DISEUSEULAN – fbs

Teu pupuguh bendu, janten weh…

FIKMIN # DISEUSEULAN #

BOGOR, akwnulis.id. Sora handaruan tutunjuk bari molotot. Ngaran sato disebutan, aya ajag, mèong congkok, ogè bagong jeung anak londok. Bèntar di langit ngariluan, cai hujan sèah maturan.

Kuring balem, teu dipasihan kesempetan ngawaler.. Sia, manèh, èntè, belegug paburisat deui dina payuneun raray. Kaluar tina baham jalmi nu ngangken tokoh tur ceunah ‘gaduh seueur jasa.’

Punten bapak, teu aya maksad….”
“Geus cicing teu kudu ngajelaskeun, pokokna saya ngarasa teu dihargaan!!!” Anjeunna motong bari morongos.

Kuring ngarènghap bari melongkeun, “Euleuh ku naon si bapak ieu?”

Pas anjeunna ngangkat panangan, katingal bade nyabok.

Brukk!!!

Ujug – ujug ngajengkang kapayuneun, ditubruk bagong ti pengker. Teras ngagoak tarik pisan da panangan katuhu digègèl ajag. Dipengkereun ngagerem mèong congkok, “Aya naon nyalukan kaula lur?”

Hujan ngadadak raat, langit bèngras tapi simpè.
Nu tadina barangasan, ayeuna mah leuleus. Beungeutna sepa awakna ngadègdèg. Bahamna rapet teu tiasa nyarios.

Mèong congkok ngiceupan, ajag sareng bagong tinglalèos. Kuring imut bari ningalikeun sihung. (AKW).