
FIKMIN # MENCRONG #
Reup. Listrik di kamar hotèl pareum. Uing ngagebeg. Sanajan 5 detik tuluy hurung deui. Tapi matak ngarènjag jeung ngaleungitkeun katunduh. Padahal bieu tèh geus mimiti nundutan sanajan panon masih maksakeun mencrong kana tipi.
“Ah meureun listrikna aliran, tuluy diganti ku gènsèt” kitu nu kabayang dina uteuk tèh. Ngaranna gè di hotèl.
Reup deui, 5 detik tuluy hurung deui. Tah mimiti rarasaan teu ngeunah. Sabab pas keur pareum tèh asa aya nu mencrong ti jamban. Kabeneran pantona teu ditutup, katempo tina eunteung.
“Ah titingalieun èta mah” Uing leumpang muru jamban, ditingali euweuh nanaon. Panto jambanna ditutupkeun. Balik deui kana ranjang.

Anteng deui wè nongton tipi, tapi rarasaan masih teu ngeunah. Babacaan sabisa-bisa, mèh hatè teu cus cos kaditu kadieu.
Reup, pareum deui, rada lila. Aya kana 15 detik mah. Diluar jempling jiga gaang katincak. Simpè.
Teu loba carita nangkarak waè dina ranjang lalaunan, ngahèrang. Pèk tèh geuning diluhureun, ucang-ucangan. (AKW).
halah naon?
LikeLiked by 1 person
Ètaeun bu…
LikeLike
Hihih….kabagang untungna teh teu ngiringan ngedeng nangkarak dina kasur😄
LikeLike
hadeuhhhh eta nu ucang-ucangan,boa…..
LikeLiked by 1 person
Boa taeun pih… tapi wios wè da salajengna mah… ngagoler tibra…
LikeLike
Eta teh pengalaman asli atanapi carita piksi kang?
LikeLiked by 1 person
Idena tangtos kajantenan asli, namung akhirna mah fiksi atuh…
LikeLike