
FIKMIN # DI BURUAN #
“Bapak punten widi badè ka Solo heula ngalongok pun anak, kaleresan tugas jagi posko di Semarang nuju off”
“Sok atuh, kadè uihna ulah telat”
“Hatur nuhun”
Biur nyetiran ambulan di baturan si Jae. “Sugan wè aya tol goib nya, jadi bisa sakilat nepi ka Solo tèh”
“Tong saomong-omongna Mang, Pamali” Jae mairan.
Uing tonggoy nyupiran nempo jalan. MImiti asup kana gerbang tol tapi asa cakueum. Asa jempling. Gas ditincak, mobil ngagaur tapi teu narikan. Diangkat gas tèh, angger mobil ngoloyong.
“Jaè asa keueung nya” Uing ngomong bari ngalieuk ka manèhna. Gebeg tèh, beungeutna pias mencrong kosong, teu ngceup. Bulu bitis nepika bulu kumuut muriding “Naha bet kieu”
Inget kana ajaran Mama AjenganTonjong, lafalkeun ayat kursi, “Allohulailaha illa huwal hayyul qoyumm….”
Burinyay,. Bray jalan caang hareupeun. Tapi lain jalan tol nu ka Solo. Tapi keur ngajengjen parkir di buruan Lawang Sewu Semarang. Cag.