
FIKMIN # Bakating Ku Ambek #
Keur anteng numpak si Honda Win100 kameumeut bari ngawaas pemandangan nu hèjo ngemploh di wewengkon Cadas Pangeran.
“Tèooot…tèooot”, sora klakson beus ngagarewahkeun. Leungeun ngerèm saharita, sumawonna suku kènca katuhu. Antukna motor nyakali, awak kasurung ka hareup, nambru nyium aspal. Ambek nyedek minuhan dada, langsung hudang, clak kana motor, digas ngudag beus pikasebeleun.
Teuing pedah kajurung napsu, mawa motor kawas di udag jurig. Sulap selip kabeneran patalimarga rada ramè, kaciri beus anu tadi aya di hareup, kahalangan ku sababaraha mobil.
Disalipan deui wè mobil jeung motor nu aya.
Geus deukeut kana beus, siiutt… di salip, motor di palangkeun hareupeun, uing turun bari nulak cangkèng
Beus eureun saharita, supirna molotot, penumpangna ting karocèak
Teu antaparah deui, langsung diciduhan, ijid kacida
“Cuih… cuih.. cuiih…!”
Nu dina beus olohok, ningali nu ngajanteng lamokot ciduh sorangan, poho teu muka heula hèlm fullface. Cag. (AKW).