Lepat Jempol – Fbs

Geuning kanyataan hirup téh meuni nalangsa, ku teu pira jadi cilaka. Duh nasiiib.

Photo : Jempol uing mencét kibod virtual dina layar hapé/potlang

#Fikmin

“Kakak sudah makan pagi?”

“Geus tong loba ilé, maké basa sunda wé Jang!” Bah Suhro mapatahan Uto, adi beuteungna.

“Teu tiasa kitu kang, margi jikan dunungan kedah nganggo éndonésia waé, boh nyarios ogé sms atanapi WA.”

“Nya ari kitu mah, pék atuh. Sanajan kadé basa indung kudu dimumulé”

Uto miang ka imah dunungan, geus sabulan jadi supir kulawarga Haji Bahrum.

Pa Haji sasauran, “Engké upami tos jajap bapak ka kantor, wartosan pun bojo, badé ngiring moal ka dayeuh ba’da lohor. Pami badé, énggal jemput ku Uto”

“Mangga pa Haji”

Saatos jajap dununganna Uto nga-WA bu Haji, ‘Ibu mau ikut?’

Teu aya waleran dugi ka lohor. Ba’da lohor nepangan deui pa Haji. “Utooooo…. sia eureun gawé ayeuna kénéh!!!”

Uto ngahuleng carinakdak. Lalaunan tungkul samar polah. “Naon lepatna abdi?”

Hapé kaciri hurung keneh layarna, katingal seratan WA nu pamungkas dikintun. Mung lepat ngetik hurup K janten J, teu pira. (AKW).

***

Catetan : Ieu seratan mung rékaan, diwangun ku kecap nu kirang ti 150 kecap, lengkep ngadongéngkeun hiji adegan namina fikmin alias fiksimini.

Tuang Haratis

Hoyong barang tuang nu raos ogé haratis?.. palih dieu geura.

#Fikminbasasunda

Belewek… nyam.. nyam… lima ramo asup kabéh kana baham. Sangu konéng jeung lalawuh ngageleser kana tikoro, geus teu dicapék deui.
Bakakak hayam hideung direcah ku tiluan, semur endog digares teu nyésa. Pamungkas, urab, perkedél jeung kurupuk dibèakkeun. Sanyiru ledis ku tiluan, balakécrakan.

Ngahaja dalahar téh rurusuhan, da bisi kapanggih. Udud, endog atah, menyan jeung parukuyanna mah di teundeun da teu ngeunah didaharna.

“Euuu…” Teurab Si Entur ngajadikeun waspada. Teu diengkékeun, tiluan tingkoléséd ngajauhan tangkal kiara, baralik deui ka kobong pasantren bari susulumputan. Beuteung seubeuh, tengah peuting bisa dahar nu ngeunah pisan. Pungkilna hayam jeung ngerekesna kurupuk kacipta keneh… raos pisan tur haratis.

“Nuhun Mbah, sasajén simkuring katampi, mugi pamaksadan simkuring saénggalna ngawujud” Sora Mang Uju atoh, ningali sasajén keur sarat améh beunghar geus paburantak dihakan jurig. Nyembah bari maca jangjawokan.

Tangkal kiara seuri ningali manusa nu masih poékeun ku cocobi dunya.(AKW)

***

Catetan : Punten bilih saatos maos ieu seratan, teu mendak bahasan perkawis surabi. Kaleresan waé mikminna bari ngantri mésér surabi. Nuhun.

Adzan Magrib Pamungkas

Carita fiksi bahasa sunda dina sétting bulan puasa wanci rék buka.

#FikminBasaSunda *)

Photo : Masjid di Ngamprah KBB/dokpri.

Adzan magrib jadi idola ayeuna mah, teu kolot teu budak ngadepong nungguan sora ‘Allohuakbar Allohuakbar…‘ cicirén kualitas kaimanan di Nagara ieu geus ngaronjat.

