
Seratan simkuring parantos tayang dina kabarsunda.com kaping 1 Desember 2024.
CIMAHI. Wanoh sareng nu namina kopi tangtos sanès sadinten dua dinten. Tapi ti nuju alit ogè parantos terang wirèhna kopi tèh salah sawios cai eueuet salian ti cai hèrang ogè cai entèh. Sakumaha ilaharna di lembur, cai kopi didamelna tina kopi bubuk, gula bodas dibanjur cai panas. Dina cangkir, emuk atanapi gelas. Boh gelas kaca, gelas palastik ogè tina sèng. Gelas sèng nu rada ageung disebatna bekong.
Tah ti aalit, tos apal kopi tèh rasana pait. Kukituna kedah digulaan, boh gula beureum atanapi gula bodas. Kopina tiasa mèsèr ti warung atanapi kopi kenging nutu. Mung teu patos resep, margi langkung resep kana sabangsaning limun atanapi nu aya merkna mah 7up sareng mirinda. Tapi upami teu aya mah cai hèrang ogè cai entèh waè.
Kacaturkeun waktos teras majeng, tina minggon janten sasih. Sumawonna meuntas taun malih mah puluhan taun nu ahirna saatos nambih sawawa tur laki rabi janten robih mayunan inuman nu namina kopi. Upami dietang mah ngawitan taun 2015 rada rutin ngaleueut kopi tapi nganggè papagon istuning kopi wungkul teu ditambih ku gula, susu atanapi krimer. Ngadamel hiji singketan nyaèta KOHITALA (kopi hitam tanpa gula) upami dina basa sunda tangtosnya janten KOHIKULNA (kopi hideung wungkul aslina).

Nu janten cukang lantaran nyandak jalur kohikulna teh tangtos ngemut tina sisi kasehatan utamina ngirangan tuang leueut gula ogè susu sareng krimer. Rumaos awak badag bayuhyuh malih mah ngawitan nèrèkèl badè dugi ka sakintal. Nu salajengna ogè ngulik kopi hideung teu digulaan ieu tèh sanès ukur dicampur cai panas atanapi kopi tubruk, nanging nganggè cara ngadamel kopi nu disebatna ‘manual brew’ nganggè kertas saringan ogè corong sapertos aseupan alit nu namina corong V60.
Dina ninyuhna ogè seueur papagon, istuning sapertos anu masak. Ti ngawitan kedah aya timbangan, kertas saringan, corong V60, ogè siki kopina teu sambadangan digiling tapi aya sebatannya teh giling badag kangge ditinyuh v60. Teras sakali ninyuh tèh paling sakedik 15 gram siki kopi, ditinyuhna kedah ngangge cai panas nu diukur dina 90 – 92 ° celcius supados hasilna sugema. Ninyuhna ogè saena ngangge teko beuheung soang (goose neck) supados cai nu dikucurkeun tiasa fokus kana siki kopi nu parantos digiling. Ulah hilap muterkeun cai tinyuhanna sami sareng muterna jarumnya alias muter ka katuhu heula.
Aya nu hilap, cai panasna ogè diukur teu kenging sagawayah. Biasana nganggè 120 mili liter. Janten kedah aya alatna nu paheut ngukur jumlah caina. Kanggè nu alim riweuh mah kantun angkat waè milari kedai kopi atanapi cafe nu sayogi kopi tapi nganggè metode ninyuh sapertos diluhur. Seueur di kota bandung miwah sabudereunna, ogè di daèrah teu sesah milarina. Engkè dina seratan salajengna urang pedar tempat ngopi nu kantos di dongkapan.

“Naon raosna ogè naon bentenna sareng kopi tubruk biasa?”
Hiji patarosan nu parantos umum katampi. Nu kahiji tangtos hiji pangalaman dina proses ngadamelna tèh tos ngarupikeun kanikmatan, tiasa ngobrol sareng baristana, sikina nu kumaha timana, cara ninyuhna bari ngantosan hasilna. Nu kadua, salami smkuring nganggè pola ninyuh manual vrew V60 ieu, hasilna tèh rasa nu jujur, saayana anu tiasa dibagi janten tilu. Nyaèta Body, Acidity sareng Aftertaste.
Upami Body mah ngaraoskeun antawis pait sareng henteuna, ogè paitna teh pisan molèlèl dugi ka napel dina elak – elakan atanapi pait biasa sakumaha kopi ilaharna. Tah Acidity mah janten ciri kopi hasil taneuh jawa barat atanapi java preanger nu gaduh ciri khas haseum bungbuahan atanapi fruity. Janten pilihanna haseum pisan, haseum sedeng atanapi haseum hampang. Nu katilu nyaeta After taste, ieu anu utami dina ninyuh manual tèh. Kumargi kopi ngagaduhan pasipatan nyerep kana rasa tatangkalan, tutuwuhan tur bungbuahan disabudereunna janten ku proses anu leres, èta rasa – rasa tiasa ngiring dugika dina gelas hasil racikan barista. Tiasa aya jeruk sitrun, nangka, ganas, campedak, kacang taneuh, coklat tur sajabana, tangtos rasa ieu tiasa karaos ku letah anu seueur latihan alias seuer ngopi teu digulaan tea.
Tah samentawis kitu dongèng simkuring sareng kopi teh, engkè urang lajengkeun dina seratan sanesna. Wilujeng ngopi lur. Wassalam (AKW).













































