
FIKMIN # SÈNSOR #
Nyetir wanci sareupna saatos tadi ngalongok domba di wewengkon Cipunagara. Ujug – ujug èmut paguneman tadi.
“Ang saèna mah ngèndong. ènjing bada shubuh uihna, palaur”
Diwaler tatag, “Kalem Mang, meungpeung nganggo mobil jagjag”
Mang Ibro nu maro domba ngajentul.
Mobil Ioniq 6 lalaunan nebihan buruannana.
Ayeuna mobil nyaketan ka leuweung jati lebet jalur jalan nu beuki awon tur rumpil.
Tiit.. tiit.. tiit
Sensor mobil disada, ditingal dina dashboard sadayana beureum, boh dipayuneun mobil, kènca katuhu ogè dipengker. Tapi ditingali payuneun mah lowong ukur tangkal jati ngajajar.
“Paling gè sènsor èror” kitu gerentes hatè.

Tiit… tiiit.. tiit
Sajorelat katingali dina dasboard panto kènca teu pageuh. Tapi teu lami sènsor panto normal deui.
Ningali deui ka payun, jalan angger sapertos nu tadi. Asa lami pisan dugi ka jalan ageung, biasana mah 15 menitan.
Sabot hemeng kana kaayaan, gigireun aya sora. “Sabar Sarjang keudeung deui” Uing ngalieuk. Brèh tèh nu nyèrèngèh makè boèh. Cag. (AKW).