Baradé lurrrr!!!…

Baheula nu geus kasorang, kapungkur nu masih nunutur. Ulah janten bangbaluh tapi ropéa janten pangaweruh supados tetep lingsig tur lintuh.

Photo : Spion di buruan masjid / potlang.

“Harita mah pakaya jeung pangajén meuni dalit dina kahirupan amang….”, dongéng mang Usa bari pepeta, mertélakeun pangalaman keur jegud loba pakaya. Meuni pogot jeung rada somseu, tanggungan cingcau diantep heula da keur anteng bacéprot nyarita jaman harita.

Sanajan meureun dongéng hirupna dibalur ku wadul sawaréh, kanyataan sawaréh. Sanajan matak uruy bin kabita, tapi da geus kaliwat. Ayeuna ukur jadi sauted carita sapuruluk dongéng nu bakal ngahiang ukur ku angin halimpu nu ngaliwat teu loba ucap.

Mang Usa masih bacéo, pepeta bari surungah séréngéh. Nu ngadéngékeun patingkoléséd, bedo rék meuli cingcau dan nempo nu dagangna lain ngaladangan tapi ngadon norowéco teu eureun ngomong. Mang Usa beuki motah, taneuh dirawu tuluy dihuapkeun. Cingcau dikeduk bari dibalédogkeun kanu araya, atuh kabéh paburisat nyalametkeun diri. Lain pedah bisi nyeri dibalédog cangcau, tapi horéam wé lamokot héjo bari geunyal.

Mang Usa maceuh bari ngagerem, panon beureum tapi rambisak. Teu lila léwéh, nangkuban dina sisi tegalan, nginghak tuluy gagaukan. Puluhan pasang panon nyerangkeun, tapi teu wani ngadeukeutan da sieun kumaonam.

Teu lila mang Usa eureun ceurikna, cengkat bari nempo ka sakurilingna, tuluy ngagorowok, “Baradé cingcauna lurrrr!!!” Leungeunna lamokot taneuh tegalan jeung késangna. Nu nempokeun dumareuda.(Akw).

Panasaran”

Rasa panasaran mah aya mangsana, sanajan ngan satata mawa rasa hayang tamaha tanpa ngarasa.

Photo : Mobil treuk éngkel, tapi sanes nu ieu. /dokpri.

Panangan tipepereket nyepengan setir, soca dibolototkeun kalawan rénghap ngahégak. Sampéan katuhu dugi ka dadas nincak gas, erém mah hilap da hoyong énggal-énggal nyusul anjeun.

Angin ngagorowok ngémutan tong kekebutan tos teu dikuping. Pokona mah hiji tujuan kedah dugi pikeun nyacapkeun kapanasaran. Kitu ogé tatangkalan nu kalangkungan, pada mencrong bari gugupay hariwang. Ningal nu ngajejek gas tos teu nganggo étang-étangan. Siga nu gaduh nyawa salapan.

Mung hanjakal geuning kanyataan teu saluyu sareng pangharepan. Anjeun ngabelesur, sumkuring ngeyeted wé da geuning kéor. Gas dijejek sataker kebek téh sanés narikan, kalah ngadon ngayekyek bari ngebul bau hangit. Kapaksa nyisi da bilih kumaonam.

Teu pira nu dipikahoyong téh, badé nyalip teras miwarang lirén. Saatos paamprok jonghok, badé tumaros, “Aa supir treuk, naon hartosna éta seratan dina treuk anjeun?”

Anjeun tangtos moal ngawaler, paling ogé ngadon rambisak bari neunggeulan imbit treuk. Ngajeblag seratanna,
‘Tos lami teu kitu, pas kitu teu lami’, cag.(Akw).

Gagenhésbeg

Lain istilah ti Jérman ieu mah, tapi geus loba nu ngiluan, WASPADALAH.

Potona doklang (dokumén olangan).

Enggah enggéh bari ngahégak padahal sakuriling gé can tamat, lumpat pasosoré di lapang gasibu. Lumpat pacampur jeung leumpang bari teu nolih kénca katuhu. Pokona targét soré ieu bisa hatam 5 kuriling. Baju kaos jeung tréning ngahaja meuli tadi ba’da jumaahan di golodog pusda’i. Néangan nu mècing, meunang kaos beureum jeung tréning héjo.

Sabot anteng leumpang gancang dina trék bulao. Ujug-ujug trék nampuyak, suku mebes kawas nincak leutak. Tuluy sacangkéng, beuheung nepi ka laput ngaliwatan congo buuk. Leungeun roroésan teu ngaruh sabab sagala rupa nu dirawél téh haripu. Leng poék mongkléng.

