
FIKMIN # NANGKARAK #
“Punten Aa, widi badè nyauran rèrèncangan abdi waè. Teu acan hurung geuning water hiterna” Soantenna dareuda bari tungkul. Pananganna sibuk ngusapan tarangna nu masih rentul ku kèsang.
Teg, rasa keuheul tos nyelek muru kana baham. Hoyong dibudalkeun margi kuciwa kana hasil padamelanna. Kajabi ieu tèh tos lami, tos ngagaleuh alatna sanaos teu acan digentosan. Tapi dina hatè langsung istigfar, heup ulah aya cariosan nu teu merenah.
Matak kitu ogè panginten salah sawios buktos tanggel waler kana padamelannana sanaos teu acan tiasa ngabèrèskeun masalah nu aya. Katawisna kedah sabar sadayana.

Saatos tiasa mèpèr kakeuheul mah, lalaunan ngarènghap panjang. “Muhun atuh dijadwalkeun waè.” Waleran pondok nu mungkas carita. Tukang rèparasi amitan.
Sabot ka dapur, rèncang nyarios, “Bapa punten kamari tèh nu ngalereskeun pemanas cai geubis ngajungkel tina korsi, nangkarak bengkang caket tangkal wijaya kusumah.“
Samentawis olohok, boa tadi tèh masih tatu tapi maksakeun. Kabayang nu bayuhyuh ngabebengkang. (AKW).