OTT

Teu pandang saha jeung rupa, OTT kudu laksana.

#Fikminsunda

“Mana tersangka OTTna?” Komandan nanya. “ieu Ndan” Bripka Toto ngawaler bari nunjuk ka hareup. Nini-nini cetuk huis, keur murungkut bari rambisak.

“Saha nami?”

“Ma Uti”

Ujug-ujug jorojoy aya rasa karunya dina manah komandan. Haténa ngagerentes, “Asa teu pantes nini-nini kieu jadi tersangka.”
Lalaunan dideukeutan nini-nini nu keur murungkut téh, pas nempo aya pulisi ngadeukeutan, goak deui ceurik meuni balilihan, “Ema téh salah naon adééén, bet di kakaya kieu” Komandan ngahuleng.

“Punten komandan, pas OTT tadi sonten, ibu téh kabuktosan pisan ngalanggar UU pencucian uang.”

“Sabaraha nominal duitna?”

“Duaratus rébu Ndan!” dijawab teges.

“Leres kitu ema?” Komandan melong ka Ma Uti.

Bari carinakdak, Ma Uti ngawaler, “Sumuhun adén, ema keur nyeuseuh, dina saku calana salaki geuning aya artos 200rebu nu kaseuseuh”

Komandan beureum beungeut éra parada, teu antaparah anak buahna dicabok nepika ngajongkéng bari ngagorowok, “Ari sia belegug-belegug teuing, leupaskeun Ma Uti ayeuna pisan, anteurkeun nepika imahna, bari ménta dihampura!!!!”

***

Catetan : Ieu fikmin midang sataun kapengker ping 250217 dina lapak fésbuk simkuring. Haturnuhun. (AKW).

Paspamja

Nuju anteng aya béwara, duh reuwas kacida.

Fikminsunda

Nu ngilu gempungan masih campuh jeung adu rényom kahayang. Ramé patémbal-témbal dina acara GEPUPUSAÉ (Gempungan Pupuhu jeung Punakawan sa-Énonesia). Kabéh boga kahayang, kabéh boga poténsi jeung masalah séwang-séwangan. Mikropon teu sirikna lulumpatan, ujlang ajleng kaditu kadieu diparebutkeun ku nu hadir. Kertas balatak urut ngotrét pacampur jeung lalawuh nu teu béak-béak.

Keur anteng adu renyom, aya béwara, “Perhatosan.. Perhatosan…Ka sadayana nu hadir di ieu gempungan. Mugi tiasa réngsé satengah jam ti ayeuna. Margi badé di-stéril, persiapan kasumpingan Maharaja!!!”

Jep nu ngawangkong jempé, nu adu renyom balem. Husu nganggeuskeun konsép rékomendasi. Ngan nu riweuh téh barudak awéwé rumaja jeung ibu-ibu ngora nu hadir dina éta gempungan. Lalumpatan kaluar bari beungeut parias jeung morolok késang tiis.

Anggota Pampamja (pasukan pengaman maharaja) nu rék nyetéril éta patempatan panasaran, “Ceu!!, kunaon bet lalumpatan?”

“Sieun bisi ké geus kawin teu bisa reuneuh!!!”

Paspamja ngahuleng. Cag.(Akw).

Urug

Musibah tangtos teu aya nu hoyong, tapi kahirupan mah sa pakét. Bagja jeung tunggara, beurang jeung peuting ogé salamet jeung cilaka.

Fiksimini Basa Sunda*)

Photo : Ieu mung ilustrasi, minggon kamari urug gawir pengkereun bumi pun biang / potlang.

Rokaat ahir solat isya karék lekasan, kareungeu ngaguruh gigireun pangkéng tarik pisan. Sakedapeun mah ngahuleng teu puguh rampa, tapi haté leutik nyarita, “Nyingkah geura.. nyingkaah!!!”

Teu antaparah deui, gajleng muru si bungsu. Dirawu, dibawa lumpat kaluar ti imah, ngabecir sakulampat kulampét nyingkahan sora ngaguruh nu beuki rosa. Muru ka balé désa ngajauhan gawir nu keur ngamuk teu maké rarasaan. Ditukangeun kadéngé tingkocéak, sora tatangga nu katinggang runtuhan imah. Aya ogé nu teu bisa eungab deui, da kaburu ka kubur urug.

