Mobil Dines – fbs*)

Kahoyong pagujud sareng kanyataan, tapi…

*)Fikmin = fiksimini basa sunda.

TASIKMALAYA, akwnulis.com. Karék gé cengkat di Mushola, kareungeu aya nu nyalukan, “Amang, geura kempel di aula, aya gempungan dadakan”

Teu burung unggeuk bari ngahuleng, “Aya naon yeuh, boa-boa aya urug atawa banjir deui.” Rurusuhan disapatu tuluy muru ka aula.

Dikawitan ku ngadugikeun progrés targét padamelan, teras kana kalimah panutup, “…. bapa ibu miwah sadérék sadaya, intina mah kitu nya. Ieu mah kawijakan Simkuring nu ayeuna nyepeng amanah janten pupuhu di dieu. Pék kendaraan dines rék dipaké mun keur poé peré. Nu penting mah laporan ka nu pikét!” Biantara pamungkas bapa KCD énggal dikeprokan ku sadayana, atoh pisan.

Mang Darma tungkul ngaheruk bari carinakdak. Rasa pagaliwota dina manah. “Nuhun Ya Allah, du’a Uing dikobul saharita”

Ayeuna mah kawijakan dunungan énggal, dipasihan kesempatan tiasa nganggè mobil dines séwang-sewangan upami dintenan peré.

Mung nu matak bingung, mobil dines Mang Darma téh merkna Komatsu Backhoe, jaba banna keur kempés. Mang Darma ngajeten ngaraga meneng. (AKW).

Tumut Ka Sepuh – fbs*)

Sepuh téh pusaka, nu kedah dijagi dipusti-pusti.

*)Fikmin : fiksimini basa sunda

CIPAGANTI, akwnulis.com. “Cing atuh dikurangan barang dahar téh, Seblu!!” Kareungeu deui soanten halimpu indung téré, basa Uing tadi isuk keur ngajémprak nanggeuy boboko. Ngalimed ngimeutan sésa sangu beureum dina boboko, dibaturan sambel dadak jeung kurupuk malarat.

Uing ukur tungkul teu wasa némpas, sanajan manéhna lain indung pituin, tapi sakumaha papagah Abah basa anyar ngadahup, “Wayahna Sarjang, Ema Éha kudu dipihormat jiga ka indung sorangan!”

Uing unggeuk bari carinakdak, émut ka Ema nu geus béda alam, “Allahummagfirlaha warhamha waafihi wa’fuanha….”

***

“Ari Sia diomongan téh kalah ngajubleg, anggursi bantuan abah manéh ngawuluku!!” Soanten handaruan ngageuing deui rasa sanubari.

“Mangga Mih!” Waleran tatag rada ngageter, nahan kaambek bilih matak janten dosa.

Buru-buru bébérés parabot ogé rantang sapuratina keur nganteuran Abah disawah.

Teu hilap uih ti sawah mésér racun beurit sareng éndrin, sugan langkung jempling di bumi. (AKW).

Hayu atuh – fbs

Lain ku kabisa tapi rasa percaya.

CIMAHI, akwnulis.com. Haneut dampal leungeun anjeun, matak kukurayeun. Ngageleser mapay urat pangharepan, ngalempengkeun pikir nu pasoléngkrah alatan nyanghareupan kanyataan nu teu sarua jeung kahayang.

Nyasar ti luhur tungtung buuk nepi kana tukangeun mumuncangan. Teu poho sapuluh ramo dipencét rada tararik, ceunah mah keur ngabenerkeun saluran nu mangpet kalimpudan gegedoh dosa. Laju dituluykeun, lantis euweuh nu kaliwat.

Sakabéh urat nu pajurawet jadi lempeng jiga tangtara baris, rapih bari répéh. Otak nu juwet ngadadak cékas, amigdala jeung néocortéx jadi balad, hirup sauyunan saidek sapihanéan.

Kitu deui leungeun jeung suku, teu pahili jeung hulu. Sanajan ari rejeki mah geus tangtu, teu bisa dihayang-hayang teu burung diembung-embung.

“Kumaha karaosna pih?”
“Alhamdulillah Mah, longsong jeung béngras deui”

Beungeutna diteuteup, anjeun tungkul bari ngiceupan, “Hayu atuh pih”
Peuting nu tingtrim ukur ngawagu. Kabita.(AKW).

Paburisat – fbs

Gempungan bubar sabab aya kajadian.

BALI, akwnulis.com. Réngsé ngiluan upacara, dituluykeun gempungan jeung balad sakantor. Dunungan teu loba nyarita ngalér ngidul, tapi langsung kana inti pasualan. Nu haladir unggeuk-unggeukan bari kutrat kotrét dina buku catetan séwang-séwangan.

“Tah kitu bapak miwah ibu, intina tina gempungan ieu, urang kedah kompak ogé silih tulungan tur silih ajénan pikeun kamajuan organisasi urang!”

