RURUSUHAN – fbs

Teu sami sareng sangkian.

FIKMIN # RURUSUHAN #

Matapoè nembè meletèk waktos juragan gugupay bangun nu sono. Teu nolih kènca katuhu langsung lumpat nepangan, teu sirikna notog-notogkeun maneh. Haruhah harèhoh pas dugi payuneunnana.

Aya pikersaeun naon Agan?

Sanès waleran tina pertarosan nu katingal tina lambeyna, tapi burahay soca sareng tulang raray nu katingal nahan kaambek. Sakedap mah ngaheneng, bilih lepat laku lampah.

Panangan ngeupeul tipepereket, duana. Tapi teu aya soanten nanaon. Jempling, aya ogè sakedik soanten hiliwir angin nu ngalangkung teu tangtos nu dijugjugna.

Papayun-payun tapi teu aya soanten nanaon, katingali rarayna sepa. Soca moncorong beureum teu ngiceup – ngiceup acan.

Punten Gan, punten” Soanten rada ditarikan. Mamanawian kadangueun. Tapi geuning angger dunungan ngabigeu. Raraosan asa ngawitan teu puguh. Dicobi mapatkeun ayat kursi sareng patihah.

Burinyay.. peureum saharita. Pas beunta teu aya sasaha. Ukur aya lamak beureum napel dina sisi tembok. Baseuh tur bau hangru. Diluhur matapoè tungkul, dareuda. (AKW).

Unknown's avatar

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a comment