EUWEUH GURU – fbs

Ngiring ngareuah-reuah Hari Guru..

fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiksi singkat (mini) berbahasa sunda yang sudah membangun sebuah cerita dengan batasan 150 kata.

EUWEUH GURU

Kelas haneuteun ku nu tatalu, mèja jeung korsi ditarepakan bari èak-èakan. Pak duk pak duk duk, pak!!

Asyik euy, jam bèbas, guruna euweuh”

“Urang nyanyi lurr!”

Bagja mah teu pira, pedah meunang bèja guru matèmatika gering, teu bisa ka sakola. Langsung sèah jugar, lain ngadu’akeun guru gancang cageur.

Uing mah bosen tatalu, kabeneran boga kènèh stok petasan badag jeung kertas pahpir. Langsung ngulik, sumbu petasan dilinting kertas pahpir tuluy di hurungkeun. Lalaunan disimpen di jero mèja guru. Niatna ngareureuwas babaturan.

10 menit geus kaliwat, tapi petasan acan ngabeledug. Babaturan maceuh kènèh jarogèd bari tatalu.

Tok tok tok!, kèrèkèt… panto kelas muka. Jep sakelas jempè. “Wilujeng ènjing barudak, ibu ngalèbetan heula pelajaran jam ayeuna, mangga disiapkeun buku tulisna” Bu Fatimah guru basa inggris nu anom tur geulis nyarios, teras nyaketan meja guru, gèk calik dina korsina.

DHUARRR!!!…. Petasan ngabeledug, Bu Fatimah kapiuhan, nyangsaya handapeun korsi. Barudak paburisat. Uing ngajengjen, tanggung jawab. (AKW).

NGUREK – fbs

Nèangan belut dina galengan kahirupan.

Fikminbasasunda

(FBS, fiksimini basa sunda adalah Sebuah cerita fiksi singkat berbahasa sunda maksimal 150 kata sudah membangun satu cerita)

Photo : Nelayan memanggul belut raksasa, ini ilustrasi saja.

NGUREK

Leumpang mapay galengan kahirupan bari leungeun katuhu mekel kenur keur nèangan belut nu haat ihlas maturan dahar pabeubeurang. Suku nincak galengan lalaunan, panon rancingeus nempoan liang.

Keur anteng nitènan liang, aya sora, “Ieu palih dieu” aya sora ècès beulah kènca. Dilieuk tèh aya liangna. Langsung cacing dikaitkeun jadi eupan, tuluy kenur diasupkeun kana liang.

Srett, nudd… aya nu narik kenur, langsung ditahan, ulur saeutik, bedol, ulur, bedol deui. Alhamdulillah belut badag nyanggut dina kenur kojo ieu.

Belut sampulur konèng omyang, ngagantung anteng teu gugurubugan, dideukeutan panonna siga nu melong, “Enggal laan ieu useupna Cèp, cangkeul

Gebeg tèh, geuning belut anu ngomong. Buru-buru useup dilaan, belut disimpen dina èmbèr. Panasaran lalaunan ditanya, “Naha Anjeun bisa ngomong”

Belut imut bari ngajawab, “Santuy waè Cèp, geus takdirna Uing di urek tuluy diasakan jadi batur dahar manusa. Èta bakti sato di dunya”

Cep Otang ngahuleng, laparna leungit tapi meunang pangalaman hadè pikeun nafakuran kahirupan. (AKW)

***

Note : Penjelasan singkat terkait beberapa fiksimini dalam bahasa indonesia bisa di lihat di channel yotube : fiksiminibasasunda.

Plèn Bè – fbs

Geuning teu sami sareng nu dibayangkeun…

Fbs (Fiksimini Bahasa Sunda) adalah Sebuah karangan fiksi pendek maksimal 150 kata berbahasa sunda.

PLÈN BÈ

Teu seueur saur nalika Haji Ukan muragkeun putusan, ulah gaduh kahoyong nu diluar kamampuhna. Ditolak sapagojodan niat saè hoyong mihukum Nèng Anis nu janten murangkalih istri pang ageungna.

