Beuteung Kuuleun

(Fikmin) fiksimini sunda dumasar kana hal nyata tapi diropéa janten fiksi nu merenah, ceunah.

Photo : Dokumentasi pribados

Diuk nyanghareupan méja buleud di hotél agréng, asa jadi gegedén. Ngadéngékeun nu piligenti biantara bari teu ngarti naon nu diomongkeunna. Ma’lum teu gugur teu angin kudu diuk dina korsi jatah pangersa. Da uing mah ka batawi sotéh ukur nyupiran dunungan. Ari pék dina waktuna, dunungan nyingcet, uing dipelak ngaganti manéhna.
Teu loba nyarita kénca katuhu, ukur imut jeung sasalaman wè da bisi kapanggih rusiahna.

Kakara ngiluan acara kieu. Panghélokna mah acara panungtung nyaéta waktuna dahar. Meuni ripuh pisan, da dina méja pabalatak séndok, garpuh jeung péso aya sababaraha pasang. Asa mubajir, padahal mah maké leungeun wé. Dahar téh aya 3 sési, bubuka (appetizer), utama (main course) jeung panutup (desert). Nu nganteuran dahareun ngabring unggal sési. Dahareun nu teu warawuh, létah bingung beuteung ngaheneng. Tapi da lebar, dihabek wé sakabéhna. 

Alhamdulillah béak korédas, ngan hanjakal 1 jam ti harita, ongkék jeung muncrut di wésé hotél. Kaluar kabéh teu nyésa saeutik ogé. (Akw)

Haré haré

Dongéng kamari waktos aya nu cuék ka simkuring

Kuring ngedeukeutan bari rengkuh tur pengkuh, tapi geuning salira haré-haré. Dipuntenan teu ngawaler, ditaros ngadon ngaléos. Ah teu éléh géléng dituturkeun wé kamana salira ngoloyongna.  
Kuring ngahaja ngarapetkeun awak ka salira, susuganan karaos haneutna guligah rasa, mung hanjakal salira teu rumasa aya sasaha, ngadon anteng ngagupayan dunya nu anggang jauh ti jiga.

“Punten geulis, ieu akang,” sora rada tarik meueusan, angger ngajubleg.

“Puuunteeen!!,” rada ditarikan, éh tetep ngabigeu.

Kuring gagaro teu ateul, sanajan rada keuheul tapi henteu dugika nyel ambek mah ngan jorojoy rasa karunya bilih bisi kasibat panyawat torék.

Teu pugag pangharepan, tuluy wé dituturkeun samalah ditangkeup ti tukang bari dikélekéték. Ih salira ngan seuri maur, éta gé ka batur nu kawénéhan ngalangkung.

Tungtungna mah béak déngkak, kuring ngécagkeun tangkeupan bari ngaikhlaskeun salira nu tuluy ngagedig mulang ka sarakan. Sanggeus salira dilegleg balébat, kakara inget élmu halimunan can ditutup ku jampé pamaké.

Baju Lebaran

Fikmin lebaran


Sabot leumpang mapay gang, rék ngajugjug ka tukang baso. Kaciri aya nu keur ngarit, reg eureun. Asa wawuh baju batik nu dipakena. “Punten ngiring ngalangkung”

“Mangga cep”, nu keur ngarit rada cengkat. “Geuning ki haji Sobri, meuni ngersakeun dintenan lebaran tos ngarit”, Uing inget da tadi nu jadi pangatur laku pas acara sholat ied téh anjeuna. 

“Lebaran mah keur  manusa jang, da embé di kandang mah angger waé kudu diparaban”, Ki Haji némbalan.

Uing unggut-unggutan, can gé engap baham rék disada. Ki Haji jiga nu surti, “Tuluy bisi ujang panasaran kunaon ngarit mamaké batik nu tadi dipaké solat iéd, sabab baju mah rarangkén, kumaha urangna. Da teu hina dipaké ngarit ogé. Sanajan meureun teu ilahar, nu penting mah lain dipake laku lampah nu ngalanggar papagon agama.

“Muhun atuh dikantun ki”, uing ngaléos. 

Bari ngarampa baju lebaran nu dipake, haté ngagerentes, “Baju uing pangmahalna ngan hanjakal meunang maok ti tatangga.”

Kacapi salira

Jentréng kacapi kahirupan ngawirahma mulutan katresna. Nyulusup na dada mentok muru jajantung nu ngadadak ratug. Rasa kadeudeuh bet jadi nyaliara. Meulit kana uteuk ngabatek kahayang, jadi poho sagalana.

Padahal ukur sapira, wirahma rasa ngahaleuangkeun panineungan. Basa harita mimiti wawuh ka salira. 

“Punten bapa, kénging enéng ngiring diajar ngajentréngkeun kacapi?”

Éta pertarosan nu ngajentréngkeun sagala rasa. Témbok sakola nyakséni, kacapi daria bisa mawa bibit rumpaka keur ngagayuh dunya.

Sanajan sareng salira teu junun ka balé nyungcung. Tapi rasa nu ngajorélat dina lamunan, ngawangun kasono nu teu bisa dilisankeun. Ngagayuh ka janari, kacapi ditangkeup bari lalaunan diusapan.