Nyoo Cai

Urang lembur hoyong ngojay di dayeuh. Gejeburrr….

FikminBasaSunda.

Ti lembur rebun-rebun muru ka dayeuh. Numpak élf si Kuluk, limaan nu boga kahayang. Teu pira, geus bosen papalidan di sungapan jeung teuleum di Leuwi Kuya. Hayang ngajaran ngojay di dayeuh.

Dua jam geus kaliwat basa si Kuluk nepi ka Cimahi. Jrut tarurun, Uing, Ogim, Opik, Endah jeung Adut. Beungeut aratoh da sakeudeung deui rék meunang pangalaman anyar, ngajaran ‘Balong ngojay’. Geus kabayang caina hérang jeung beresih teu kawas ngojay di leuwi nu kudu rancingeus. Bisi keur ngojay aya lélé konéng ngaliwat, atawa catang palid jeung oray cai, kudu geuwat disingkahan.

Anjog ka tempatna, kaciri loba jelema. Mayar tikét asup tuluy muru ka balong lega nu caina hérang bulao. Nonoman jeung wanoja balawiri ngan di kolor jeung cangcut ogé kutang wungkul.

Satengah jam uing jeung babaturan euweuh nu wani asup ‘Balong ngojay’, caringogo wé bari olohok. Ogim ngaharéwos, “Kumaha ieu lur?, suku jadi tilu!” Uing jeung babaturan tungkul babarengan. Éra. (AKW).

Wakca Balaka

Kedah énggal didugikeun tibatan janten hanjakal.

#FiksiminiBahasaSunda *)

Kulit antel matak ngarahuh, méga sirna, sumawonna lalangsé ilang tanpa karana, nyésakeun balébat soré dipapaés ku katumbiri, nyurup layung ngagembang rasa. Panangan montél lalaunan milari galur dina lahunan, bagja tinekanan, soca cureuleuk neuteup anteb, ramo gumeulis ngusapan taar, bangun deudeuh taya papadana, atoh amarwatasuta.

Mung hanjakal sanajan haté ngagedur hoyong ngedalkeun katresna, geuning lambeuy kakonci teu tiasa cumarita, padahal ieu waktos nu utami pikeun ngadugikeun bangbaluh haté. Awak ditangkeup pageuh, raga bungangang jiwa percéka, karaos pisan éndahna dunya, nyeuseup gumulurna cinta, asih munggaran nu taya bandingannana.

Silih usap, silih tamplokeun kaasih, mung hanjakal geuning teu aya kecap nu tiasa kedal, ukur silih teuteup silih kiceup, tandaning asih ngadalingding, ngagegeba rasa silih simbreuh katresna. Lalaunan ngiatkeun niat, mageuhkeun pamadegan pikeun ngedalkeun ieu rasa, ngabudalkeun bendungan jiwa nu teu kiat nahan caah rasa rumasa micinta ka manéhna, lambey muka, sora ngabura, “Méongg…méonggg,..méoooong”
“Si empus lucu, nembé disada ayeuna” saur néng Mila bari teras ngoconan kuring. (AKW).

*)Ngawitan diserat tur dikintun di FB FBS ping 13 Maret 2013.

OTT

Teu pandang saha jeung rupa, OTT kudu laksana.

#Fikminsunda

“Mana tersangka OTTna?” Komandan nanya. “ieu Ndan” Bripka Toto ngawaler bari nunjuk ka hareup. Nini-nini cetuk huis, keur murungkut bari rambisak.

“Saha nami?”

“Ma Uti”

Ujug-ujug jorojoy aya rasa karunya dina manah komandan. Haténa ngagerentes, “Asa teu pantes nini-nini kieu jadi tersangka.”
Lalaunan dideukeutan nini-nini nu keur murungkut téh, pas nempo aya pulisi ngadeukeutan, goak deui ceurik meuni balilihan, “Ema téh salah naon adééén, bet di kakaya kieu” Komandan ngahuleng.