Hatè gudawang, teu aya kecap tur kalimah nu tiasa ngawakilan pegatna rasa tur runtuhna silaturahmi nu tos dipupuk ku duaan. Kitu deui paroman tuang rama, geuneuk nahan rasa tapi dalah dikumaha, kedah aya nu ngèlèhan. Pun biang tungkul bari rambisak.

Mangga Pak Haji, Simkuring sakulawargi amit mundur, hapunten parantos ngawagel waktosna”

“Nya mangga”

Dina panther rèntalan, pun bapa bendu, “Si Sarjang mah teu puguh, ngadon ngajak kanu teu eucreug, èra bengeut Jang!”

Uing tungkul teu seueur saur, rumaos parantos nguciwakeun nu janten sepuh.

Tring! aya pesen whatsapps. Langsung ngagorowok ka supir, “Mang Juma, ka katuhu ka Kampung Manglid”

Pun biang curinghak, tuang rama muncereng, “Lain rèk balik, kamana deui ieu tèh?”

“Nembè Nèng Nisa nga-WA, diantos ku ibu ramana ayeuna”

***

DISADA – fbs

Geuning disada waè…

Photo : Mic Karaokè gaul / doklang.

fbs : fiksimini basa sunda, sebuah karangan cerita fiksi sederhana dan pendek. Makaimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita.

***

DISADA

“Abaah… Abaah, gugah, èta soanten naon gandèng” Gorowok jikan ngaruntuhkeun impènan, hudang saharita. Rungah ringeuh, nèangan asal sora.

Lampu pangkèng dicetrèkeun, bray caang. Hapè tujuh ditempoan, pareum kabèh. Tapi sora aya kènèh, “Blutut on… blutut on” meuni tarik naker nepika saimah-imah hudang, barudak ngariung ogè jikan jeung rèncang.

Blutut on!”

Pèk tèh geuning tina mic karaokè gaul nu aya blututan. Teu antaparah deui, di pareuman. Jempè saharita.

Karèk gè rèk reup, mic disada deui, “Blutut on… blutut on”.

Haram jadah, ngaganggu waè ka Aing” langsung mic dicekèk, batrèna dipurak. Di teundeun misah di mèja ruang tamu, karèk jempling.

Alhamdulillah, Ayeuna bisa nuluykeun sarè.

Na atuh kakara rèk ngimpi deui, barudak ribut di kamar hareup. Teu loba carita, langsung kaluar. “Aya naon deui?”

“Itu….” Si cikal nunjuk kana mèja, kaciri mic jeung batrè ngagolèr misah. Tapi masih disada, “Blutut on…”

Ngarèrèt kana wèker gigireunna, jarum jam ngarangkep, jam 00.00 wib. Euh. (AKW).

ANGGER – fbs

Geuning angger waè….

Fikmin # ANGGER #

fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiksi singkat dalam bahasa sunda.

KACA NANGKUB, akwnulis.com. Isuk kènèh geus ngabosèh, meulah patalimarga muru hiji wewengkon nu jadi jugjugan balarèa.

Anjog ka tempat nu dijugjug, geus loba jelema nu marakè sapèdah. Ngahaja ngadeukeutan, ngaliwat lalaunan. Bener wè loba panon ningalikeun sapèdah Uing, maklum sapèdah mahal jieunan nagara èropah mèrkna BOSON.

Kitu ogè pas eureun, tuluy dilipet tujuh jadi sagedè dompèt. Dijingjing wèh. Nu narèmpo olohok mata simeuteun, aya ogè nu ngacay teu kuat nahan kahayang. Hatè bungangang, bagja pisan, kieu geuning boga sapèdah mahal.

Karasa hanaang, muru rèstoran nu sayagi kopi jeung roti. Karèk gè nepi ka deukeut panto, pagawè toko ngahulag, “Punten bapak, sapèdahna disimpen diluar”

Uing morongos asa teu dihargaan, “Manèh nyaho sabarahaan sapèdah ieu?… Makè wani-wani nyarèk?”

Pagawè cafè seuri, “Angger wè sapèdah, punten tunda diluar nya!”