“Tulung.. tulung.”

Bekk!!!… bumi alam asa poék, awak leuleus taya pangawasa, laju rubuh, nangkuban.

Pas lalaunan beunta, kadéngé harénghéng loba jelema. Kaciri jalan lempeng ngamulungmung. Sapanjang deuleu caang baranang, langit hégar diguar béntang. Laleumpang séwang-séwangan, muru caang di juru kahayang. Uing maksakeun leumpang bari ingkud-ingkudan, muru timbangan nu nangtukeun papastén kahirupan. (Akw).

Samagaha Blu-mun

Mapay samagaha bari teu hilap kana purwadaksina.

Fikmin310118

Ki, hayu geura balik” Nini Iroh nyalukan salakina nu keur anteng tanggah nempoan langit.
“Sakeudeung mamih, Papih keur kakagokna yeuh, nungguan blu-mun” Saur si Aki bari panon mah teu ngarérét saeutik ogé ka jikanna.

Karasa hanjakal nyaliara, sabada dibere hape android pas ultah ka 83, Si Aki jadi anteng nyoo hapé. Incu kapopohokeun, si Nini dianggap euweuh.
Kabeuki mukaan WA, kaasup carita ‘blue moon’ dina WAgrup nu matak si Aki lain solat samagaha di masjid tapi muru ka pasir ngadon tatanggahan.

Nini teu éléh géléng, ngagedig balik. Ganti kutang nu maké busa, matak nyeungseung kana pinareup. Tuluy daster bulao kameumeut jeung jékét kulit. Gidig ka tonggoh neéang si Aki.

Nepi ka pasir, leungeunna si Aki dirawél bari tuluy diantelkeun kana dada si Nini, “Hayu uih ganteng.” Si Aki sura seuri bari nuturkeun jikan. Gerentes haté si Aki, “Ieu leuwih éduun, Blue mun-u-u” bari leungeun embung leupas ti si Nini. (Akw).

Taki-taki

Élmu luhung pangalaman réa, tapi dina mayunan parebut tahta, teu cekap ku siloka.

FikminSunda-270118

Angin peuting ngageuing rungsing, handaruan alah batan rébuan éngang. Nyuruwuk geterkeun haté ngoyagkeun angen, meulit kana rumasa ngaheumbat mamarasna.
Mapay sagara siloka, malih rupa. Ngagentraan ka balaréa pikeun tumut kana maksud taat kana pangajakna.

Photo : Diajar perang di Lembur Sade, NTB/potlang.

Mercayakeun amanat sora dina waktuna marebutkeun tahta. Sabab geuning ayeuna mah, sora Gusti téh nyaéta sing saha waé nu meunang sora pangréana.

Ki Ara nyerangkeun nu tihothat bari diuk dina béntang. Angin peuting ngadeukeutan. Ngaléndotan bari ngelél, cenah hayang disebut pikalucueun.

Leungeun Ki Ara ngusapan bari taki-taki, bisi ngajongkélat jadi angin puyuh nu teu bisa dibawa gunem catur da rumasa téréh boga kawasa.

Janari beuki simpé, angin peuting ngaléos dituturkeun wadya baladna. kukumpul tanaga keur tanding dina mangsa bulan purnama. Tilu warsih ti ayeuna pikeun marebutkeun tanah pajajaran. Ki Ara teu loba nyarita, ngaléngkah bari ngarénghap panjang. Teu lila tuluy nyarandé, capé.(AKW).

Sélpi…

Pasanggrok di jalan rebun-rebun, ngobrol sakedap da tos ilahar. Ari pék téh bénten..

Photo : Masjid Nurul Iman di wewengkon Parongpong Lembang / Olanumot.

Ba’da solat shubuh shubuh Bah Unéd muru ka landeuh, boga kahayang ngaroris balong nu karék dua poé katukang di pelakan bibit guramé dua kintal. Bari ngahariring leumpang antaré, ngarasakeun segerna hawa éndahna dunya.