Saregep di palataran masjid, nganghareupan sarupaning dahareun jeung inuman ogé 2 karung kurma, matak sugema.

Ngong adzan, ngadaru’a. Tuluy ngahuap babarengan, kolek, candil, bubur sumsum, pacar cina, sop buah, bubur kacang, aqua gelas, korma, bala-bala, géhu, rarawuan, témpé goréng, bakwan, martabak mini, balakécrakan. Inumeun ngajajar, cihérang, limun, sirop, entéh, kopi, susu, bandrék, bajigur jeung lahang.

Photo : Masjid di Desa Sade – Lombok NTB/dokpri.

Tapi teu maké itungan menit, béak kabéh teu nyésa. Kitu deui palastik jeung sèsa wawadahan ilang teu matak jadi runtah. Kaasup karpét jeung tihang, ornamén masjid puturul didalahar. Kulah jeung pancuran diuyup. Mimbar kana mix jeung toa disuruput, pamungkasna kubah masjid digereges, béak sagalana.

Solat magrib jamaahan jadina dina luhureun ruruntuk masjid, ngaheruk. (AKW).

***

*)Fiksimini Basa Sunda adalah tulisan fiksi dalam bahasa sunda berukuran mini, maksimal 150 kata dan tuntas menjalin sebuah alur cerita.

Batu Ngampar

Batu ngampar di Walungan, carita reujeung salira.

#FikminBasaSunda

Cai walungan hérang ngagenclang méré rasa tengtrem sakaligus honcèwang. Hiliwir angin ngélékéték pucuk awi, nyieun harmoni sora wirahma nu nurihan ati. Batin dareuda basa nempo batu ngampar, nu kantos dianggo calik, ngaréndéng sasarengan.

Harita, walungan Cidadap jadi saksi sajatining asih nu nepungkeun urang duaan. Salira tisolédat ba’da ngisang margi nincak batu leueur, di Leuwi Lutung. Uing nu keur ngarit rikat luncat muru walungan. Arit jeung tolombong jukut dibabétkeun, pikeun nyalametkeun salira.

Alhamdulillah, salira kadudut balik ka darat saacan dirawu lulun samak. Sanajan anggoan rangsak suku pasiksak.

Ti saprak éta, janten wanoh tur daria teras teu lami janten bébéné pangreugreug haté.

Hanjakal mung 3 sasih tiasa reureujeungan téh. Salira dina batu ngampar éta di legleg caah déngdéng, basa bebersih rurusuhan. Margi busiat waktos nuju ngarambét sisi walungan. Tilu dinten nembé kapendak, ngabugang.

Cai ngagenclang ukur harepan, hiliwir angin kantun lamunan. Geuning sadayana badami pikeun meunggaskeun pangharepan. (AKW).

Ngajagi Duriat

Waktos nu tos tangtos ngajalankeun takdir kahirupan. ulah hilap syukur miwah tasyakur.

#FikminSunda

Lalaunan beunta, ngahérang mapay lalangit diréncangan indung peuting. Jikan, ogé Neng Ayshaluna tos garugah, tiluan papelong-pelong.

“Wilujeng janari geulis, hatur nuhun kapungkur parantos nampi duriat aa. Seja sasarengan lalayaran dina sagara rumah tangga, dugika danget ayeuna.” Haréwos nyaah sateuacan sahur, ngiatkeun harepan mageuhkeun pamaksadan.

Anjeun imut bari rada tungkul, katingal rarayna bareubeu. “Kunaon geulis?”

“Teu nanaon a, mung kapeureupeunan” soanten anteb nenangkeun manah. “Asa kagagas, émut Apa” bari rarayna cengkat teras neuteup poto Apa almarhum, mitoha nu teu kantos pajonghok.

“Ibu… inih!!”, soanten murangkalih ngasongkeun bungkusan alit, lebetna kotak hawuk. “Apa ini sayang?”
“Addd..da aja.. dari ayah”

Sakilat dibuka, ngaborélak lélépén nu mageuhkeun duriat. Nu geulis cirambay deui, lalaunan ngaharéwos bari dareuda, “Hatur nuhun aa.”

