
FIKMIN # GAGADUHAN DI ARAB #
Kèsang morolok angen ratug tutunggulan. Dipayuneun urang arab nganggo seragam mencrong bari ngajagaan. Bandara Jeddah nu kedahna nyecep tiis ku AC, teu karaos sakedik-kedik acan. Alat hideung nu jiga kohkol mèbèr ngurilingan awak. ‘Tiit…. tiit… tiit” disada deui tarik pisan dina gagaduhan. Ieu nu ka opat kalina.
Petugas bandara katingali badami, rarayna kerung tur waspada. Koper nu dicandak dibukaan. “Milari naon atuh?” Gerentes dina hatè. Aya petugas nyaketan, ku basa isarat miwarang nuturkeun ka sapalih, ruangan interogasi. Dilebet ruangan aya duaan petugas istri.
“Ibu terang teu upami nyumputkeun narkoba dina gagaduhan teras tèh langsung di vonis hukum mati di arab mah” Soanten penerjemah halimpu. Beuki geumpeur, titingalian ranyay. Tapi da teu rumasa. “Naon narkoba tèh?”
“Punten badè ditingal heula, sok singsatkeun“
Baragadal dibuka, penerjemah sareng petugas kèom. Ningali panitih badag genep siki aya tilu nu tai hiangan. Dianggo ngagentos risleting lancingan jeans nu tadi subuh ngadadak reksak. Cag. (AKW).
****











