
FIKMIN # SANÈS KITU #
Gempungan pasosonten, Jang Ulis kerung macoco kana layar lèptop, ramona mencètan kibod pikeun nyatet sagala rupi kecap nu kadangu. Ki Lurah nu janten pupuhu gempungan katingal rada teu raos manah. Sagala rupi didugikeun anapon nu sanès padamelan.
Rèngrèngan Kadus nu tadina ngadugikeun pamendakna ngadadak rèpèh. Sapalih tungkul margi biantara Ki Lurah asa sanès ngabahas bagbagan pasualan dèsa. Tapi langkung seueur urusan pribadi nu langkung paos dibadantenkeun diluar gempungan ieu.
Ulis mah teu seueur saur, teras wè ngetik dina lèptop. Tring! Aya WA lebet, dirèrèt geuning ti bojona, “Akang nuju naon?’
Ulis teu wantun nyepeng hapè margi nuju gempungan, bilih diseuseulan pupuhu. Tapi teu ngawaler WA bojo ogè tiasa janten masalah ageung. Dicobi dina lèptop ngangge WA wèb, ‘Hapunten nuju gempungan, geulis’
Teu lami, Ki Lurah lirèn cumarios. Hadirin nahan rènghap. Ki lurah ningal ka katuhu, melong raray Ulis bari ngiceupan, “Nembè nga WA?”
Ulis ngembang kadu.
