Ngudag Katresna

Ngiringan ngareuah-reuah saémbara ahir taun FBS, dina wanda dalapan rubuhan.

Photo : Ilustrasi Tatangkalan / motlang

Mopoék ngarawu kélong, ngabigeu teu wasa melong. Éra ku rasa parada, isin ku banda teu boga. Sanajan niat mah luhur, geuning ajrih ku kapaur. Katresna ngancik pasini, teu bisa ukur ku surti. Rasa teu cukup ku ngarti, tapi kudu aya bukti. Hanjelu meupeuskeun hulu, poék haté ripuh saku.

Ihtiar muru ka dukun, meuli bikang hayam kalkun. Ceunah sarat méh mangpaat, katresna sugan ngolépat. Anjuk hutang uclak éclok, duit rénten gé dilebok. Nu penting mah jadi ginding, keur nyangreud parawan tingting.

Tapi geuning ukur sugan, implengan jeung kanyataan. Kalkun salosin téh nyamos, hutang raweuy awak hampos. Tukang rénten ngancam nyawa, tatangga ogé sarua. Prung mabur euweuh harepan, nyumput di leuweung tutupan. Nyamuni ngajadi kunti, nguatkeun élmu saépi. Nyébakeun jiwa nu rujit, nyembah sujud ka jin ifrit. Ayeuna kari hanjakal, langgeng jadi jurig tangkal. (Akw).

Catetan : Ieu fiksimini sunda nu di kotrét ku simkuring, dina raraga ngiring ngareuah-reuah saémbara FBS ahir taun.

Rumus : 8 engang, tungtung kalimah murwakanti.

LINI (fikminbasasunda..*)

Nampi papastén kalayan rido, da hirup di dunya ngan sajorélat.

Sirah beuki nyanyautan haté seseblakan, mikiran nasib Si Ujang nu keur aya dipangbérokan. Ngabadog tatangga alatan butuh narkoba. Kamari isuk-isuk imah dikepung, pulisi ranggéténg bedil. Si Ujang nu keur ngaréngkol dibangkol.
“Hampura Gusti, Uing teu lulus ngatik budak, hampuraaa….”
Raga rubuh cimata bedah, tajug réyod ngahelas ngiluan rambisak.

Nyeri sirah beuki nataku. Jorélat beungeut Si Jenat, ngusapan beungeut, “Sing sabar akang, hirup mah ukur sakedap. Serah sumerah ka Gusti, tobat miwah pasrah kana sagala papastén” Uing unggeuk, bari nyusut cimata.

Karék gé rék eungab ngajawab, tajug ngariyeg oyag-oyagan. Tingrarekét pikahariwangeun. “Lini…. lini, Allahu Akbar!!!” Spéker masjid ngabéjaan. Uing hudang tuluy lumpat muru ka buruan imah. Karék ogé ngaléngkah, gelap ngaburinyay, caringin badag rungkad jeung tutung. Poék.

Pas beunta awak karasa seger harampang, nyeri sirah leungit. Kaciri Uing diriung di tengah imah. Si Ujang aya. Uing imut tuluy ngaléos, bari nyekel pageuh leungeun Jikan Si Jenat. Ngalayang muru kaanggangan. (Akw).

*) Catetan : Dongéng rékaan, hatur lumayan.

Sélpi…

Pasanggrok di jalan rebun-rebun, ngobrol sakedap da tos ilahar. Ari pék téh bénten..

Photo : Masjid Nurul Iman di wewengkon Parongpong Lembang / Olanumot.

Ba’da solat shubuh shubuh Bah Unéd muru ka landeuh, boga kahayang ngaroris balong nu karék dua poé katukang di pelakan bibit guramé dua kintal. Bari ngahariring leumpang antaré, ngarasakeun segerna hawa éndahna dunya.

Palebah pengkolan masjid kacamatan pasanggrok jeung jikan kuwu, Nyi Saodah katut anakna nu manjing rumaja. Budak lalaki awak sembada. “Badé angkat kamana Abah téh, tos singkil tabuh sakieu?” Nyi Saodah naros. “Biasa wé Nyai, sono ka balong. Nyai jeung si Ujang ogé meuni nyubuh tos laliar?”
“Pun anak hoyong moto sanrais kanggé di médsos” Waler Nyi Saodah. Budak nyolongkrong sasalaman bari rengkuh.

