
Fikmin #Saha Namina?#
Tos badè sabelas sasih sasarengan sareng anjeuna, tepang munggaran di masjid Arrahman wanci bada shalat magrib. Ngawitanna mah biasa wè nepangkeun margi ngalih padumukan ka ieu wewengkon. Jalmina bageur tur akuan, janten teu asa ka nu sanelès, ènggal akrabna.
Jadwal netepan lima waktu aya waè, shubuh magrib isya tara kalangkung. Upami asyar sareng lohor mah da sami – sami kuli di luar wewengkon. Iwal dinten libur, sok aya siang ka sonten di masjid. Pangaosan bapak – bapak aya pangpayunna, dina tadarusan, ngaosna saè.
Mung unggal dipiwarang janten imam, alimeun. Boh shubuh atanapi lohor asyar. Mugen wè. Kalebet daptar imam harian ogè alim. “Keun abdi mah ngama’mum waè” kitu waleranna tèh. Ti ngawitan tepang teu apal nami aslina. Tatanggi ogè sumawonna.

Alhamdulillah kapanasaran tèh kacumponan, dina mangsana Si Abang nyungkeun bantosan ngalereskeun perpanjangan KTPna sareng Kartu Keluarga. Apal ayeuna mah namina, tur alesan alim janten imam shalat tèa. (AKW).
***
Namina dina KTP : Bapak JAMAAH.












