayang ècès saha nu tilar dunya tèh.

Ngahaja leumpang nguriling, teu lila anjog hareupeun layon nu dibungkus boèh sapuratina. Beungeutna acan katingali, teu apal saha – sahana.

Tapi hareupeun layon aya lanceuk jeung adi urang keur nyegruk ceurik jeung jikanna. Kabeneran leungeunna ngarongkong ka layon rèk muka lawon nu nutupan beungeut layon. Uing panasaran ngadeukeutan, bari ngaharewos, “Aa saha nu ngantunkeun?”

Tapi lanceuk tèh harè – harè. Pas lawon nu nutupan raray dibuka. Gebeg tèh, naha beungeut uing?.. leng langsung kapiuhan, ngadadak poèk mongklèng.

Pas muka panon deui, keur ngagolèr ngan asa dibakutet. Ugal ugil hayang diuk, hareupeun kaciri beungeut lanceuk jeung adi – adi nu sepa. Nu ngariung lalumpatan, reuwas berjamaah. Marbot lumpat muru mik masjid, “Assalamualaikuuuum.. Enung teu janten maoot!!!.”

***

Terima kasih sudah berkenan membaca celotehanku di pagi hari ini. Ayo tetap semangat menjalani hari – hari. Ada pantun yang bisa juga mewakili, cekidot :

Sambil lari Makan ketupat
Hati – hati keselek nanti nangis

Mari semakin semangat
Menjalani Hari Kamis.

WassalamualaikumWrWbr. (AKW).

DISEUSEULAN – fbs

Teu pupuguh bendu, janten weh…

FIKMIN # DISEUSEULAN #

BOGOR, akwnulis.id. Sora handaruan tutunjuk bari molotot. Ngaran sato disebutan, aya ajag, mèong congkok, ogè bagong jeung anak londok. Bèntar di langit ngariluan, cai hujan sèah maturan.

Kuring balem, teu dipasihan kesempetan ngawaler.. Sia, manèh, èntè, belegug paburisat deui dina payuneun raray. Kaluar tina baham jalmi nu ngangken tokoh tur ceunah ‘gaduh seueur jasa.’

Punten bapak, teu aya maksad….”
“Geus cicing teu kudu ngajelaskeun, pokokna saya ngarasa teu dihargaan!!!” Anjeunna motong bari morongos.

Kuring ngarènghap bari melongkeun, “Euleuh ku naon si bapak ieu?”

Pas anjeunna ngangkat panangan, katingal bade nyabok.

Brukk!!!

Ujug – ujug ngajengkang kapayuneun, ditubruk bagong ti pengker. Teras ngagoak tarik pisan da panangan katuhu digègèl ajag. Dipengkereun ngagerem mèong congkok, “Aya naon nyalukan kaula lur?”

Hujan ngadadak raat, langit bèngras tapi simpè.
Nu tadina barangasan, ayeuna mah leuleus. Beungeutna sepa awakna ngadègdèg. Bahamna rapet teu tiasa nyarios.

Mèong congkok ngiceupan, ajag sareng bagong tinglalèos. Kuring imut bari ningalikeun sihung. (AKW).

KÈNGING REJEKI – fbs

Kedah ècès ngadu’a tèh.

FIKMIN # KÈNGING REJEKI #

BOJONG HALEUANG, akwnulis.id. Uih hajian ngahaja nepangan salah sawios dunungan di tempat damel. Maksad nu utami tangtos silaturahmi ogè sakantenan ngajengkeun widi badè cuti. Margi asa lenglengan kènèh. Saurna mah jètlèg.

Wilujeng siang bapak, punten ngawagel waktosna”

Sok kalebet, mangga calik heula” soanten agem dunungan nu katingal nuju pakupis sareng berkas dina luhur mèja damelna. Teu lami ngantos, nembè waè tiasa ngobrol ngadugikeun pamaksadan. Mung langkung seueur dunungan nu nyarios pangalaman anjeuna hajian dua puluh lima taun kapengker.

Leres pisan Cèp, bapak kapungkur unggal payuneun Kabah ngadu’a pogot pisan hoyong dipasihan rejeki. Uih hajian dikabul. Alhamdulillah dugi danget ayeuna nyarengan.”