“Sami-sami geulis”

Tiluan patangkeup-tangkeup bari ngadu’a, ngarawat niat samawa di dunya sareng ahératna. (AKW)

Sataun Katukang

Carita dareuda sataun katukang.

#FikminBasaSunda

Puasa nincak poé kadua, tapi geuning asa karasa beuki nalangsa. Lain pédah sahur jeung buka euweuh deungeunna, tapi nu asup kana baham diracek ku peujit geus leungit saripatina. Tinggal hampas kamelang nu meulit dina implengan. Ngahunyud minuhan uteuk, nutup kahayang jeung jadi pamalesan.

Kunyam kunyem du’a jeung salawat, pan keur diajar pasrah. Tapi angger wé ilang rasa jeung teu bisa. Teu bisa kawas taun kamari. Nyeri ati maratan langit. Nyiwit pingping susuganan ieu téh ngimpi. “Wadaaw nyeri anyiing” Ngagorowok bari carinakdak.

Dina mangsa buka, bakakak hayam jeung sambel goang ukur jadi pupulasan, sangu beureum panen kahiji teu jadi matak kataji. Lauk guramé, beunteur, jéngkol jeung dadar endog maké peuteuy, lain kabita tapi ngarakrak jiwa ngumbar cisoca.

Kasono teu bisa dipungpang, kahayang kudu laksana. Sanajan nyaho résikona. Lalaunan leumpang muru ka enggon, néangan salira. Muka wadah huntu palsu, bray.. salira imut bangun karunya. Bréh dina eunteung, beungeut kemong huntu ompong, tawéhwoh. (AKW).

Wadul

Ulah ngawadul ah…

#Fikmin.

Photo : “Ieu nuju ngawadul?.. cobi tebak para sadérék.”/poltang.

*** WADUL ***

Haté kabéngbat ku rindat socana, manah ngaguruh janten hilap kana sagala rupi pangaweruh. Teu pira pédah anjeun ngaharéwos, “Mang ulah geruh.”

Geuning ngagem rusiah téh matak bagja, mimitina mah. Tapi geuning lila-lila téh teu karasa jadi tukang ngawadul jeung jago nyingcetkeun omongan. Sabab naon, sakali ngawadul ditutupan ku wadul nu lianna.

Tapi mun geus panggih jeung anjeun, sok leketey amarah ngilang diganti nyaah. Komo mun ngupingkeun soanten halimpuna, “Sabar nya Mang, ieu dina raraga ngudag kahayang.” Uing unggeuk jiga bueuk.

Tapi geuning, waktu jeung jaman mah tara codéka. Geus mangsana kudu nyaho saujratna, ngabolékér dosa manéhna. Geuning jangji téh ka sasaha, kabéh ngeukeuweuk harepan jeung angin surga. Padahal ukur haseup rahul nu jauh di alak paul.

Untung wé bisa beunta ayeuna, mun henteu, meureun tiwas cilaka. “Dadah babay béb” Ceuk uing bari ngingkig, anjeun imut kanjut bari samutut.

***

*)Catetan : bilih panasaran kana ilustrasi poto diluhur. Éta téh nuju ngabuktoskeun kempés heunteuna ban mobil. Janten ngabuktoskeun sanés ‘wadul’.

“Teras naon hubunganna sareng dongéng ‘wadul’?… Ah teu aya. Da geuning ban téh leres kempés. Héhéhé, Wilujeng imut ka***t.” (AKW).

RUJIT

Geuning sabar téh teu aya watesna..

Photo : Aki nuju mapatahan Néng nini / Doklang.

