
FIKMIN # CURUK #
Teu pira, pèdah ngangkat telepon hareupeun dunungan, “halow mah, sakedap nuju rapat kènèh”
Gantawang tèh dunungan ngajorowok bari tutunjuk, “Kaluar siah, apal teu urang tèh keur ngabahas nagara?!!”
Babaturan gigireun carolohok, komo barudak OB mah teu sirikna sepa. Padahal bahasanna tèh nasib gaji OB keur taun hareup.
Uing teu gimir, nempo curuk ampir antel kana irung. Nangtung bari melong ka dunungan tapi teu ngomong nanaon. Ukur melong wè. Jadi aya dua jalma nu nangtung dina ieu gempungan. Nu lianna diuk bari teu puguh rarasaan.
“Diuk siah!!” Dunungan nitah bari curuk masih nojo kana beungeut. Uing ngajengjen nantung, bari melong kosong. Tina samenit nepi ka lima menit, posisi angger. Uing mah nangtung wè. Dunungan masih molotot bari nunjuk. Teu karasa nepi ka opat jamna. Tungtungna gempungan bubar sabab lampuna dipareuman ku satpam da geus liwat tengah peuting. Uing balik bari ngararasakeun suku cangkeul da lila nangtung. Dunungan mah cangkèpèr. (AKW).
