SENSOR – fbs

Ningal sènsor dina dashboard mobil kucap kiceup.

Sènsor panto muka / istimewa.

FIKMIN # SÈNSOR #

Nyetir wanci sareupna saatos tadi ngalongok domba di wewengkon Cipunagara. Ujug – ujug èmut paguneman tadi.

Ang saèna mah ngèndong. ènjing bada shubuh uihna,  palaur”
Diwaler tatag, “Kalem Mang, meungpeung nganggo mobil jagjag”
Mang Ibro nu maro domba ngajentul.

Mobil Ioniq 6 lalaunan nebihan buruannana.

Ayeuna mobil nyaketan ka leuweung jati lebet jalur jalan nu beuki awon tur rumpil.

Tiit.. tiit.. tiit
Sensor mobil disada, ditingal dina dashboard sadayana beureum,  boh dipayuneun mobil, kènca katuhu ogè dipengker. Tapi ditingali payuneun mah lowong ukur tangkal jati ngajajar.

Paling gè sènsor èror” kitu gerentes hatè.

Tiit… tiiit.. tiit
Sajorelat katingali dina dasboard panto kènca teu pageuh. Tapi teu lami sènsor panto normal deui.

Ningali deui ka payun, jalan angger sapertos nu tadi. Asa lami pisan dugi ka jalan ageung, biasana mah 15 menitan.

Sabot hemeng kana kaayaan, gigireun aya sora. “Sabar Sarjang keudeung deui”  Uing ngalieuk. Brèh tèh nu nyèrèngèh makè boèh. Cag. (AKW).

SAHA NAMINA? – fbs

Siapa yang tahu namanya? neda dibantos.

Fikmin #Saha Namina?#

Tos badè sabelas sasih sasarengan sareng anjeuna, tepang munggaran di masjid Arrahman wanci bada shalat magrib. Ngawitanna mah biasa wè nepangkeun margi ngalih padumukan ka ieu wewengkon. Jalmina bageur tur akuan, janten teu asa ka nu sanelès, ènggal akrabna.

Jadwal netepan lima waktu aya waè, shubuh magrib isya tara kalangkung. Upami asyar sareng lohor mah da sami – sami kuli di luar wewengkon. Iwal dinten libur, sok aya siang ka sonten di masjid. Pangaosan bapak – bapak aya pangpayunna, dina tadarusan, ngaosna saè.

Mung unggal dipiwarang janten imam, alimeun. Boh shubuh atanapi lohor asyar. Mugen wè. Kalebet daptar imam harian ogè alim. “Keun abdi mah ngama’mum waè” kitu waleranna tèh. Ti ngawitan tepang teu apal nami aslina. Tatanggi ogè sumawonna.

Alhamdulillah kapanasaran tèh kacumponan, dina mangsana Si Abang nyungkeun bantosan ngalereskeun perpanjangan KTPna sareng Kartu Keluarga. Apal ayeuna mah namina, tur alesan alim janten imam shalat tèa. (AKW).

***

Namina dina KTP : Bapak JAMAAH.

MASANTREN DEUI – fbs

Pangalaman diajar khutbah.

FIKMIN # MASANTRÈN DEUI #

Alhamdulillah beurang caang baranang, srèngèngè nyèrèngèh ku sakabèh huntu. Uing saged geus mandi jeung seuseungitan, teu poho makè baju koko,  kopèah hideung sarung nyiripit. Indit ka masjid jadwal jadi khotib.

“Alhamdulillahilladzi hada naa lihada…..” karèk bubuka geus loba nu heuay jeung mimiti tarungkul.  Wah kudu khutbah nu seger mèh calènghar. Mimiti ngadongèng nu rada pikaseurieun, leungeun pepeta. Kaciri jamaah jumaah curinghak. Uing atoh, nambahan deui  carita bodorna. Ger sarurak, keprok bari seuri akey-akeyan.  Ngan jajaran beulah katuhu, Haji Samidi Ketua DKM , Ulis Nono jeung Ajengan Umid nu jamotrot. Duka kunaon.

