SENSOR – fbs

Ningal sènsor dina dashboard mobil kucap kiceup.

Sènsor panto muka / istimewa.

FIKMIN # SÈNSOR #

Nyetir wanci sareupna saatos tadi ngalongok domba di wewengkon Cipunagara. Ujug – ujug èmut paguneman tadi.

Ang saèna mah ngèndong. ènjing bada shubuh uihna,  palaur”
Diwaler tatag, “Kalem Mang, meungpeung nganggo mobil jagjag”
Mang Ibro nu maro domba ngajentul.

Mobil Ioniq 6 lalaunan nebihan buruannana.

Ayeuna mobil nyaketan ka leuweung jati lebet jalur jalan nu beuki awon tur rumpil.

Tiit.. tiit.. tiit
Sensor mobil disada, ditingal dina dashboard sadayana beureum,  boh dipayuneun mobil, kènca katuhu ogè dipengker. Tapi ditingali payuneun mah lowong ukur tangkal jati ngajajar.

Paling gè sènsor èror” kitu gerentes hatè.

Tiit… tiiit.. tiit
Sajorelat katingali dina dasboard panto kènca teu pageuh. Tapi teu lami sènsor panto normal deui.

Ningali deui ka payun, jalan angger sapertos nu tadi. Asa lami pisan dugi ka jalan ageung, biasana mah 15 menitan.

Sabot hemeng kana kaayaan, gigireun aya sora. “Sabar Sarjang keudeung deui”  Uing ngalieuk. Brèh tèh nu nyèrèngèh makè boèh. Cag. (AKW).

SAHA NAMINA? – fbs

Siapa yang tahu namanya? neda dibantos.

Fikmin #Saha Namina?#

Tos badè sabelas sasih sasarengan sareng anjeuna, tepang munggaran di masjid Arrahman wanci bada shalat magrib. Ngawitanna mah biasa wè nepangkeun margi ngalih padumukan ka ieu wewengkon. Jalmina bageur tur akuan, janten teu asa ka nu sanelès, ènggal akrabna.

Jadwal netepan lima waktu aya waè, shubuh magrib isya tara kalangkung. Upami asyar sareng lohor mah da sami – sami kuli di luar wewengkon. Iwal dinten libur, sok aya siang ka sonten di masjid. Pangaosan bapak – bapak aya pangpayunna, dina tadarusan, ngaosna saè.

Mung unggal dipiwarang janten imam, alimeun. Boh shubuh atanapi lohor asyar. Mugen wè. Kalebet daptar imam harian ogè alim. “Keun abdi mah ngama’mum waè” kitu waleranna tèh. Ti ngawitan tepang teu apal nami aslina. Tatanggi ogè sumawonna.

Alhamdulillah kapanasaran tèh kacumponan, dina mangsana Si Abang nyungkeun bantosan ngalereskeun perpanjangan KTPna sareng Kartu Keluarga. Apal ayeuna mah namina, tur alesan alim janten imam shalat tèa. (AKW).

***

Namina dina KTP : Bapak JAMAAH.