Tos badè sabelas sasih sasarengan sareng anjeuna, tepang munggaran di masjid Arrahman wanci bada shalat magrib. Ngawitanna mah biasa wè nepangkeun margi ngalih padumukan ka ieu wewengkon. Jalmina bageur tur akuan, janten teu asa ka nu sanelès, ènggal akrabna.
Jadwal netepan lima waktu aya waè, shubuh magrib isya tara kalangkung. Upami asyar sareng lohor mah da sami – sami kuli di luar wewengkon. Iwal dinten libur, sok aya siang ka sonten di masjid. Pangaosan bapak – bapak aya pangpayunna, dina tadarusan, ngaosna saè.
Mung unggal dipiwarang janten imam, alimeun. Boh shubuh atanapi lohor asyar. Mugen wè. Kalebet daptar imam harian ogè alim. “Keun abdi mah ngama’mum waè” kitu waleranna tèh. Ti ngawitan tepang teu apal nami aslina. Tatanggi ogè sumawonna.
Alhamdulillah kapanasaran tèh kacumponan, dina mangsana Si Abang nyungkeun bantosan ngalereskeun perpanjangan KTPna sareng Kartu Keluarga. Apal ayeuna mah namina, tur alesan alim janten imam shalat tèa. (AKW).
“Bapak punten widi badè ka Solo heula ngalongok pun anak, kaleresan tugas jagi posko di Semarang nuju off” “Sok atuh, kadè uihna ulah telat” “Hatur nuhun”
Biur nyetiran ambulan di baturan si Jae. “Sugan wè aya tol goib nya, jadi bisa sakilat nepi ka Solo tèh”
“Tong saomong-omongna Mang, Pamali” Jae mairan.
Uing tonggoy nyupiran nempo jalan. MImiti asup kana gerbang tol tapi asa cakueum. Asa jempling. Gas ditincak, mobil ngagaur tapi teu narikan. Diangkat gas tèh, angger mobil ngoloyong.
“Jaè asa keueung nya” Uing ngomong bari ngalieuk ka manèhna. Gebeg tèh, beungeutna pias mencrong kosong, teu ngceup. Bulu bitis nepika bulu kumuut muriding “Naha bet kieu”
Inget kana ajaran Mama AjenganTonjong, lafalkeun ayat kursi, “Allohulailaha illa huwal hayyul qoyumm….”
Burinyay,. Bray jalan caang hareupeun. Tapi lain jalan tol nu ka Solo. Tapi keur ngajengjen parkir di buruan Lawang Sewu Semarang. Cag.
Alhamdulillah, bisa menulis kembali meskipun REUWAS.
Reuwas Berjamaah / AKW.
SODONG, akwnulis.id. Alhamdulillahirobbil alamin bisa menulis kembali dengan cepat berdasarkan sebuah ide yang hadir begitu sekejap. Diawali dari diskusi pagi bersama kawan – kawan satu divisi ternyata hadir sebuah pengalaman pribadi yang menjadi esensi tulisan ini. Tapi karena sudah lama juga tidak menukis dengan. Ahasa sunda, maka dituangkanlah dengan menggunakan bahasa sunda akrab (loma) yakni dengan bahasa pembicaraan sehari-hari.
Bagi yang belum dan tidak paham dengan bahasa sunda, tinggal acungkan tangan atau DM (direct message) saja di akun media sosialku ya. Bu Enung makasih atas idenya dan ijin untuk menulis menjadi sebuah cerita. Selamat menikmati.
FIKMIN # REUWAS BERJAMAAH #
Awak asa harampang tur ngeunaheun, panon bèngras culang cileung ningali jalma karumpul di jero masjid. “Aya naon nya?” Dihareupeun aya layon dirariung, ngan teu pati jèntrè sabab kahalangan. Lalaunan ngadeukeutan hayang ècès saha nu tilar dunya tèh.
Ngahaja leumpang nguriling, teu lila anjog hareupeun layon nu dibungkus boèh sapuratina. Beungeutna acan katingali, teu apal saha – sahana.
Tapi hareupeun layon aya lanceuk jeung adi urang keur nyegruk ceurik jeung jikanna. Kabeneran leungeunna ngarongkong ka layon rèk muka lawon nu nutupan beungeut layon. Uing panasaran ngadeukeutan, bari ngaharewos, “Aa saha nu ngantunkeun?”
Tapi lanceuk tèh harè – harè. Pas lawon nu nutupan raray dibuka. Gebeg tèh, naha beungeut uing?.. leng langsung kapiuhan, ngadadak poèk mongklèng.