Lalaunan beunta kaciri loba jelema, “Dimana ieu?” Jajang ngagerendeng. “Cicing tong gogorowokan jang, geus ngilu ngantri kadinyah” gigireun nini-nini gembrut nyorongot. Jajang murungkut, teu loba ngomong kapaksa nurut. Kaciri nu ngantri rébuan jelema, kabéh bayuhyuh. Ditelek-telek sakabéhna muru lawang cahaya nu gumebyar caang, aya tulisan ngajeblag di luhur gerbangna. Dibaca lalaunan, “Wilujeng sumping Aliran Gagenhésbeg”.

Dulokaeuw

Salah sawios panyawat nu kedah diwaspadai, terutami kanu tos jegud loba rejeki.

Photo : Masjid bumi Alloh di Lombok / dokpri

Mimiti ukur ngejeletit, tuluy nyaliara. Mapay urat muru kekemplong, karasa paregel tina indung suku nepika palangkakan. Teu loba rumahuh sabab da mun aya karasa téh cukup wé ku dibalur binahong jeung babadotan. Adug lajer tetempoan karonéng, leng… dunya karasa poék, jempling tingtrim leungit kasakit.

Jedug.. cangkéng katuhu karasa nyeri. Panon beunta. Geuning ngabadug sisi méja. Kénca katuhu ngariung loba jelema. Campuh parebut barang kawas nu kakara. Bari kukumpul pangacian, karasa nu tingjeletit leungit, pegel ngilang awak karasa seger. “Boa aing geus di surga?.. tapi pan aing lain jelema soléh. Ibadah gé belang betong” gerentes haté.

“Pih tos séhat ayeuna mah?… mamih ka tempat kudung heulanya” sora halimpu gigireun, dilieuk téh jikan jeung anak incu. Uing ngahuleng, unggeuk lalaunan.

Karasa ramo katuhu nyekel kertas leutik, tuluy diilikan. Geuning resép ti dokter subspésialis urusan panyakit jero. Dibaca diagnosis, uing téh katerap panyakit dulokaeuw (duit loba kabutuh euweuh). Ubarna ngan hiji, sedekah. (Akw).

Beuteung Kuuleun

(Fikmin) fiksimini sunda dumasar kana hal nyata tapi diropéa janten fiksi nu merenah, ceunah.

Photo : Dokumentasi pribados

Diuk nyanghareupan méja buleud di hotél agréng, asa jadi gegedén. Ngadéngékeun nu piligenti biantara bari teu ngarti naon nu diomongkeunna. Ma’lum teu gugur teu angin kudu diuk dina korsi jatah pangersa. Da uing mah ka batawi sotéh ukur nyupiran dunungan. Ari pék dina waktuna, dunungan nyingcet, uing dipelak ngaganti manéhna.
Teu loba nyarita kénca katuhu, ukur imut jeung sasalaman wè da bisi kapanggih rusiahna.

Kakara ngiluan acara kieu. Panghélokna mah acara panungtung nyaéta waktuna dahar. Meuni ripuh pisan, da dina méja pabalatak séndok, garpuh jeung péso aya sababaraha pasang. Asa mubajir, padahal mah maké leungeun wé. Dahar téh aya 3 sési, bubuka (appetizer), utama (main course) jeung panutup (desert). Nu nganteuran dahareun ngabring unggal sési. Dahareun nu teu warawuh, létah bingung beuteung ngaheneng. Tapi da lebar, dihabek wé sakabéhna. 

Alhamdulillah béak korédas, ngan hanjakal 1 jam ti harita, ongkék jeung muncrut di wésé hotél. Kaluar kabéh teu nyésa saeutik ogé. (Akw)

Haré haré

Dongéng kamari waktos aya nu cuék ka simkuring

Kuring ngedeukeutan bari rengkuh tur pengkuh, tapi geuning salira haré-haré. Dipuntenan teu ngawaler, ditaros ngadon ngaléos. Ah teu éléh géléng dituturkeun wé kamana salira ngoloyongna.  
Kuring ngahaja ngarapetkeun awak ka salira, susuganan karaos haneutna guligah rasa, mung hanjakal salira teu rumasa aya sasaha, ngadon anteng ngagupayan dunya nu anggang jauh ti jiga.

“Punten geulis, ieu akang,” sora rada tarik meueusan, angger ngajubleg.

“Puuunteeen!!,” rada ditarikan, éh tetep ngabigeu.

Kuring gagaro teu ateul, sanajan rada keuheul tapi henteu dugika nyel ambek mah ngan jorojoy rasa karunya bilih bisi kasibat panyawat torék.

Teu pugag pangharepan, tuluy wé dituturkeun samalah ditangkeup ti tukang bari dikélekéték. Ih salira ngan seuri maur, éta gé ka batur nu kawénéhan ngalangkung.

Tungtungna mah béak déngkak, kuring ngécagkeun tangkeupan bari ngaikhlaskeun salira nu tuluy ngagedig mulang ka sarakan. Sanggeus salira dilegleg balébat, kakara inget élmu halimunan can ditutup ku jampé pamaké.