
FIKMIN # NANGTUNG #
Sabot leungeun katuhu napel dina tarang, panon mencrong lempeng ka hareup. Dina jero saku kènca, saku nu hareup hapè ngageter, sigana aya nu nelepon.
“Tegak grak!” Sora komandan upacara nitah nurunkeun posisi hormat. Leungeun turun kana posisi nangtung istirahat.
Geus kitu, ngalèngkah saetik ka hareup ngadeukeutan mic. Rèk biantara dina raraga upacara. Mimitina bubuka jeung puji syukur ka Gusti nu murbeng alam.
Pas asup kana tèma upacara, hapè dina calana ngageter deui. Atuh konsèntrasi ruksak, sabab geterna hapè tèh meuni pas pisan kana tarang baga. Mimitina biasa ngan lila-lila asa ngeunaheun, aya nu hudang.
Ngomong geus pabeulit, antara gètèk jeung ngabahas integritas. Tapi kudu ditahan nepika upacarana lekasan. Samenit asa sataun, kèsang nyurulung tandaning bingung.
Bèrès upacara gura – giru balik kanan, perwira upacara nyambut baru laporan. Uing ngajawab hormatna tuluy rurusuhan ngalèos ka jero kantor. Di jamban kantor karèk bisa nenangkeun manèh, sanajan nu ieu mah nangtung kènéh. (AKW).