IHTIAR – fbs

Sugan tèh enya…

FIKMIN # IHTIAR #

Ngahuleng dina golodog bari ningalikeun nu ngaliwat. Sakapeung unggeuk mun aya nu uluk salam, tapi sok olohok ogè dina mangsana nu ngaliwat jiga hayam. Teu jadi ambek atawa kumaha, keun waè di ridokeun. Boa teu uluk salam tèh da teu ningali uing nu keur cinutrung.

Diuk di golodog tèh lain saukur keur ngabangbrangkeun rasa tapi justru dina jero hatè keur wirid nguatkeun du’a. Aya kahayang, aya pamaksadan. Ieu imah nu boga sagala carita, harita dina mangsana mitembeyan kahirupan rumah tangga jeung si jenat, rèk dijual.

Sugan wè bisa jadi rejeki duit nu leuwih barokah. Sanajan dina nyatana keur hèsè ayeuna mah, tapi tarèkah kudu tuluy diihtiaran bari teu poho, ngadu’a ka Allah nu Maha Kawasa.

Sabot melong kosong ka jalan nu geus suwung patalimarga. Reg tèh aya mobil boks eureun. Gebeg, asa kagareuwahkeun.

Ua punten nyanggakeun pakèt kanggè Uwa istri” gorowok supirna.

Can gè ngajawab, geus kareungeu nu lalumpatan ti jero imah. “Alhamdulillah pakèt tos darugi, nuhun Aa”

Jikan jeung maruna marahmay, bari  muru pakèt sèwang – sèwangan. (AKW).