#FikminSunda

Sakecap natrat sakalimah ngagurat, lambey nu janten cukang lantaran dibantos ku létah nu teu weléh ngumbar amarah. Tapi ulah hilap réhna sadaya ucap tur paripolah téh diatur ku wirahma manah nu sakapeung mah pasalia sareng uteuk nu ngutamikeun asak pikir.

Kecap ‘rujit‘ tiasa janten mamala upami diréncangan ku kecap ‘aing mah’ komo bari raray ngabalieur, beuki angot ningalikeun kaceuceubna.

“Salah sawios landong pikeun ngicalkeun rujit haté nyaéta kedah seueur syukuran kana naon waé anu aya dina kahirupan urang, ulah nungtut waé hoyong sampurna sagala rupi téh, kitu néng” Soanten leuleuy Ki Sumanta mapatahan Nini Uti nu manyun bangkenu nincak poé ka duapuluh tilu.

“Rujit aingah ngadéngéna!” Nini Uti ngagorowok tuluy ngaléos.

Ki Sumanta ngaheruk, rumasa can bisa mapatahan jikan nu baheula dipikacinta. Kecap ‘rujit‘ ngorowotan duriat. (AKW).

Cirambay

Aya-aya waé ari nuju di jalan téh.

Pas eureun na lampu beureum. Brakk!!! Kaca tukang aya nu ngababuk, sajorélat ngalieuk. Kaciri ditukang loba motor. Uing muka panto supir, turun katukang.

“Nanaonan ari sia, bet neunggeul kaca mobil teu pupuguh?” Uing muncereng napsu ngaguruh. Manéhna molotot euweuh kasieun. Uing maju bari ngaluarkeun jurus monyét ngagugulung kalapa, méh bisa nonjok tah si pikasebeleun téh. Pas peureup rék antel kana beungeutna, kaciri éta jelema téh geuning cirambay. Kabeneran manéhna maké hélm sapotong.

Reg peureup eureun, uing galaw. “Tuluykeun ngahabek atawa tanya heula?” tapi tibatan jadi matak mending nanya heula. “Kunaon siah jagoan téh bet ceurik?” Uing nanya bari rada muncereng. Manéhna tungkul bari nempo kahandap. Ana bréh ramo suku katuhuna katindihan ban mobil nu uing. Gebeg téh, beretek uing lumpat naik kana mobil, maju saeutik.

Si bapa ngagolér tuluy dipayang asup na mobil uing, muru ka rumah sakit. karunya ramo suku limaannana jadi jempol sakabéhna.

***

Catetan :

Ieu fiksimini basa sunda Seratan simkuring 2 taun kapengker, ping 12 April 2016. Diropéa saciwit. Wassalam.(AKW).

Telat

Ah pokona mah.. kitu wéé.

#FiksiminiSunda

Lénglang jalan ngahudang kamelang. Tiis tingtrim nyelesep kana jajantung. Rasa rumasa nyeblak teu loba carita. Kakeueung nganteur kahayang nu tacan kacumponan.

Leungeun sampulur nu ti tadi nyangsaya dina lahunan, ayeuna ukur lamunan. Ngiles seungitna leungit rupana, dibulen mongkléngna peuting.

Tapak lacak laku lampah, ngagambar atra dimana jeung iraha. Sosonoan jeung anjeun, sanajan judulna dosa tapi dikeureuyeuh, da geuning raos atuda.

Ayeuna sadayana janten matak sagalanan baruntak. Padahal teu loba kecap nu jadi ucap, ukur sakalimah nu ngajadikeun amarah, “Enéng telat Kang!.”

Asa ngajelebèt kana mamaras,

“Naha ayeuna bébéjana?”
“Pan ceunah geus tarapti?”
“Boa-boa ukur ékting?”

Pagaliwota panyangka gancang diropéa ngarah teu jadi carita, komo deui asup mèdia. Anjeun ngoléséd bangun surti, ngécagkeun bangbaluh teu loba ngarahuh. Didieu, di batas jalan tol Km123 Cipali, anjeun nyangsaya salilana. (AKW).