
FIKMIN # MUNFARID #
Rurusuhan muru imah dines camat, bisi kaburu adzan isya. Ucul – ucul sapatu, muru ka jamban, wudhu. Ngagelar sajadah tengah imah nu molongpong euweuh korsi meja. Ukur karpèt we keur nutupan ubin, lumayan teu tiis teuing. Maklum karek dicicingan da saacanna kosong.
Kusabab karasa simpe, sanajan munfarid gè maca surat alfatihah tèh ditarikkeun. Pipikiran tèh sugan wè aya anggota satpol pp atawa anggota koramil nu rèk solat jamaahan. Panto hareup muka, jadi nu ngaliwat bisa langsung ningali nu keur solat.
Rokaat kahiji simpe, tah pas rokaat kadua mah alhamdulillah rèang nu nyebat “Aamin.”
Reugreug aya nu ngamakmum. Sigana barudak satpol nu pariket. Bacaan surat bada Alfatihah mah dipanjangkeun, Wadduha lagam bayati.
Tah rèngsè attahiyat ahir dipungkas ku maca salam bari ngalieuk ka katuhu terus ka kènca, teu hilap ngusap beungeut sorangan. Pas malik ka tukang, rèk ningali saha nu ngamakmum, olohok.
Ditukangeun kosong molongpong, ukur sora angin peuting nu ngahiliwir. (AKW).