Khutbah kahiji rèngsè diteruskeun khutbah kadua mah teu loba carita. Langsung waè ngadu’a, tuluy shalat jumaah.

Rèngsè jumaahan, Uing diriungkeun ku Ketua DKM, Pak Ulis ogè mama Ajengan. Langsung dibere putusan, “Jang wayahna teu kudu jadwal ngeusi deui khutbah jumat nya. Masantrèn deui geura. Diajar bag bagan syarat sah shalat jumat”

Uing calangap, kopèah ngulapès. (AKW).

Di buruan – fbs

Sugan tèh kitu, ari pèk…

FIKMIN # DI BURUAN #


Bapak punten widi badè ka Solo heula ngalongok pun anak, kaleresan tugas jagi posko di Semarang nuju off”
“Sok atuh, kadè uihna ulah telat”
“Hatur nuhun”

Biur nyetiran ambulan di baturan si Jae. “Sugan wè aya tol goib nya, jadi bisa sakilat nepi ka Solo tèh”

Tong saomong-omongna Mang, Pamali” Jae mairan.

Uing tonggoy nyupiran nempo jalan. MImiti asup kana gerbang tol tapi asa cakueum. Asa jempling. Gas ditincak, mobil ngagaur tapi teu narikan. Diangkat gas tèh, angger mobil ngoloyong.

Jaè asa keueung nya” Uing ngomong bari ngalieuk ka manèhna. Gebeg tèh, beungeutna pias mencrong kosong, teu ngceup. Bulu bitis nepika bulu kumuut muriding “Naha bet kieu”

Inget kana ajaran Mama AjenganTonjong, lafalkeun ayat kursi, “Allohulailaha illa huwal hayyul qoyumm….”

Burinyay,. Bray jalan caang hareupeun. Tapi lain jalan tol nu ka Solo. Tapi keur ngajengjen parkir di buruan Lawang Sewu Semarang. Cag.

REUWAS BERJAMAAH fbs

Alhamdulillah, bisa menulis kembali meskipun REUWAS.

SODONG, akwnulis.id. Alhamdulillahirobbil alamin bisa menulis kembali dengan cepat berdasarkan sebuah ide yang hadir begitu sekejap. Diawali dari diskusi pagi bersama kawan – kawan satu divisi ternyata hadir sebuah pengalaman pribadi yang menjadi esensi tulisan ini. Tapi karena sudah lama juga tidak menukis dengan. Ahasa sunda, maka dituangkanlah dengan menggunakan bahasa sunda akrab (loma) yakni dengan bahasa pembicaraan sehari-hari.

Bagi yang belum dan tidak paham dengan bahasa sunda, tinggal acungkan tangan atau DM (direct message) saja di akun media sosialku ya. Bu Enung makasih atas idenya dan ijin untuk menulis menjadi sebuah cerita. Selamat menikmati.

FIKMIN # REUWAS BERJAMAAH #

Awak asa harampang tur ngeunaheun, panon bèngras culang cileung ningali jalma karumpul di jero masjid. “Aya naon nya?”
Dihareupeun aya layon dirariung, ngan teu pati jèntrè sabab kahalangan. Lalaunan ngadeukeutan hayang ècès saha nu tilar dunya tèh.

Ngahaja leumpang nguriling, teu lila anjog hareupeun layon nu dibungkus boèh sapuratina. Beungeutna acan katingali, teu apal saha – sahana.

Tapi hareupeun layon aya lanceuk jeung adi urang keur nyegruk ceurik jeung jikanna. Kabeneran leungeunna ngarongkong ka layon rèk muka lawon nu nutupan beungeut layon. Uing panasaran ngadeukeutan, bari ngaharewos, “Aa saha nu ngantunkeun?”

Tapi lanceuk tèh harè – harè. Pas lawon nu nutupan raray dibuka. Gebeg tèh, naha beungeut uing?.. leng langsung kapiuhan, ngadadak poèk mongklèng.