“Sélpi heula ah”, Budak téh nyoo hapéna. Nyi Saodah unggeuk. Bah Unéd kerung, bari melong ka budak, “Sélpi?”
“Sumuhun Bah, hayu!”, anakna Kuwu giak naker. Bah Unéd ngajeten bari ngagerentes na jero haté, “Deudeuh teuing ujang, awak bangbang geus kaciri kumisan, ari dibéré ngaran Selpi, meuni néngtérégé.” (Akw).

Sélpi – Fiksimini Basa Sunda 021217

Diajar Ngaji… *)

Haréwos jaman teu gedag ngoyagkeun paniatan salira nu tos jangji ngadoja manusa.

Photo : Ilustrasi nu keur meuleum domba bari mopoék / Olanumot.

Ngabeulit ati ngaréngkas raga, ngan teu bisa aral subaha. Ukur ngahuleng bari ngabetem nyerangkeun laku salira. Teu ngukur umur teu émut yuswa . Kumincir lain wayah, mijah bari sakapeung owah.

Ragamang leungeun kokoréh, niat noél ka salira. Tapi hampos da geuning geus salin rupa jadi gundukan méga. Tulang ilang, irung nu mancrit leungit. Diganti ku rumasa nu nabeuh goong dina tonggong gorowong.

Mapatkeun jampé pamaké, salira beuki réhé. Ngaréngkénék dipengék ku seungit kélék. Salikur panon ngiceupan teu eureun-eureun. Tuluy ngagorolong simata lolong. Gancang metakeun jurus pamungkas, salira ngadon ngigel ngawut-ngawut anggel. Nyirihil bari nyeuhil tuluy ngaharéwos bari bobos, “Tong hariwang kang, da geus tugas ngaing ngajak sia ngajauhan surga.”

Teu loba mikir jeung tatanya, ayat kursi ngajait diri, Alpatihah nyuaykeun pitenah, alhamdulillah. Salira ngaleungit bari susuit, muru incuing nu anteng nyeukseukan peuting.(Akw).

*) Sebuah genre karangan bahasa sunda yang disebut fiksimini, tulisan fiksi dengan maksimal 150 kata. Sudah membangun alur cerita dan idealnya dengan diakhiri ‘rénjagan’ atau kejutan bagi pembaca. Komunitasnya bernama FBS (Fiksimini Basa Sunda).

Nyaah Ka Indung

Nyaah ka indung mah utama, tapi cara jeung rupa tangtu kudu maké rumpaka.

“Huwaaaaaa…… huaaaaaa!!!” sora ema ngahudangkeun saimah-imah. Patinggurudug Enang, Enung jeung Ening ngaboro datangna sora. Kaciri indungna diuk dina risbang, nginghak balilihan. Enang rikat ngusapan tonggong, Enung meuseulan bitis jeung Ening nyusutan cipanon nu ngagarantung dina damis indungna.

“Tos ema teu kedah sedih, palaputra aya didieu ngajagian” Enang ngalelemu indungna. Ma Iroh kalah ngagoak bari nyekelan hapé nu ngajeblag poto Abah almarhum.

Enung mairan, “Insyaalloh Abah tos salamet di kalanggengan, urang kintun du’a waé ma” Enang jeung Ening unggeuk nyaluyuan.
Tapi Ma Iroh angger cirambay bari curukna tutunjuk kana layar hapé.

Teu lila Ma Iroh eureun ceurikna, tuluy nyarita bari dareuda, “Ari nyaraah ka kolot mah, buru eusian pulsa hapé ema atawa téthering, méh bisa muka yutub deui, tadi pareum pas keur kakagokna”

Teu talangké tiluanna lumpat ka enggon séwang-séwangan. Enang ngahurungkeun téthering, Enung jeung Ening meuli pulsa maké internét béngking. Ema Iroh répéh ceurikna. Tengah peuting jadi jempling deui. (Akw)

Baradé lurrrr!!!…

Baheula nu geus kasorang, kapungkur nu masih nunutur. Ulah janten bangbaluh tapi ropéa janten pangaweruh supados tetep lingsig tur lintuh.