“Punten komandan, pas OTT tadi sonten, ibu téh kabuktosan pisan ngalanggar UU pencucian uang.”

“Sabaraha nominal duitna?”

“Duaratus rébu Ndan!” dijawab teges.

“Leres kitu ema?” Komandan melong ka Ma Uti.

Bari carinakdak, Ma Uti ngawaler, “Sumuhun adén, ema keur nyeuseuh, dina saku calana salaki geuning aya artos 200rebu nu kaseuseuh”

Komandan beureum beungeut éra parada, teu antaparah anak buahna dicabok nepika ngajongkéng bari ngagorowok, “Ari sia belegug-belegug teuing, leupaskeun Ma Uti ayeuna pisan, anteurkeun nepika imahna, bari ménta dihampura!!!!”

***

Catetan : Ieu fikmin midang sataun kapengker ping 250217 dina lapak fésbuk simkuring. Haturnuhun. (AKW).

Paspamja

Nuju anteng aya béwara, duh reuwas kacida.

Fikminsunda

Nu ngilu gempungan masih campuh jeung adu rényom kahayang. Ramé patémbal-témbal dina acara GEPUPUSAÉ (Gempungan Pupuhu jeung Punakawan sa-Énonesia). Kabéh boga kahayang, kabéh boga poténsi jeung masalah séwang-séwangan. Mikropon teu sirikna lulumpatan, ujlang ajleng kaditu kadieu diparebutkeun ku nu hadir. Kertas balatak urut ngotrét pacampur jeung lalawuh nu teu béak-béak.

Keur anteng adu renyom, aya béwara, “Perhatosan.. Perhatosan…Ka sadayana nu hadir di ieu gempungan. Mugi tiasa réngsé satengah jam ti ayeuna. Margi badé di-stéril, persiapan kasumpingan Maharaja!!!”

Jep nu ngawangkong jempé, nu adu renyom balem. Husu nganggeuskeun konsép rékomendasi. Ngan nu riweuh téh barudak awéwé rumaja jeung ibu-ibu ngora nu hadir dina éta gempungan. Lalumpatan kaluar bari beungeut parias jeung morolok késang tiis.

Anggota Pampamja (pasukan pengaman maharaja) nu rék nyetéril éta patempatan panasaran, “Ceu!!, kunaon bet lalumpatan?”

“Sieun bisi ké geus kawin teu bisa reuneuh!!!”

Paspamja ngahuleng. Cag.(Akw).

Urug

Musibah tangtos teu aya nu hoyong, tapi kahirupan mah sa pakét. Bagja jeung tunggara, beurang jeung peuting ogé salamet jeung cilaka.

Fiksimini Basa Sunda*)

Photo : Ieu mung ilustrasi, minggon kamari urug gawir pengkereun bumi pun biang / potlang.

Rokaat ahir solat isya karék lekasan, kareungeu ngaguruh gigireun pangkéng tarik pisan. Sakedapeun mah ngahuleng teu puguh rampa, tapi haté leutik nyarita, “Nyingkah geura.. nyingkaah!!!”

Teu antaparah deui, gajleng muru si bungsu. Dirawu, dibawa lumpat kaluar ti imah, ngabecir sakulampat kulampét nyingkahan sora ngaguruh nu beuki rosa. Muru ka balé désa ngajauhan gawir nu keur ngamuk teu maké rarasaan. Ditukangeun kadéngé tingkocéak, sora tatangga nu katinggang runtuhan imah. Aya ogé nu teu bisa eungab deui, da kaburu ka kubur urug.

“Tulung.. tulung.”

Bekk!!!… bumi alam asa poék, awak leuleus taya pangawasa, laju rubuh, nangkuban.