Pas muka panon deui, keur ngagolèr ngan asa dibakutet. Ugal ugil hayang diuk, hareupeun kaciri beungeut lanceuk jeung adi – adi nu sepa. Nu ngariung lalumpatan, reuwas berjamaah. Marbot lumpat muru mik masjid, “Assalamualaikuuuum.. Enung teu janten maoot!!!.”
***
Terima kasih sudah berkenan membaca celotehanku di pagi hari ini. Ayo tetap semangat menjalani hari – hari. Ada pantun yang bisa juga mewakili, cekidot :
Heureuy petugas sareng jamaah waktos wukuf di Mina
FIKMIN # HAJI JAHE JEUNG HAJI JAPAR #
Uih ti jamarot ngalaksanakeun jumroh aqobah, asa karaos cangkeul bitis tur cangkèng. Padahak da teu tebih mapah tèh, mung nitih tujuh kilometer saritna. Anjog ka tènda, paheula-heula ngalungsar, geuning sadayana ogè sama, carangkeul.
Sabut ngalempengkeun cangkèng tur sampèan, Mang Gugun ngagorowok, “Saha nu apal sebutan haji nu taun ayeuna?”
“Haji wahyu, sawahna payu” “Haji nurdin, nutut ku tugas dines”
Wa Ilham sareng Mang Riza ngawalèr. Mang Gugun nèmpas, “Eta mah sebutan haji jaman baheula, coba kreatip atuh, mikir!!”
Wa Ilham ngagorowok, “Aya nu anyar mang, Haji jahè?”
“Naon hartosna?” “Itu tuh Haji Entang jahe, jago hèès”
Haji Entang gumujeng bari teras peureum deui.
“Tah Cep Oky mah Haji japar, alias jahat parab, sok nambih tur sagala rupi dituang heu heu heu”
“Hiji deui, Haji Kohar, tuh aa Rijaldi, haji ngaroko beres dahar” Mang Gugun imut jamaah lain nyèrèngèh. Cangkeul bitis leungit kasilih ku gogonjakan. (AKW).
CIKOLE, akwnulis.id. Nembè gè lebet, Ojat kaluar deui ti jamban bari ambek-ambekan, “Saha nu kiih teu dibanjur, geuleuh bau hangseur”
Ama Kiai Sholeh kaleresan nuju aya caket jamban, atuh kareungeu pisan. Anjeuna imut bari sasauran, “Teu kedah keuheul Jang, banjur wè, pahala”
“Muhun Ama” Ojat lebet deui ka jamban, teu seueur sasauran. Jempling.
Ama Kiai katingal kukurilingan dicaket jamban bari ngaroris pelak cèngèk, waluh sareng bonténg teu hilap nitènan balong mujaèr kagungan pasantren. Tangtos bari dzikir takbir tahmid.
Teu lami Ama Kiai muru ka jamban deui pas ningali Ojat nu tos rèngsè miceun taeun.
Pasosonten ngahaja mapah di taman pengker, maksadna ngabèragkeun hatè nu tagiwur. Biasana layung sok imut masihan kakiatan sanaos ukur katingal ti katebihan. Mung hanjakal, anjog ka taman geuning suwung. Layung pundung disimbut ku pepedut nu kempel ngariung.
Atuh tagiwur tèh nambihan, asa sorangan teu aya balad pakumaha. Tapi lèngkah mah tetep dilempengkeun, mamanawian mendak bagja nu matak ngareugreugkeun.
Lalaunan mapay jalan lempeng, karaos simpè. Geuning teu aya nu haat ngarèncangan, nu aya ngadon narebihan bari norowèco. Kadangu dua kecap nu matri kana diri, pupujieun sareng uyuhan.
Tapi sanaos layung masih pundung, lèngkah mah kedah teteg. Saha nu terang aya lolongkrang tur bongbolongan.
Di juru taman, rasa marojèngja ogè manah nu titatadi teu pararuguh akhirna tiasa gaduh angkeuhan. Tagiwur ngirangan, layung ogè mimiti katingal. Margi geuning landongna mah teu sesah. Cai wudu ditambih sujud dina tajug di juru taman. Cag. (AKW).
BOJONGHALEUANG, akwnulis.com. Dari fase ngabeubeurang (beurang = siang) menuju fase ngabuburit (burit = sore) pada hari libur memang harus pintar memanage waktu, apalagi di bulan ramadhan ini. Bawaanya yang aman adalah tidur seperti lagu,
Kalau pendekatan religi maka bertadarus atau melanjutkan hafalan surat – surat pendek dalam. Alquran. Tapi jikalau memilih jalan tengah, maka menulislah. Ini dia…..