Photo : Spion di buruan masjid / potlang.

“Harita mah pakaya jeung pangajén meuni dalit dina kahirupan amang….”, dongéng mang Usa bari pepeta, mertélakeun pangalaman keur jegud loba pakaya. Meuni pogot jeung rada somseu, tanggungan cingcau diantep heula da keur anteng bacéprot nyarita jaman harita.

Sanajan meureun dongéng hirupna dibalur ku wadul sawaréh, kanyataan sawaréh. Sanajan matak uruy bin kabita, tapi da geus kaliwat. Ayeuna ukur jadi sauted carita sapuruluk dongéng nu bakal ngahiang ukur ku angin halimpu nu ngaliwat teu loba ucap.

Mang Usa masih bacéo, pepeta bari surungah séréngéh. Nu ngadéngékeun patingkoléséd, bedo rék meuli cingcau dan nempo nu dagangna lain ngaladangan tapi ngadon norowéco teu eureun ngomong. Mang Usa beuki motah, taneuh dirawu tuluy dihuapkeun. Cingcau dikeduk bari dibalédogkeun kanu araya, atuh kabéh paburisat nyalametkeun diri. Lain pedah bisi nyeri dibalédog cangcau, tapi horéam wé lamokot héjo bari geunyal.

Mang Usa maceuh bari ngagerem, panon beureum tapi rambisak. Teu lila léwéh, nangkuban dina sisi tegalan, nginghak tuluy gagaukan. Puluhan pasang panon nyerangkeun, tapi teu wani ngadeukeutan da sieun kumaonam.

Teu lila mang Usa eureun ceurikna, cengkat bari nempo ka sakurilingna, tuluy ngagorowok, “Baradé cingcauna lurrrr!!!” Leungeunna lamokot taneuh tegalan jeung késangna. Nu nempokeun dumareuda.(Akw).

Panasaran”

Rasa panasaran mah aya mangsana, sanajan ngan satata mawa rasa hayang tamaha tanpa ngarasa.

Photo : Mobil treuk éngkel, tapi sanes nu ieu. /dokpri.

Panangan tipepereket nyepengan setir, soca dibolototkeun kalawan rénghap ngahégak. Sampéan katuhu dugi ka dadas nincak gas, erém mah hilap da hoyong énggal-énggal nyusul anjeun.

Angin ngagorowok ngémutan tong kekebutan tos teu dikuping. Pokona mah hiji tujuan kedah dugi pikeun nyacapkeun kapanasaran. Kitu ogé tatangkalan nu kalangkungan, pada mencrong bari gugupay hariwang. Ningal nu ngajejek gas tos teu nganggo étang-étangan. Siga nu gaduh nyawa salapan.

Mung hanjakal geuning kanyataan teu saluyu sareng pangharepan. Anjeun ngabelesur, sumkuring ngeyeted wé da geuning kéor. Gas dijejek sataker kebek téh sanés narikan, kalah ngadon ngayekyek bari ngebul bau hangit. Kapaksa nyisi da bilih kumaonam.

Teu pira nu dipikahoyong téh, badé nyalip teras miwarang lirén. Saatos paamprok jonghok, badé tumaros, “Aa supir treuk, naon hartosna éta seratan dina treuk anjeun?”

Anjeun tangtos moal ngawaler, paling ogé ngadon rambisak bari neunggeulan imbit treuk. Ngajeblag seratanna,
‘Tos lami teu kitu, pas kitu teu lami’, cag.(Akw).

Gagenhésbeg

Lain istilah ti Jérman ieu mah, tapi geus loba nu ngiluan, WASPADALAH.

Potona doklang (dokumén olangan).

Enggah enggéh bari ngahégak padahal sakuriling gé can tamat, lumpat pasosoré di lapang gasibu. Lumpat pacampur jeung leumpang bari teu nolih kénca katuhu. Pokona targét soré ieu bisa hatam 5 kuriling. Baju kaos jeung tréning ngahaja meuli tadi ba’da jumaahan di golodog pusda’i. Néangan nu mècing, meunang kaos beureum jeung tréning héjo.