Pas lalaunan beunta, kadéngé harénghéng loba jelema. Kaciri jalan lempeng ngamulungmung. Sapanjang deuleu caang baranang, langit hégar diguar béntang. Laleumpang séwang-séwangan, muru caang di juru kahayang. Uing maksakeun leumpang bari ingkud-ingkudan, muru timbangan nu nangtukeun papastén kahirupan. (Akw).

Samagaha Blu-mun

Mapay samagaha bari teu hilap kana purwadaksina.

Fikmin310118

Ki, hayu geura balik” Nini Iroh nyalukan salakina nu keur anteng tanggah nempoan langit.
“Sakeudeung mamih, Papih keur kakagokna yeuh, nungguan blu-mun” Saur si Aki bari panon mah teu ngarérét saeutik ogé ka jikanna.

Karasa hanjakal nyaliara, sabada dibere hape android pas ultah ka 83, Si Aki jadi anteng nyoo hapé. Incu kapopohokeun, si Nini dianggap euweuh.
Kabeuki mukaan WA, kaasup carita ‘blue moon’ dina WAgrup nu matak si Aki lain solat samagaha di masjid tapi muru ka pasir ngadon tatanggahan.

Nini teu éléh géléng, ngagedig balik. Ganti kutang nu maké busa, matak nyeungseung kana pinareup. Tuluy daster bulao kameumeut jeung jékét kulit. Gidig ka tonggoh neéang si Aki.

Nepi ka pasir, leungeunna si Aki dirawél bari tuluy diantelkeun kana dada si Nini, “Hayu uih ganteng.” Si Aki sura seuri bari nuturkeun jikan. Gerentes haté si Aki, “Ieu leuwih éduun, Blue mun-u-u” bari leungeun embung leupas ti si Nini. (Akw).

Taki-taki

Élmu luhung pangalaman réa, tapi dina mayunan parebut tahta, teu cekap ku siloka.

FikminSunda-270118

Angin peuting ngageuing rungsing, handaruan alah batan rébuan éngang. Nyuruwuk geterkeun haté ngoyagkeun angen, meulit kana rumasa ngaheumbat mamarasna.
Mapay sagara siloka, malih rupa. Ngagentraan ka balaréa pikeun tumut kana maksud taat kana pangajakna.

Photo : Diajar perang di Lembur Sade, NTB/potlang.

Mercayakeun amanat sora dina waktuna marebutkeun tahta. Sabab geuning ayeuna mah, sora Gusti téh nyaéta sing saha waé nu meunang sora pangréana.

Ki Ara nyerangkeun nu tihothat bari diuk dina béntang. Angin peuting ngadeukeutan. Ngaléndotan bari ngelél, cenah hayang disebut pikalucueun.

Leungeun Ki Ara ngusapan bari taki-taki, bisi ngajongkélat jadi angin puyuh nu teu bisa dibawa gunem catur da rumasa téréh boga kawasa.

Janari beuki simpé, angin peuting ngaléos dituturkeun wadya baladna. kukumpul tanaga keur tanding dina mangsa bulan purnama. Tilu warsih ti ayeuna pikeun marebutkeun tanah pajajaran. Ki Ara teu loba nyarita, ngaléngkah bari ngarénghap panjang. Teu lila tuluy nyarandé, capé.(AKW).

Nyingkahkeun Bangbaluh

Ulah pasrah sumerah tapi dilawan sakuat tanaga, insyaalloh pinanggih bagja

#FiksiminiBasaSunda

Leumpang ngagandeuang bari héhéotan. Haté bungangang sabab geus kacumponan kahayang. Dunya béngras titingalian cékas. Karasa bangbaluh écag tina taktak, leungit sanggeus bieu kabawa palid ku cai leuwi nu ngagulidag.

Lagu Piapalén karék 2 kali di héotkeun, ujug karasa deui bangbaluh hirup ngorowotan awak. Teu puguh datang ti beulah mana, langsung ningker raga ngabeulit rasa. Sirah jeung suku dibetot, atuh tikusruk di galengan. Teterejelan. Beungeut lamokot ku leutak.