***
FIKMIN # KONGKUR #
Keuheul ningali nu kongkur ampir unggal poè. Nu jadi lantaran mah lain teu panuju ka tukang nguseup tèh. Ari judulna ngabuburit nungguan adzan magrib, ngan nyekel jeujeurna bari udud. Ngelepus bari gogonjakan, padahal kobong tèh gigireun. Aranteng wè diparelongkeun ku santri.
Babaturan tingkuciwes, tapi pas wawartos ka Ama haji tèh mung diwaler, “Cing salabar, keun janten pertangelwaleran aranjeuna ka Gusti Alloh”
Uing ogè keuheul tapi inget papagah Ama Haji, ditahan wè. Dinten ka 16 romadhon mah ngududna ditambih nyandak bekel sangu bungkus, ngadon botram.
Lodong badag congona lempeng ka balong, karbit sakilo jeung minyak tanah tos ngagolak dijerona.
“Punten Ama, Uing teu tumut kedah sabar tèh”
Lodong diseungeut, DHUAAAAAR….. bumi inggeung, nu kongkur becir, aya ogè nu ngajengkang kapiuhan. Joran paburantak. Lauk ngarajleng rareuwaseun. Balong bedah saat saharita.
Alhamdulillah ti harita teu aya deui kongkur jeung botram di bulan ramadhan. Cag.
***
Demikian celoteh singkat suasana ramadhan masa kecilku di kampung halaman. Selamat melanjutkan fase ngabuburit menjadi fase berbuka puasa. Wassalam(AKW).
Teu karasa bulan puasa geus nincak poè ka tilu belas. Asa cikènèh aduregeng urusan hilal, iraha rèk mimiti puasa. Tatangga sabeulah keukeuh poè senèn, tatangga nu di tonggoh yakin pisan mimiti poè salasa. Duanana mamawa toropong toong nu ceunah canggih jeung marahal.
Uing mah rumasa teu boga kamampuh keur meuli alat noongna, tapi ngilu pusing da ngadèngèkeun èta tatangga parèa-rèa omong. Sabab ceunah ceuk panoongan sèwang-sèwangan teu sarua. Tungtungna diajar rada badeg wè. Geus ah antepkeun, kalieur-lieur. Pan aya pamarèntah nu boga kawasa pikeun mastikeun iraha mimitina.
Pas balik tarawèh, kareungeu nu keur guntreng gigireun masigit.
“Ji, tong bèda waè atuh, geus ayeuna mah urang sarua wè nangtukeun poè lebaran”
“Teu bisa Mang, ieu geus yakin. Toropongna gè pangmahalna, moal aya nu boga deui di kampung ieu”
Adzan isya nembè lekasan, katawis dunungan kaluar ti rohangan disarengan ku opat jalmi, rupina sèmah dunungan ngadon uih sasarengan. Teu seueur saur, kuring ogè nyarengan lungsur ka lantey hiji. Muru kana mobil nu tos sayagi di buruan kantor.
Tapi geuning saatos nyaketan mobil tèh henteu langsung lebet. Tapi uplek deui ngawangkong kaditu kadieu. Simkuring mah tangtos ngiringan wè gogonjakan, sanaos saleresna mah nahan kahoyong. Hoyong kahampangan mung pameng ka dunungan.
Antukna mah ditahan – tahan wè, bari babacaan dina jero hatè, “Ya Allah, Ènggal atuh dunungan tèh lebet kana mobilna”
Lima menit sapuluh menit mah kiat, tapi saatos lebet satengah jam. Palangkakan asa cangkeul, nahan papang nu teu kaampeuh deui. Raray pupuringisan tapi dalah dikumaha dunungan masih ngawangkong akey-akeyan.
Menit ka opat genep mah bobol ogè, pas aya nu ngabarakatak. Uing gè ngiringan ngagakgak, “Hahahahahaha….”
Geleser aya nu haneut kana pingping. Pas melong tamu payuneun. Geuning sami gumujeng bari jaremblong. (AKW).
Bekerja di hari libur sambil luangkan waktu ngopi dan nulis. Sruput dan kotret.
Kerja kerja yuuk / Doktur
SAKURJAYA, akwnulis.com. Sengatan matahari cukup terik menjangkau kulit tubuh ini, tetapi semangat untuk melihat perkembangan proyek pembangunan tidak surut. Karena sebuah kewajiban harus ditunaikan dan monitoring serta evaluasi adalah judul wajib yang harus dijalani.