Sabot anteng leumpang gancang dina trék bulao. Ujug-ujug trék nampuyak, suku mebes kawas nincak leutak. Tuluy sacangkéng, beuheung nepi ka laput ngaliwatan congo buuk. Leungeun roroésan teu ngaruh sabab sagala rupa nu dirawél téh haripu. Leng poék mongkléng.

Lalaunan beunta kaciri loba jelema, “Dimana ieu?” Jajang ngagerendeng. “Cicing tong gogorowokan jang, geus ngilu ngantri kadinyah” gigireun nini-nini gembrut nyorongot. Jajang murungkut, teu loba ngomong kapaksa nurut. Kaciri nu ngantri rébuan jelema, kabéh bayuhyuh. Ditelek-telek sakabéhna muru lawang cahaya nu gumebyar caang, aya tulisan ngajeblag di luhur gerbangna. Dibaca lalaunan, “Wilujeng sumping Aliran Gagenhésbeg”.

Dulokaeuw

Salah sawios panyawat nu kedah diwaspadai, terutami kanu tos jegud loba rejeki.

Photo : Masjid bumi Alloh di Lombok / dokpri

Mimiti ukur ngejeletit, tuluy nyaliara. Mapay urat muru kekemplong, karasa paregel tina indung suku nepika palangkakan. Teu loba rumahuh sabab da mun aya karasa téh cukup wé ku dibalur binahong jeung babadotan. Adug lajer tetempoan karonéng, leng… dunya karasa poék, jempling tingtrim leungit kasakit.

Jedug.. cangkéng katuhu karasa nyeri. Panon beunta. Geuning ngabadug sisi méja. Kénca katuhu ngariung loba jelema. Campuh parebut barang kawas nu kakara. Bari kukumpul pangacian, karasa nu tingjeletit leungit, pegel ngilang awak karasa seger. “Boa aing geus di surga?.. tapi pan aing lain jelema soléh. Ibadah gé belang betong” gerentes haté.

“Pih tos séhat ayeuna mah?… mamih ka tempat kudung heulanya” sora halimpu gigireun, dilieuk téh jikan jeung anak incu. Uing ngahuleng, unggeuk lalaunan.

Karasa ramo katuhu nyekel kertas leutik, tuluy diilikan. Geuning resép ti dokter subspésialis urusan panyakit jero. Dibaca diagnosis, uing téh katerap panyakit dulokaeuw (duit loba kabutuh euweuh). Ubarna ngan hiji, sedekah. (Akw).

Kolot Kalapa

Bari ngahuleng nungguan karéta, aya ideu ngajorélat. Teu seueur saur, langsung direcah bari bismillah.

Photo : Dokuing (dokuméntasi uing)

Keur ngahuleng nungguan karéta datang dina korsi panjang, teu eunggeuh aya nu bangir gigireun. Ngan karasa geter kahayang nyulusup na luhur kalbu, ngagilisir meulit jajantung. Méré jigrah mareuman amarah nu ngabebela tadi di lembur, basa Nyi Ijem ménta kapastian. Iraha rék tulus ka balé nyungcung méh pianakeun bisa ditulis saha bapana.

Lalaunan mélétét nempo nu rancunit, dibales imut bari neuteup geugeut. Teu loba carita jurus andalan dikaluarkeun, “Badé angkat kamana geulis?” “Ka Jakarta bah” Bah Juma gumasep, nyanghareupan nyi mojang nu matak uruy. Gancang mapatkeun jangjawokan. “Gampang jigana ieu mah yeuh!”

Keur husu bulak balik mapatkeun jampé pamaké,…. Jebréd!!! Bah Juma ngabangkieung, jangjawokan pabureuncay titingalian ranyay. Nyi mojang ngabedega.

Saacan kapiuhan kakuping soanten halimpu, “Dasar buhaya, geus bau taneuh lain tobat kalah ka kumat”

Tungtungna indit ka jakarta teu jadi sabab kareta datang pas keur kapiuhan. Beungeut béngo raga pasiksak, nyangsaya teu puguh rupa. Éra parada. (Akw).