Masyaalloh, mustajab nya bapak”

Nyaèta du’ana harita henteu dibeunjeur bèaskeun, janten wè sanès harta banda nu katampi tèh”

Oh, jantenna kenging rejeki naon?” Kuring panasaran.

Kènging ieu” Dunungan ngawaler bari ningalikeun poto bojona. Dihandap aya namina, Rejeki. Cag. (AKW).

HAJI JAHE & HAJI JAPAR

Heureuy petugas sareng jamaah waktos wukuf di Mina

FIKMIN # HAJI JAHE JEUNG HAJI JAPAR #

Uih ti jamarot ngalaksanakeun jumroh aqobah, asa karaos cangkeul bitis tur cangkèng. Padahak da teu tebih mapah tèh, mung nitih tujuh kilometer saritna. Anjog ka tènda, paheula-heula ngalungsar, geuning sadayana ogè sama, carangkeul.

Sabut ngalempengkeun cangkèng tur sampèan, Mang Gugun ngagorowok, “Saha nu apal sebutan haji nu taun ayeuna?”

Haji wahyu, sawahna payu”
Haji nurdin, nutut ku tugas dines”

Wa Ilham sareng Mang Riza ngawalèr. Mang Gugun nèmpas, “Eta mah sebutan haji jaman baheula, coba kreatip atuh, mikir!!”

Wa Ilham ngagorowok, “Aya nu anyar mang, Haji jahè?”

Naon hartosna?”
Itu tuh Haji Entang jahe, jago hèès”

Haji Entang gumujeng bari teras peureum deui.

Tah Cep Oky mah Haji japar, alias jahat parab, sok nambih tur sagala rupi dituang heu heu heu”

Hiji deui, Haji Kohar, tuh aa Rijaldi, haji ngaroko beres dahar” Mang Gugun imut jamaah lain nyèrèngèh. Cangkeul bitis leungit kasilih ku gogonjakan. (AKW).

CSR – fbs

Ditawisan tèh, kalèkèd.

CSR (Corporate Sosial Responsibility)

KOTA, akwnulis.id. Tengah peuting di péngkolan nu rada suni kaciri hiji wanoja rancunit maké mantel bulu ngadeukeutan bapa-bapa jeung nonoman nu keur ngariung. “Punten bilih aya nu badé ngersakeun, mangga haratis”, éta wanoja bari mukakeun mantel buluna.

Astagfirullohal adzim, nanaonan ieu téh?”, Abah Sarmad ngarénjag bari melong. Jang Ibro jeung Cép Duléx ogé mencrong teu kiceup-kiceup.

Mang Bahro tungkul bari kunyam-kunyem babacaan. “Badé moal?”, wanoja rancunit naros deui kanu karempel. Hookeun.

Keur ting haruleng, katingali dua urang Satpol PP muru ka éta patempatan. Wanoja rikat nutupkeun deui mantel buluna, ngan teu tiasa lumpat da kabujeng dicerek.

Di pos keamanan wanoja téh ditalék, “Anjeun ngalanggar Perda Asusila, wayahna kudu dihukum”.

Teu rumaos ngalanggar abdi mah pa, da tadi mah sanés icalan. Diharatiskeun malih mah”, eta wanoja ngabéla diri.

Naha bisa kitu?”

Muhun abdi téh kaleresan dinten ieu icalanna mucekil, malih mah batina ageung. Tah nu nembé nawisan haratis téh dina raraga CSR”. (AKW).

VARIASI – fbs

Diskusi singkat tapi bermakna..

FIKMIN # VARIASI #

Lalaunan mapah ngabujeng ka tepas, seja nepangan  mitoha, Ama Haji. Katingal anjeuna nuju sila tutug, melong ka payun bari teu hilap ngenyot udud bako molè di bungkus daun kawung. Ni’mat katingalna.

Assalamualaikum Ama, kumaha damang?” Uluk salam kalawan ajrih, teu hilap rengkuh kanu janten sepuh. “Euleuh Sarjang, Alhamdulillah. Iraha ti dayeuh?”

