Kolot Kalapa

Bari ngahuleng nungguan karéta, aya ideu ngajorélat. Teu seueur saur, langsung direcah bari bismillah.

Photo : Dokuing (dokuméntasi uing)

Keur ngahuleng nungguan karéta datang dina korsi panjang, teu eunggeuh aya nu bangir gigireun. Ngan karasa geter kahayang nyulusup na luhur kalbu, ngagilisir meulit jajantung. Méré jigrah mareuman amarah nu ngabebela tadi di lembur, basa Nyi Ijem ménta kapastian. Iraha rék tulus ka balé nyungcung méh pianakeun bisa ditulis saha bapana.

Lalaunan mélétét nempo nu rancunit, dibales imut bari neuteup geugeut. Teu loba carita jurus andalan dikaluarkeun, “Badé angkat kamana geulis?” “Ka Jakarta bah” Bah Juma gumasep, nyanghareupan nyi mojang nu matak uruy. Gancang mapatkeun jangjawokan. “Gampang jigana ieu mah yeuh!”

Keur husu bulak balik mapatkeun jampé pamaké,…. Jebréd!!! Bah Juma ngabangkieung, jangjawokan pabureuncay titingalian ranyay. Nyi mojang ngabedega.

Saacan kapiuhan kakuping soanten halimpu, “Dasar buhaya, geus bau taneuh lain tobat kalah ka kumat”

Tungtungna indit ka jakarta teu jadi sabab kareta datang pas keur kapiuhan. Beungeut béngo raga pasiksak, nyangsaya teu puguh rupa. Éra parada. (Akw).

Haré haré

Dongéng kamari waktos aya nu cuék ka simkuring

Kuring ngedeukeutan bari rengkuh tur pengkuh, tapi geuning salira haré-haré. Dipuntenan teu ngawaler, ditaros ngadon ngaléos. Ah teu éléh géléng dituturkeun wé kamana salira ngoloyongna.  
Kuring ngahaja ngarapetkeun awak ka salira, susuganan karaos haneutna guligah rasa, mung hanjakal salira teu rumasa aya sasaha, ngadon anteng ngagupayan dunya nu anggang jauh ti jiga.

“Punten geulis, ieu akang,” sora rada tarik meueusan, angger ngajubleg.

“Puuunteeen!!,” rada ditarikan, éh tetep ngabigeu.

Kuring gagaro teu ateul, sanajan rada keuheul tapi henteu dugika nyel ambek mah ngan jorojoy rasa karunya bilih bisi kasibat panyawat torék.

Teu pugag pangharepan, tuluy wé dituturkeun samalah ditangkeup ti tukang bari dikélekéték. Ih salira ngan seuri maur, éta gé ka batur nu kawénéhan ngalangkung.

Tungtungna mah béak déngkak, kuring ngécagkeun tangkeupan bari ngaikhlaskeun salira nu tuluy ngagedig mulang ka sarakan. Sanggeus salira dilegleg balébat, kakara inget élmu halimunan can ditutup ku jampé pamaké.

Baju Lebaran

Fikmin lebaran


Sabot leumpang mapay gang, rék ngajugjug ka tukang baso. Kaciri aya nu keur ngarit, reg eureun. Asa wawuh baju batik nu dipakena. “Punten ngiring ngalangkung”

“Mangga cep”, nu keur ngarit rada cengkat. “Geuning ki haji Sobri, meuni ngersakeun dintenan lebaran tos ngarit”, Uing inget da tadi nu jadi pangatur laku pas acara sholat ied téh anjeuna. 

“Lebaran mah keur  manusa jang, da embé di kandang mah angger waé kudu diparaban”, Ki Haji némbalan.

Uing unggut-unggutan, can gé engap baham rék disada. Ki Haji jiga nu surti, “Tuluy bisi ujang panasaran kunaon ngarit mamaké batik nu tadi dipaké solat iéd, sabab baju mah rarangkén, kumaha urangna. Da teu hina dipaké ngarit ogé. Sanajan meureun teu ilahar, nu penting mah lain dipake laku lampah nu ngalanggar papagon agama.

“Muhun atuh dikantun ki”, uing ngaléos. 

Bari ngarampa baju lebaran nu dipake, haté ngagerentes, “Baju uing pangmahalna ngan hanjakal meunang maok ti tatangga.”