Pas muka panon deui, keur ngagolèr ngan asa dibakutet. Ugal ugil hayang diuk, hareupeun kaciri beungeut lanceuk jeung adi – adi nu sepa. Nu ngariung lalumpatan, reuwas berjamaah. Marbot lumpat muru mik masjid, “Assalamualaikuuuum.. Enung teu janten maoot!!!.”

***

Terima kasih sudah berkenan membaca celotehanku di pagi hari ini. Ayo tetap semangat menjalani hari – hari. Ada pantun yang bisa juga mewakili, cekidot :

Sambil lari Makan ketupat
Hati – hati keselek nanti nangis

Mari semakin semangat
Menjalani Hari Kamis.

WassalamualaikumWrWbr. (AKW).

DISEUSEULAN – fbs

Teu pupuguh bendu, janten weh…

FIKMIN # DISEUSEULAN #

BOGOR, akwnulis.id. Sora handaruan tutunjuk bari molotot. Ngaran sato disebutan, aya ajag, mèong congkok, ogè bagong jeung anak londok. Bèntar di langit ngariluan, cai hujan sèah maturan.

Kuring balem, teu dipasihan kesempetan ngawaler.. Sia, manèh, èntè, belegug paburisat deui dina payuneun raray. Kaluar tina baham jalmi nu ngangken tokoh tur ceunah ‘gaduh seueur jasa.’

Punten bapak, teu aya maksad….”
“Geus cicing teu kudu ngajelaskeun, pokokna saya ngarasa teu dihargaan!!!” Anjeunna motong bari morongos.

Kuring ngarènghap bari melongkeun, “Euleuh ku naon si bapak ieu?”

Pas anjeunna ngangkat panangan, katingal bade nyabok.

Brukk!!!

Ujug – ujug ngajengkang kapayuneun, ditubruk bagong ti pengker. Teras ngagoak tarik pisan da panangan katuhu digègèl ajag. Dipengkereun ngagerem mèong congkok, “Aya naon nyalukan kaula lur?”

Hujan ngadadak raat, langit bèngras tapi simpè.
Nu tadina barangasan, ayeuna mah leuleus. Beungeutna sepa awakna ngadègdèg. Bahamna rapet teu tiasa nyarios.

Mèong congkok ngiceupan, ajag sareng bagong tinglalèos. Kuring imut bari ningalikeun sihung. (AKW).

PAHALA – fbs

Mengendalikan emosi itu seni.

CIKOLE, akwnulis.id. Nembè gè lebet, Ojat kaluar deui ti jamban bari ambek-ambekan, “Saha nu kiih teu dibanjur, geuleuh bau hangseur”

Ama Kiai Sholeh kaleresan nuju aya caket jamban, atuh kareungeu pisan. Anjeuna imut bari sasauran, “Teu kedah keuheul Jang, banjur wè, pahala”

Muhun Ama”
Ojat lebet deui ka jamban, teu seueur sasauran. Jempling.

Ama Kiai katingal kukurilingan dicaket jamban bari ngaroris pelak cèngèk, waluh sareng bonténg teu hilap nitènan balong mujaèr kagungan pasantren. Tangtos bari dzikir takbir tahmid.

Teu lami Ama Kiai muru ka jamban deui pas ningali Ojat nu tos rèngsè miceun taeun.

Nembè gè muka panto jamban, Ama Kiai ngagorowok, “Astagfirulloooohal adziiim Ojaat!!”

Di jamban katingal èè ageung ngadungkuk campur cipapang ngeuyeumbeu.

Tikatebihan Ojat ngagorowok, “Pahala Ama… pahala.” (AKW).

CSR – fbs

Ditawisan tèh, kalèkèd.

CSR (Corporate Sosial Responsibility)

KOTA, akwnulis.id. Tengah peuting di péngkolan nu rada suni kaciri hiji wanoja rancunit maké mantel bulu ngadeukeutan bapa-bapa jeung nonoman nu keur ngariung. “Punten bilih aya nu badé ngersakeun, mangga haratis”, éta wanoja bari mukakeun mantel buluna.

Astagfirullohal adzim, nanaonan ieu téh?”, Abah Sarmad ngarénjag bari melong. Jang Ibro jeung Cép Duléx ogé mencrong teu kiceup-kiceup.