Palebah pengkolan masjid kacamatan pasanggrok jeung jikan kuwu, Nyi Saodah katut anakna nu manjing rumaja. Budak lalaki awak sembada. “Badé angkat kamana Abah téh, tos singkil tabuh sakieu?” Nyi Saodah naros. “Biasa wé Nyai, sono ka balong. Nyai jeung si Ujang ogé meuni nyubuh tos laliar?”
“Pun anak hoyong moto sanrais kanggé di médsos” Waler Nyi Saodah. Budak nyolongkrong sasalaman bari rengkuh.

“Sélpi heula ah”, Budak téh nyoo hapéna. Nyi Saodah unggeuk. Bah Unéd kerung, bari melong ka budak, “Sélpi?”
“Sumuhun Bah, hayu!”, anakna Kuwu giak naker. Bah Unéd ngajeten bari ngagerentes na jero haté, “Deudeuh teuing ujang, awak bangbang geus kaciri kumisan, ari dibéré ngaran Selpi, meuni néngtérégé.” (Akw).

Sélpi – Fiksimini Basa Sunda 021217

Diajar Ngaji… *)

Haréwos jaman teu gedag ngoyagkeun paniatan salira nu tos jangji ngadoja manusa.

Photo : Ilustrasi nu keur meuleum domba bari mopoék / Olanumot.

Ngabeulit ati ngaréngkas raga, ngan teu bisa aral subaha. Ukur ngahuleng bari ngabetem nyerangkeun laku salira. Teu ngukur umur teu émut yuswa . Kumincir lain wayah, mijah bari sakapeung owah.

Ragamang leungeun kokoréh, niat noél ka salira. Tapi hampos da geuning geus salin rupa jadi gundukan méga. Tulang ilang, irung nu mancrit leungit. Diganti ku rumasa nu nabeuh goong dina tonggong gorowong.

Mapatkeun jampé pamaké, salira beuki réhé. Ngaréngkénék dipengék ku seungit kélék. Salikur panon ngiceupan teu eureun-eureun. Tuluy ngagorolong simata lolong. Gancang metakeun jurus pamungkas, salira ngadon ngigel ngawut-ngawut anggel. Nyirihil bari nyeuhil tuluy ngaharéwos bari bobos, “Tong hariwang kang, da geus tugas ngaing ngajak sia ngajauhan surga.”

Teu loba mikir jeung tatanya, ayat kursi ngajait diri, Alpatihah nyuaykeun pitenah, alhamdulillah. Salira ngaleungit bari susuit, muru incuing nu anteng nyeukseukan peuting.(Akw).

*) Sebuah genre karangan bahasa sunda yang disebut fiksimini, tulisan fiksi dengan maksimal 150 kata. Sudah membangun alur cerita dan idealnya dengan diakhiri ‘rénjagan’ atau kejutan bagi pembaca. Komunitasnya bernama FBS (Fiksimini Basa Sunda).

Nyaah Ka Indung

Nyaah ka indung mah utama, tapi cara jeung rupa tangtu kudu maké rumpaka.

“Huwaaaaaa…… huaaaaaa!!!” sora ema ngahudangkeun saimah-imah. Patinggurudug Enang, Enung jeung Ening ngaboro datangna sora. Kaciri indungna diuk dina risbang, nginghak balilihan. Enang rikat ngusapan tonggong, Enung meuseulan bitis jeung Ening nyusutan cipanon nu ngagarantung dina damis indungna.

“Tos ema teu kedah sedih, palaputra aya didieu ngajagian” Enang ngalelemu indungna. Ma Iroh kalah ngagoak bari nyekelan hapé nu ngajeblag poto Abah almarhum.

Enung mairan, “Insyaalloh Abah tos salamet di kalanggengan, urang kintun du’a waé ma” Enang jeung Ening unggeuk nyaluyuan.
Tapi Ma Iroh angger cirambay bari curukna tutunjuk kana layar hapé.

