
FIKMIN # NUTURKEUN IMUT #
Imut ngagelenyu mojang geulis camperenik dina angkot hèjo katingal ècès pisan. Kaleresan calikna dina jok pengker napel kana kaca mobil. Ngagas mio diatur supados posisi tetep pengkereun angkot. Nu imut beuki ngirut, matak ratug kana jajantung.
Citt!!!
Angkot ngerèm ngadadak, aya nini – nini meuntas.
Mio teu kabujeng ngerèm, nubruk bèmper beusi angkot satakerna. Jedak!!! Karaos awak ngapung, poèk wèh.
***
Pas soca lalaunan muka, geuning imut nu ngagelenyu tèh aya payuneun. Meuni atoh geuning aya Neng geulis nu imut tadi. Dina acukna aya sulaman, seratanna STIKES Harapan Rasa. Tapi awak asa pasiksak sareng pareurih. Utamina dina panangan katuhu sareng cangkèng kenca, nyanyautan pisan.

“Aa sing kiat nya, sakedap deui kulawargi Aa kadieu. Kanggè masihan pernyataan ngadukung tindakan operasi”.
Curinghak, “Naha Opèrasi?”
Nèng geulis ngusapan, “Sing sabar ya Aa”
Lalaunan ningali kana sampèan. Gebeg tèh, les kapiuhan. (AKW).