“Muhuuun gan!” Waleran saur manuk minuhan rohangan. Raray dunungan marahmay.

Sakumaha ilaharna, lalawuh gempungan sayogi dina méja. Bala-bala, géhu, jeung comro haneut favoritna, ogé céngek domba. Teu poho aqua gelas méh teu kabeureuyan.

“Astagfirulohaladzim!!” Mang Ajaw ngagorowok, ningali Haji Opan biwirna ngabudah. Kabéh paburisat, reuwas. “Buru tulungan!!” Haji Opan kapiuhan, gempungan bubar.

Haji Opan dipayang ka Klinik, kudu gancang diubaran.

Alhamdulillah cageur saharita, da geuning teu nanaon. Ukur salah ngaheumheum Enervon C. Batur mah diasupkeun kana cai, tuluy diinum. Ari Haji Opan mah dihuapkeun, atuh ngaburukbuk dina baham. Aya-aya waé. Cag. (AKW).

Leleson – fbs

Hoyong mah geura leleson, ari pék téh…..

Akwnulis.com. Jakarta. Jalan Kemang Raya Jakarta haneuteun kénéh dina wanci ngadeukeutan indung peuting, tapi awak geus rangsak pasiksak kudu gancang digolèrkeun bisi jadi matak. Teu loba carita, kopi disuruput, mayar tuluy ngingkig balik ka hotél.

Asup kana lift, awak geus tingsariak, “Ulah harééng, cageur cageur cageur” Uing ngomong sorangan, sugan jadi du’a.

Kaluar tina lift, méngkol ka kénca tuluy leumpang ngaliwatan koridor, simpé jeung rada paroék. Ah lahaola wé, “Aing manusa mahluk mulya.”

Anjog ka hareupeun kamar 321, pas kartu éléktronik rék diantelkeun kana gagang panto, “Ih geuning méléngé, canggih yeuh, can antel geus muka”
Panto dibuka, Uing asup da teu kuat hayang geura leleson.

Ari bus ka kamar, “Awwww…….” dua wanoja nu keur papuket ngajorowok tarik, rikat ngarurub awakna maké kampuh. Uing ngaheneng, olohok mata simeuteun. Kaciri dina méja gigireun, kartu panto kamar, nomérna 323. (AKW).

SONO – fbs

Waktos nu tos tangtos, mangsa nu rumasa. Guligah rasa keur ngudag bagja.

Akwnulis.com | Pasteur. “Buru geura mandi Jang!!!”
Sora Ema ngagentraan, ningali Uing nu ngagojod kénéh, nangkeup guguling bari diharudum kampuh. “Sakedap Ma, rada rieut mastaka téh”

“Har, geuning teu ngeunah awak, cikan!” Tarang dicabak maké tonggong leungeun.

“Ah teu haneut teu sing, hudaaang!!!!”
Kampuh didudut, guguling ngacleng. Uing nyengir kuda, kusabab lain lawaneun, nya ngoréjat muru ka jamban.

Gejebur!!!
Segerr pisan.

“Jang ieu andukna” sora Ema hareupeun panto jamban.

Panto dipéléngékeun, “Hatur nuhun Ma”

Mandi bari hahariringan, teu poho dianggir jeung ngaruru. Duh nikmat pisan.

“Jang, bisi rék nyarap, bubuy sampeu jeung gula beureum geus sayagi yeuh”

“Muhun Ma!!!”

***

“Kang, tos réngsé ibakna?”
“Atos say, sakedap”
“Ieu tuang putra éé”
Soanten halimpu Ibu Negara éh pun bojo ngabubarkeun lamunan mencarkeun sawangan.

Bari ngaléngkah kaluar ti jamban, teu hilap ngadu’a, “Mugi Ema sareng Apa salawasna saréhat tur bagja di lembur singkur, Amiin.” (AKW).

Cangkang Durén – fbs

Urang pedar salah sawios khasiatna cangkang durén.

Photo : milih durén di Ucok Durian, Médan / dokpri.

Wa Ubed jeung Cép Émpud keur aya di tanah sabrang, Kota Médan. Nonohan pangulem panitia dina raraga ngabadamikeun usulan keur ngokolakeun konsep pangwangunan patalimarga di Éndonésia.

Gempungan can réngsé, Wa Ubéd jeung Cép Émpud geus ngabelecet. Ninggalkeun gempungan, megat béca muru ka toko ‘Ucok Durian’, teu kiat hoyong geura murak durén.

Anjog ka tékapé, teu loba carita, “Buka lima siki bang!!!”
“Okéh boss!!!”
“Gancangan!!!”

Pagawé Ucok Durian giak mukaan durén. Tuluy dibawa, ngabarak dina méja, meleding ngadalingding.

Gep!
Celebek!