Karasa deui aya nu meulit kana ati, meureut beuteung. Adug lajer teu cukup ku pasrah sumerah, tapi kudu di lawan sakuat tanaga. Bari titingkuheun maksakeun hudang, apay-apayan turun deui ka sisi leuwi bari mapatkeun jampé pamaké.

Nepi ka sisi walungan, néangan batu lampar paranti semedi. Suku ngajégang panon bolotot bari ngagorowok, “Nyingkah siaaah!!!”

Bummmmm!!!!

Tarik naker sora bangbaluh nu teu rido dilepaskeun tina raga manusa. Ngangkleung ngaléngléong, ninggalkeun uing nu teu walakaya. Nyangsaya dina batu sisi sungapan. Bagja. (Akw).

SÉMAH 070118

Dongéng sémah nu teu lana da geuning aya maksud salian ti ménta du’a.

Fikmin # SÉMAH #

Padungdung nu tarung parebut pulung, ngaléntab manah megarkeun katugenah. Jelema ginding riab ka lembur. Uluk salam ngabiwir amis bari ngagémbol jangji, engké mun jadi. Masigit haneuteun kobong teu molongpong. Kabéh awor jeung rasa bagja sabab pasantrén jadi jugjugan balaréa, ceunah mah marénta du’a. Mama Ajengan pabeulit ngatur jadwal narima sémah, barudak santri pakupis ngabantuan popolah bari memekel kitab sapinah.

Tapi geuning teu lana, usum nyémah jeung usum jangji téh lantis ku nyoblos sapoé. Poé kadua sanggeus nyoblos mah, nu kungsi nyémah téh haré-haré. Bujeng-bujeng ngobrolkeun jangji, dalah ditaros kalah ngaléos, ditepangan téh ngilang. Kitu ogé nu jeneng nyangking jabatan, kalah ngahékok wé di dayeuh beuteung seubeuh sirit baseuh.

Poé diganti minggu, minggu jeung bulan ngajaul taun. Nu nyémah riab deui, nu jangji leuwih ti hiji. Mama Ajengan jeung santri tos pada ngarti. Nu nyumbang tetep ditampi, tapi baligo nu dipasang mah gambar Mama Ajengan sareng istri sapiri umpi. (Akw).

Catetan : Ieu mah dongéng rékaan, sanes maksad saujratna. Nami, sebatan sareng tempat ogé ukur jadi rumpaka carita.

Bongé

Ngarujak poék dibaturan simpé, bari anteng ngaraga meneng.

*)FiksiminiBasaSunda

Photo : Mung Ilustrasi / Doklang.

Seubeuh nyuruput soré, ayeuna mulutan peuting. Poék mongkléng ditoélan, bari keukeuh teu bisa dihulag ku omongan. Teu kaop dicarék, ngadon molototan. Purnama dirawél béntang dibubat babét. Rungsing sakujur alam.

Ari sia nanaonan?” Sora ahéng handaruan nepi ka tungtung deuleu. Nu ditojo haré-haré. Batan ngalieuk kalah ka tuluy culubak celebek.

Sia téh bongé?” Sakali deui sora ahéng meulah jomantara parat ka tungtung langit. Karék manéhna ngarandeg, tilu gunung diburakeun jeung cai atah ti Citarum nu ngabayabah ngabau hangru. “Ngaing teu bongé Ki Sobat, ukur nyeri ceuli ngadéngé sia mangratus taun nyarita tapi euweuh nu mangrupa.”

“Geus hayu dibaturan, ari hayang mérésan mah” Sora ahéng rada leuleuy. Manéhna giak ngeureunan lampah. Sanajan poék geus téréh nepi ka mongkléng. Teu loba nyarita, duanana leumpang pakaléng-kaléng. Jangjian ngaraksa bumi ngajaga sagara keur sampeureun jaga. Purnama jeung para béntang sujud syukur bisa salamet tina sulaya. (Akw).