Tadi ba’da lohor Ama, hapunten nembè tiasa nepangan”
Teu nanaon Sarjang, nu utama mah sarèhat sakabèhna. Naha awak bayuhyuh deui?” Ama melong kana patuangan ogè damis nu nyurungkuy deui. Rada nyereng.

Papagah Ama leumpang sapoè 5 kilo jeung push up 100x jigana tos kahihilapkeun nya?”
“Teu pisan – pisan Ama, masih dilakonan. Mung push upna rada aya variasi”

Variasi kumaha Jang?”
“Muhun, nembè 10x dina ubin, pun bojo piwarang naèk kana risbang, kangge neraskeun push upna Ama” lalaunan ngawaler bari rada isin.

Ama imut ngagelenyu bari ngenyot rokona, “Si Nyai mah nyeplès indungna.”

***

Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda yang menemani perjalanan tugas di tol Cipularang menuju agenda dinas ke Depok. Wassalam, AKW.

VARIASI – fbs

Diskusi singkat tapi bermakna..

FIKMIN # VARIASI #

Lalaunan mapah ngabujeng ka tepas, seja nepangan  mitoha, Ama Haji. Katingal anjeuna nuju sila tutug, melong ka payun bari teu hilap ngenyot udud bako molè di bungkus daun kawung. Ni’mat katingalna.

Assalamualaikum Ama, kumaha damang?” Uluk salam kalawan ajrih, teu hilap rengkuh kanu janten sepuh. “Euleuh Sarjang, Alhamdulillah. Iraha ti dayeuh?”

Tadi ba’da lohor Ama, hapunten nembè tiasa nepangan”
Teu nanaon Sarjang, nu utama mah sarèhat sakabèhna. Naha awak bayuhyuh deui?” Ama melong kana patuangan ogè damis nu nyurungkuy deui. Rada nyereng.

Papagah Ama leumpang sapoè 5 kilo jeung push up 100x jigana tos kahihilapkeun nya?”
“Teu pisan – pisan Ama, masih dilakonan. Mung push upna rada aya variasi”

Variasi kumaha Jang?”
“Muhun, nembè 10x dina ubin, pun bojo piwarang naèk kana risbang, kangge neraskeun push upna Ama” lalaunan ngawaler bari rada isin.

Ama imut ngagelenyu bari ngenyot rokona, “Si Nyai mah nyeplès indungna.”

***

Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda yang menemani perjalanan tugas di tol Cipularang menuju agenda dinas ke Depok. Wassalam, AKW.

RAMO PATARÈMA – fbs

Lalakon harita dina mangsana.

FIKMIN # RAMO PATARÈMA #

Mung sakedap ramo anjeun nyepeng pageuh, tapi geterna matak geunjleung batin. Sakilat mulangkeun ilapat, sajorèlat katresna baheula ngajadi dihin pinasti. Mung sakedap ramo patepang ramo, mapah pagèyè-gèyè. Asa bumi alam èndah lir ibarat sawarga. Sumawonna nu ngaralangkung kalebet nu naringalikeun téh, istuning dianggap teu aya. Dunya milik duaan tèa.

Kecap sono, rindat deudeuh tos teu ngalangkungan baham deui, tapi diwakilan ku ramo nu tos badami pageuh. Sanaos mung sakedap.

Ngarènghap mah antarè, tapi gedur jajantung matak tagiwur. Nahan rasa nu rumasa sanajan sèsa tapi geuning masih kuateun maksa. Basa harita kadeudeuh duaan teu manggapulia, èndah matak betah, bingah amarwatasuta.

Ramo nu lentik diusapan lalaunan, deudeuh nyai kikindeuwan. Ayeuna nyata aya sasarengan.

Sabot keur anteng, kadangu aya gorowok gigireun, “Kii, nuju naon. Naha ngusapan pager?” Sora halimpu incu ngagareuwahkeun. Gebeg!! Culang cileung, geuning sorangan di dieu tèh.

Itu Nini Ijah mah nuju mulungan runtah” Curuk bentik incu nojo ka juru taman. (AKW).