
CIMAHI, akwnulis.com. Semilir udara pagi memberi sebuah semangat untuk kembali menulis lagi, apalagi ada ide yang senantiasa menari untuk segera dibumikan dalam tulisan ringan namun bisa menghadirkan sebuah senyuman. I hope like that.
Idenya berasal dari iseng dalam mempersingkat kalimat atau kumpulan kata menjadi lebih pendek dan mudah dihafal serta diingat. Meskipun terkadang memberikan persepsi yang berbeda atau malah jauh dari arti yang sebenarnya.
Ide ini berkaitan dengan nama – nama aplikasi yang hadir atas nama sebuah inovasi. Padahal tidak harus semua inovasi itu palikasi eh aplikasi, tetapi inovasi bisa hadir juga dalam bentuk aksi atau gerakan yang masif dan membumi. Tentu aplikasi perlu dalam rangka akselerasi, tetapi kesepahaman aksi menjadi strategi agar selaras antara gerakan dan pemahaman semua level dengan aplikasi yang tersaji. Dijamin sinergi ini akan berkelanjutan dan abadi.
Maka penulis mencoba menuangkan ide ini lagi – lagi dalam bahasa daerah yaitu bahasa sunda dengan kerangka fiksimini berbahasa sunda. Tentu singkatan sebuah aplikasinyapun berbahasa sunda.
Silahkan…
FIKMIN # GEUNJLEUNG#
Ba’da magrib rèngrèngan inohong parantos caralik dina korsi sèwang-sèwangan, ngaranggè acuk batik panjang sakumaha diserat dina uleman nu disebarkeun 3 dinten kapengker. Pupuhu yayasan ti kabupatèn kota sa jawa barat banten haladir disarengan punakawanna.

Mung nu rada ahèng di lebet rohangan acara, ageung wangunanna ogè tuangeun ngaleuya. Tapi sawaktos-waktos asa kaambeu bau menyan pacampur hangru. Ah babacaan wè satiasa-tiasa.
Dina waktosna acara dikawitan, asa teu sapagodos ningal MC nganggo raksukan drakula. “Naha kieu acara tèh?”
Tapi nu hadir teu tiasa kumaha, mung ngawitan rada geumpeur baca panto lebet nu tohaga ditutup tur dijagi ku para badèga nganggè raksukan prajurit jaman baheula. Padahal dina uleman mah badè gempungan akbar kanggè kamajengan yayasan.
Reup… lampu rohangan pareum. Jempling saharita.
Tapi teu lami payuneun panggung aya cahaya, ngawitan teu jelas, lalaunan nyaangan.
Gebeg!
“Aaaaaaaah…” Soanten ibu-ibu nu calik dipayun, reuwas. Teras kapuihan.
Dina panggung ngaradeg inohong yayasan sa jabar banten tingawitan pupuhu, girang serat ogè badèga nganggè acuk bodas kalotor, rambut rewig panjang soca burahay. Pikasieuneun.
“Kalawan nyebat Asma Alloh, Aplikasi Yayasan ngangge Akuntansi tur teknologi informasi disingket AYA KUNTI, resmi diterapkeun”
Tok tok tok!
Bray lampu caang baranang, musik disada tarik pisan. Nu kapiuhan garugah, jigrah teras nyarandakan tuangeun nu ngalayah.
***
Demikianlah celoteh kata di pagi buta, melengkapi tulisan terdahulu yang dipastikan memiliki makna. Have a nice weekend guys. Wassalam (AKW).
***
Hadeuuh……maca bari ratug jajantung …..sieun..tapi panasaran…hayang nepi.katamatna ..ieu carita …Aya Kunti …..teh kumaha ….
ari pek teh…Beu..
Boro seriuus ..
Ah…Kang Andri….aya ku lucu ku.pinter…ngarreueuwass…
LikeLiked by 1 person
Kupanasaran judulna, ai pok teh geuning “AYA KUNTI” Singkatan tinu Aplikasi. Sukses pak 👍🏾🙏🏽
LikeLiked by 1 person