Teu lila Ma Iroh eureun ceurikna, tuluy nyarita bari dareuda, “Ari nyaraah ka kolot mah, buru eusian pulsa hapé ema atawa téthering, méh bisa muka yutub deui, tadi pareum pas keur kakagokna”

Teu talangké tiluanna lumpat ka enggon séwang-séwangan. Enang ngahurungkeun téthering, Enung jeung Ening meuli pulsa maké internét béngking. Ema Iroh répéh ceurikna. Tengah peuting jadi jempling deui. (Akw)

Baradé lurrrr!!!…

Baheula nu geus kasorang, kapungkur nu masih nunutur. Ulah janten bangbaluh tapi ropéa janten pangaweruh supados tetep lingsig tur lintuh.

Photo : Spion di buruan masjid / potlang.

“Harita mah pakaya jeung pangajén meuni dalit dina kahirupan amang….”, dongéng mang Usa bari pepeta, mertélakeun pangalaman keur jegud loba pakaya. Meuni pogot jeung rada somseu, tanggungan cingcau diantep heula da keur anteng bacéprot nyarita jaman harita.

Sanajan meureun dongéng hirupna dibalur ku wadul sawaréh, kanyataan sawaréh. Sanajan matak uruy bin kabita, tapi da geus kaliwat. Ayeuna ukur jadi sauted carita sapuruluk dongéng nu bakal ngahiang ukur ku angin halimpu nu ngaliwat teu loba ucap.

Mang Usa masih bacéo, pepeta bari surungah séréngéh. Nu ngadéngékeun patingkoléséd, bedo rék meuli cingcau dan nempo nu dagangna lain ngaladangan tapi ngadon norowéco teu eureun ngomong. Mang Usa beuki motah, taneuh dirawu tuluy dihuapkeun. Cingcau dikeduk bari dibalédogkeun kanu araya, atuh kabéh paburisat nyalametkeun diri. Lain pedah bisi nyeri dibalédog cangcau, tapi horéam wé lamokot héjo bari geunyal.

Mang Usa maceuh bari ngagerem, panon beureum tapi rambisak. Teu lila léwéh, nangkuban dina sisi tegalan, nginghak tuluy gagaukan. Puluhan pasang panon nyerangkeun, tapi teu wani ngadeukeutan da sieun kumaonam.

Teu lila mang Usa eureun ceurikna, cengkat bari nempo ka sakurilingna, tuluy ngagorowok, “Baradé cingcauna lurrrr!!!” Leungeunna lamokot taneuh tegalan jeung késangna. Nu nempokeun dumareuda.(Akw).

Panasaran”

Rasa panasaran mah aya mangsana, sanajan ngan satata mawa rasa hayang tamaha tanpa ngarasa.

Photo : Mobil treuk éngkel, tapi sanes nu ieu. /dokpri.

Panangan tipepereket nyepengan setir, soca dibolototkeun kalawan rénghap ngahégak. Sampéan katuhu dugi ka dadas nincak gas, erém mah hilap da hoyong énggal-énggal nyusul anjeun.

Angin ngagorowok ngémutan tong kekebutan tos teu dikuping. Pokona mah hiji tujuan kedah dugi pikeun nyacapkeun kapanasaran. Kitu ogé tatangkalan nu kalangkungan, pada mencrong bari gugupay hariwang. Ningal nu ngajejek gas tos teu nganggo étang-étangan. Siga nu gaduh nyawa salapan.

Mung hanjakal geuning kanyataan teu saluyu sareng pangharepan. Anjeun ngabelesur, sumkuring ngeyeted wé da geuning kéor. Gas dijejek sataker kebek téh sanés narikan, kalah ngadon ngayekyek bari ngebul bau hangit. Kapaksa nyisi da bilih kumaonam.

Teu pira nu dipikahoyong téh, badé nyalip teras miwarang lirén. Saatos paamprok jonghok, badé tumaros, “Aa supir treuk, naon hartosna éta seratan dina treuk anjeun?”

Anjeun tangtos moal ngawaler, paling ogé ngadon rambisak bari neunggeulan imbit treuk. Ngajeblag seratanna,
‘Tos lami teu kitu, pas kitu teu lami’, cag.(Akw).