Mang Bahro tungkul bari kunyam-kunyem babacaan. “Badé moal?”, wanoja rancunit naros deui kanu karempel. Hookeun.

Keur ting haruleng, katingali dua urang Satpol PP muru ka éta patempatan. Wanoja rikat nutupkeun deui mantel buluna, ngan teu tiasa lumpat da kabujeng dicerek.

Di pos keamanan wanoja téh ditalék, “Anjeun ngalanggar Perda Asusila, wayahna kudu dihukum”.

Teu rumaos ngalanggar abdi mah pa, da tadi mah sanés icalan. Diharatiskeun malih mah”, eta wanoja ngabéla diri.

Naha bisa kitu?”

Muhun abdi téh kaleresan dinten ieu icalanna mucekil, malih mah batina ageung. Tah nu nembé nawisan haratis téh dina raraga CSR”. (AKW).

VARIASI – fbs

Diskusi singkat tapi bermakna..

FIKMIN # VARIASI #

Lalaunan mapah ngabujeng ka tepas, seja nepangan  mitoha, Ama Haji. Katingal anjeuna nuju sila tutug, melong ka payun bari teu hilap ngenyot udud bako molè di bungkus daun kawung. Ni’mat katingalna.

Assalamualaikum Ama, kumaha damang?” Uluk salam kalawan ajrih, teu hilap rengkuh kanu janten sepuh. “Euleuh Sarjang, Alhamdulillah. Iraha ti dayeuh?”

Tadi ba’da lohor Ama, hapunten nembè tiasa nepangan”
Teu nanaon Sarjang, nu utama mah sarèhat sakabèhna. Naha awak bayuhyuh deui?” Ama melong kana patuangan ogè damis nu nyurungkuy deui. Rada nyereng.

Papagah Ama leumpang sapoè 5 kilo jeung push up 100x jigana tos kahihilapkeun nya?”
“Teu pisan – pisan Ama, masih dilakonan. Mung push upna rada aya variasi”

Variasi kumaha Jang?”
“Muhun, nembè 10x dina ubin, pun bojo piwarang naèk kana risbang, kangge neraskeun push upna Ama” lalaunan ngawaler bari rada isin.

Ama imut ngagelenyu bari ngenyot rokona, “Si Nyai mah nyeplès indungna.”

***

Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda yang menemani perjalanan tugas di tol Cipularang menuju agenda dinas ke Depok. Wassalam, AKW.

VARIASI – fbs

Diskusi singkat tapi bermakna..

FIKMIN # VARIASI #

Lalaunan mapah ngabujeng ka tepas, seja nepangan  mitoha, Ama Haji. Katingal anjeuna nuju sila tutug, melong ka payun bari teu hilap ngenyot udud bako molè di bungkus daun kawung. Ni’mat katingalna.

Assalamualaikum Ama, kumaha damang?” Uluk salam kalawan ajrih, teu hilap rengkuh kanu janten sepuh. “Euleuh Sarjang, Alhamdulillah. Iraha ti dayeuh?”

Tadi ba’da lohor Ama, hapunten nembè tiasa nepangan”
Teu nanaon Sarjang, nu utama mah sarèhat sakabèhna. Naha awak bayuhyuh deui?” Ama melong kana patuangan ogè damis nu nyurungkuy deui. Rada nyereng.

Papagah Ama leumpang sapoè 5 kilo jeung push up 100x jigana tos kahihilapkeun nya?”
“Teu pisan – pisan Ama, masih dilakonan. Mung push upna rada aya variasi”

Variasi kumaha Jang?”
“Muhun, nembè 10x dina ubin, pun bojo piwarang naèk kana risbang, kangge neraskeun push upna Ama” lalaunan ngawaler bari rada isin.

Ama imut ngagelenyu bari ngenyot rokona, “Si Nyai mah nyeplès indungna.”

***

Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda yang menemani perjalanan tugas di tol Cipularang menuju agenda dinas ke Depok. Wassalam, AKW.