Tetapi tentu dikala rehat sejenak dan berteduh di sebuah rumah yang menjadi basecamp pekerja dan personil pengawasan sekaligus kantor darurat untuk pertemuan atau rapat terbatas maka sedikit menghela nafas karena ada dua buah kipas angin yang mengolah sang bayu bisa mengalir deras menerpa wajah memberi sejumput kesegaran plus mengurangi cucuran keringat yang sejak tadi tak tertahankan.
Setelah menyeka keringat di dahi dan wajah yang begitu aktif mengucur, inilah saatnya ‘me time‘ sambil duduk bersandar dipojokan menggunakan kursi darurat yang dibuat untuk kepentingan rapat di lapangan.
Tuangkan Kopi dulu / Dokpri.
Menarilah jemari diatas keyboard virtual smartphone kesayangan. Menuangkan beberapa kata menjadi kalimat sederhana tapi sarat makna. Sebuah cerita singkat tentang pengalaman khusus di pantai pangandaran ba’da magrib. Tentunya sebagai penguatan literasi bahasa sunda, penulisannya menggunakan bahasa sunda sederhana dengan genre bahasa sunda yang cenderung halus untuk memberi karakter suasana yang diciptakan sebagai kejadian nyata. Meskipun tentunya tulisan ini adalah sebuah fiksi reka saja tapi ide dasarnya memang sebuah kisah nyata.
Sebagai penguat semangat dalam bekerja di lapangan kali ini, tentu tidak lupa membawa si hitam tanpa gula yakni kohitala. Manual brew V60 arabica halu banana yang diseduh di rumah telah berubah menjadi pilihan minuman bersama yang menghangatkan suasana. Beberapa rekan menikmatinya hingga ‘peureum beunta‘ (merem melek) karena berusaha menikmati padahal jelas rasa pahitnya begitu kuat mengunci lidah tetapi setelah itu ada kesegaran dan kehangatan yang menyebar ke seluruh tubuh.
Sruput Kohitala yuk / Dokpri.
Selamat ngopay eh minum kopi kawan, juga selamat bekerja dan berjuang untuk keseharian kita khususnya jangan lupa membaca kotretan singkat berbahasa sunda ini yang mungkin bisa memberikan penghiburan tersendiri.
Inilah ceritanya :
***
Bada magrib di pinggir pantai pangandaran / Dokpri.
FIKMIN # DI BASISIR #
“Pangersa, dihaturan, kadieu geura” Soanten leuleuy tapi ècès dina cepil katuhu. Luak lieuk teu aya nu calik atanapi caket ngadegna, aya oge rada anggang tapi da nuju ngawangkong sèwang – sèwangan.
“Ieu dipayun, kadieu geura” soanten leuleuy aya deui sasarengan sareng jigrahna lambak payuneun. Siga nu ngagupay supados nyaketan. Lalaunan ngadeg tina korsi di sisi basisir, sampèan ngalèngkah nincak pasir nu karaos haneut meueusan.
Ditelek – telek, brèh di payuneun aya nu ngadeg. Dedeganna mah wanoja namung teu jelas. Rurusuhan dicaketan. Salèngkah dua lèngkah, pangambung ngangseu seuseungitan, matak ratug kana jajantung tapi beuki kabita nyaketan asalna sora.
Beuki caket, geuning nu nyauran teh wanoja geulis rancunit pikabitaeun. Imutna ngagelenyu nganggè karèmbong semu konèng.
Salengkah deui badè dugi payuneun nu sampulur konèng umyang.
Duk!!
Mastaka pengker asa aya nu ngagebug. Poèk.
***
Lalaunan soca beunta, geuning nuju diriung di tengah tajug.
“Alhamdulillah Jang, kasalametkeun dina waktosna.”
Bayangan di pinggir pantai / Dokpri.
***
Itulah tulisan singkatnya. Bagi yang sudah ngopi jangan lupa bersyukur atas kemudahan ngopinya. Untuk yang sudah membeca eh membaca tapi tidak mengerti maksudnya silahkan acungkan tangan dan bertanya kepada kami atau tetangga sekitar, minimal sambil bersilaturahmi hehehehe.
Have a nice wekeend with your family, meskipun kami sekarang tetap bertugas dan monitoring tapi nanti sore bisa kembali ke rumah dan bergabung dengan keluarga tercinta. Wassalam(AKW).