Karasa nyeuit kana hatè, meuni teungteuingeun. Uing bedo meuli roti jeung kopi, tibatan dihina ku budak satepak. Sapèdah dijingjing ngajauhan, hanaang. (AKW).

***

Wilujeng Milangkala FBS ka-9

Geuning teu karaos ku nyèrèlèkna waos… eh waktos.

CIMOHAY, akwnulis.com. Teu karaos geuning waktos nyèrèlèk ngantunkeun kahoyong. Niat mah kadang kala mandeg mayong, tapi juragan waktos mah tuhu kana papastèn.

Ngiringan gabung di ieu kempelan, nyawitan mah utag atog. Alhamdulillah ku bimbingan pinisepuh miwah wadya balad kapi fikmin tiasa ngawitan kutrat kotret carita basa sunda, upami teu lepat mah ti 2011-2012.

Alhamdulillah ayeuna mah ngadamel fikmin tèh langkung lami, da geuning waktos nyerat sareng idèu tèh sok pasalia. Antukna fikmin teu janten, aral nu aya hè hè hè.

FBS masihan nuansa wawargian nu kumplit. Diajar ngamumulè basa indung kalaksana ogè nambih wargi nu langsung loma. Silih èlèd tur diajar teu nyeri hatèan, alhamdulillah janten bekel pikeun nyorang kahirupan.

Wilujeng Milangkala FBS ka-9, hatur nuhun ka pupuhu, palawargi kapi fikmin nu tos mikanyaah teu nganggo pamrih, masihan pairan pondok tapi nyogok atanapi gorowok nu matak olohok.

WILUJENG MILANGKALA FBS KA-9.

JAGA BUDAK – fbs

Tungtungna aya bongbolongan.

Tulisan singkat cerita fiksi berbahasa sunda : FBS, fiksimini basa sunda.

CIMOHAY, akwnulis.com. Katunduh geus salaput hulu, tinggal sareup reupeun. Tapi geuning budak mah kalah ka beuki cènghar, tengah peuting ngajak ulin. Geus diolo nyoo hapè kalahka ngagèlèhè, dicombo ku nongton pilem dina tivi kalahka beuki capètang bari noèlan pipi.

Hayang nyentak ngan paur sieun jadi matak, rèk diciwit bisi ngajerit. Komo dibekem mah, pimanaeun kolotna ngamuk, Uing diusir teu meunang dumuk.

Satèkah polah mikir meureut uteuk, susuganan aya ilapat mèh budak tèh tunduh tuluy sarè sakumaha ilaharna.

Jos!, bujur di tojos ku rokrak. Uing ngagurubug, budak badeur lumpat bari ngabarakatak.

Kasabaran bèak, langsung budak leutik tèh diudag. Gep leungeunna beunang, dirawèl awakna. Ngagedeblug duaan dina sisi panto dapur. Gogoakan.

Tonggèngkeun bujur nu tadi ditojos rokrak, beuteung sayaga langsung nambah tanaga, Bruuutt!!.. meuni pas pisan kana beungeutna.

Dadak sakala budak tèh bageur, nurut jeung jigrah. Teu loba pamènta tapi jadi singer jeung bageur. Tuluy ngolèsèd ka pangkèng, tunduh ceunah. Alhamdulillah. (AKW).

UCING BULU HIRIS – fbs

Dipelong ucing, aduuh….

Fikminsunda adalah sebuah genre penulisan cerita fiksi sangat singkat (maksimal 150 kata) berbahasa sunda, selamat menikmati.

UCING BULU HIRIS.

Keur anteng ngahuap, karasa dina juru panon mang Uca asa aya nu ningalikeun. Antepkeun wè ah, tuluy ngahuap deui, jongjon. “Ehm” sora ngadèhèm ngabarubahkeun rarasaan. Langsung ngalieuk ka tempat asalna sora.

Gebeg tèh, aya ucing bulu hiris keur melongkeun. Panonna burahay semu ngancem. “Bener kitu èta ucing nu ngadèhèm tadi?” Gerentesna dina jero hatè.

Hus hus kaditu!… leungeun kènca ngagupay, sina nyingkah.