“Ngeunah pisan lur”
“Sumuhun Wa”

“Wa, kulitna ogé mangpaat kanggé ngabersihan waos” Cep Émpud ngawartosan.
“Hadé pisan tah, kin urang ajaran” walon Wa Ubéd, manéhna nyengir bari nempokeun huntuna nu hideung jeung karonéng.

Isukna Wa Ubéd hariweusweus, “Koplokkk siah Émpud, boro aing nurut ka Maneh. Lain huntu jadi beresih ieu mah, tapi ompong kagosrok cangkang durén, koploook!!”

Cép Émpud jempé bari nempo baham Wa Ubéd nu geus beresih pisan tina huntu. (AKW).

Marina Bay – fbs

Jungkiring asih ngabedega mayunan jaman, tandaning rasa nu teu kacumponan.

#FikminSunda

Parahu tohaga geus ngajugala. Eunteup dina biwir langit bari ngabadé jaman. Kasakténna geus kakoncara, metot kahayang jelema pikeun datang ka manehna. Teu burung Haji Tukir gé kabongroy hoyong kabandang rasa, hayang ngajaran numpak parahu nu disépak ku Sangkuriang basa Dayang Sumbi nolak sapagodosan kahoyong ingkang putra.

“Har geuning sanes nu janten Gunung Tangkuban Parahu?…”

Hiji patarosan nu matak ajrih, tapi geuning sanes mung sakali Sangkuriang nyuhunkeun Dayang Sumbi janten garwa nu matak pamali.

Ieu nu ka opat welas kalina. Ditolak sapagodosan. Antukna sagala jajatén diketrukeun supados parahu sareng Dayang Sumbi tiasa ngilang tina paningal meuntas nagri meuntas samudera dugika muragna di léngkob pulo Tumasik.

Ayeuna aurat Dayang Sumbi beuki nyari, matak pogot nu nempo, janten hilap kana taubat. Ngajungkiring dilabur cahya baranang. Dijagi unggal wengi ku singa nu teu lirén ngabura rasa. Mepende jaman bari taki-taki bisi ujug-ujug Sangkuriang datang ngajorag deui. (AKW).

Saksi Ahli – fbs

Masihan kamandang kaélmuan tapi pagedug sareng rasa karunya.

#Fikmin

Teu seueur nu tiasa kacatur, tapi geuning henteu kitu saur réngréngan penyidik mah. Cariosan ieu janten buktos pikeun nibankeun hukuman.

“Kumaha pamendak Saksi Ahli?”
AKBP Suton tumaros. “Leres pa, aya mekanisme lélang nu kirang saluyu sareng régulasi.”

Réngsé masihan informasi sakumaha élmu nu diagem. Pamitan ka penyidik, aranjeuna ngahormat matak isin da Kuring mah sanés sasaha.

Pas kaluar éta rohangan, aya bapa bapa tengah tuwuh paungku-ungku sareng bojo ogé murangkalih rumaja. Narangis, “Gusti tulungan carogé abdi. Nampi artos sayuta, ayeuna bakal dilebetkeun ka pangbérokan. Tulungan abdi…”

Deg, aya nu nyeles kana haté. “Boa nu tadi, mangkaning informasi ka penyidik téh ngabeuratkeun” Aya guligah ngabadug manah.

Ti harita, teu puguh rasa. Asa dosa tapi teu gaduh kawasa. Raray ibu-ibu sareng murangkalih cumalimba pageuh dina kongkolak soca.

“Duh Gusti hapunten” gerentes rasa basa ningal warta dinten éngjingna, si bapa di vonis 2 taun lamina.(AKW).

Adu Jajatén – fbs

Ari tos waktosna mah teu aya nu teu mungkin, Qun Fayakun!!.

Ngarindat hanjat nyingkahan solokan saat. Muru tegalan nu masih diriung ku jukut riut, hayang murungkut. Padahal langit nu éndah geus sadrah narima nu pasrah sumerah, nampi papastén kusabab éléh jajatén.

Mimiti mah ngabedega teu gimir ningali sasaha. Awak perténtang biwir capétang. Cadu mundur euweuh kasieun. Beurang ngahérang, peuting begadang.

Kabéh gimir teu sirikna malinggir, mun Uing geus ngajegir. Komo pas hohoak, guyub nyingkir bari saroak.

Tapi tisaprak ningali Salira, ilang tanaga taya pangawasa. Salira nunggeulis, tapi matak gimir tur inggis.

Salira teu seueur carita, ngajanteng bari ngagateng. Tapi aura kanyaah matak teu bisa ojah. Seungitna rasa nyambuang maratan jagad kahirupan. Ngalunturkeun kawani jeung bérégégéh jadi nyamuni tuluy uah aéh.

Ngan hanjakal pisan. Geuning Salira teu bisa dipikanyaah. Ukur bisa ditempo bari cumalimba. Sabab Salira téh wujud kalangkang nu dikalimbeng pager kakawasaan Si Raja Beurang.