Tapi ucing bulu hiris nagen, kalah ka molotot teu ngiceup.

Photo : Ucing ieu mung ilustrasi / doklang.

Ningali ucing begang ngangkrang, asa teu sopan. Langsung dideukeutan, suku katuhu ngahiuk rèk najong kekemplongna.

Can gè suku tepi, ucing tèh calangap bari ngagorowok, “Ulah galak kitu lur, pan sarua kalakuan urang tèh”

Suku nu rèk dipakè najong jadi heuras, kitu ogè sakujur awak teu bisa ojah. Olohok mata simeuteun ningali ucing ngomong.

Engkè deui ulah sok ngabudi aing, jujur wè kumaha ilaharna” Ucing bulu hiris mapatahan. Mang Uca tungkul, rumasa. (AKW).

CÈK LAB – fbs

Hoyong apal kondisi, mangga di cèk.

(Sebuah cerita fiksi singkat berbahasa sunda : fiksimini sunda – fbs)

BANUNG eh BANDUNG, akwnulis.com. Jam genep isuk-isuk geus ngajentul di laboratorium bari can barang hakan nanaon. Geuning geus loba jelema. Rèngsè daftar tuluy aya papagah ti petugasna bari dibagi nomer antri sèwang-sèwangan.

Kahiji diserot getih tina leungeun, kiih dina wadah plastik leutik bari ditungguan, pariksa thorak, beuteung diilo makè alat USG jeung dituluykeun lumpat dina treadmill bari direkam jajantung di lantèy hiji.

Pamariksaan phisik masih kudu dituluykeun di lantèy tilu, atuh beuki ripuh da kudu ngaliwatan tètècèan.

Nepa ka lantèy tilu hahéhoh, langsung dipanggil ku petugas, babarengan jeung kang Uca, sarua dipariksa.

Mangga, disiapkeun ieuna” ceuk petugas bari ngacungkeun curuk katuhu, leungeun kèncana nyekel pancapit keur ngukur saturasi oksigèn.

Uing rikat mikeun curuk leungeun katuhu, ari Kang Uca mah morosotkeun calana.

Ari bapa nanaonan èta diporosotkeun?” Petugas morongos.

Kang Uca baringung bari haruhah hahèhoh, tungkul bari nembalan, “Hampura nyi, sugan tèh ieu nu kudu di capit tèh.”

Petugas kèom, Kang Uca èra parada. (AKW).

TEU PIRA – fbs.

Mung jejedudan wungkul, tapi…

Photo : Sketsa menahan sakit / dokrpi.

Fikmin # TEU PIRA #

*)Sebuah tulisan fiksi berbahasa sunda, terinspirasi dari rasa sakit yang begitu menyiksa.

TEU PIRA (TIDAK SEBERAPA)

Teu pira da ngan saukur, tapi geuning geus karasa nyayautan mah teu bisa ditulung batur.

Teu pira kabeuki tèh ngaheumheum sangu, karasa amis disela huntu. Unggal poè nu aya di pawon ukur sangu jeung uyah beuleum. Teu ngarasula nampi kana qodarna, sawarèh di dahar sèsana dibaheum.

Teu pira tadi beurang aya kurubuk dina beuteung, pas inget boga kèrèwèd pamèrè juragan lebè. Buru-buru dibersihan, diteukteukan laleutik, digalokeun jeung cèngèk ogè sèsa uyah beuleum.

Teu pira dikosrang kosrèng nyieun sangu gorèng, seungit kacida matak bangir irung pèsèk. Pinikmateun geus aya dina tikoro, dahar ngeunah lain kokoro.

Teu pira, karèk gè tilu huap. Aya gajih kèrèwèd asup kana liang huntu nu geus lila mèlènģè. Jeduddd…… aduuuuh anjrit, baham calangap, panon cirambay.

Teu pira ukur nyeri huntu, tapi geuning bisa ngeureunkeun waktu, ngahuleng jiga bueuk dibabuk batu, geus teu kapikir deui nyatu, nu penting mah geura cageur teu judad jedud kawas gunung bitu. (AKW).

***